Zakat

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Sahadat, atawa panyaksén kaislaman
Artikel ieu salasahiji tina séri
Islam
Istilah-istilah Islam
Rukun Islam
Sahadat
SolatSaum
ZakatHaji
Kota Penting
MekahMadinah
YerusalemKufah
Kajadian
HijrahKalénder IslamIdul Fitri
Idul AdhaMaulid
Wangunan
MasjidMunara
MihrobKa'bah
Arsitéktur Islam
Rujukan Ajaran
Qur'anHaditsSunnah
FiqihFatwaSyari'ah
Madhab
Hanafi, Hambali, Maliki, Syafi'i

Zakat (Pajeg dina Islam) nyaeta rukun Islam nu katilu. Sacara harpiah Zakat hartina "tuwuh", "mekar", "nyucikeun" atawa "ngaberesihan". Sedengkeun sacara terminologi syari'ah, zakat nujul kana aktivitas mere sabagean tina harta nu jumlah jeung itungananan tinangtu keur jalma nu geus ditangtukeun.

Hukum Zakat[édit | sunting sumber]

Zakat mangrupakeun salasahiji rukun Islam, sarta jadi salasahiji poko jeur ngadegna sareat Islam. Ku sabab eta, zakat hukumna wajib (fardu) keur unggal muslim nu geus mibanda sarat-saratna. Zakat kaasup kana kategori ibadah (saperti solat, haji, jeung puasa) nu geus diatur sacara rinci jeung paten dumasar Al-Qur'an jeung As Sunnah, sakaligus mangrupakeun amal sosial kamasarakatan jeung kamanusaan nu bisa mekar loyog jeung kamekaran umat manusa.

Macem-Macem Zakat[édit | sunting sumber]

Red right arrow.svg
 Artikel utama: Zakat Fitrah jeung Zakat Maal.

Zakat kabagi dua nyaéta:

  • Zakat Fitrah, zakat nu wajib dikaluarkeun ku Muslim nalika arék Idul Fitri dina bulan Romadon. Gedéna zakat ieu kurang leuwih 2,176 kilogram dahareun poko nu aya di wewengkon éta.
  • Zakat Maal (Zakat Harta), ngawengku hasil dagang, tatanén, pertambangan, hasil laut, hasil ingon-ingon, harta panimu, emas jeung pérak sarta hasil gawé (profési). Masing-masing tipeu miboga itunganana sorangan.

Nu boga hak narima[édit | sunting sumber]

  • Fakir - nu ampir teu boga nanaon sahingga henteu mampuh nyukupan kabutuhan poko hirupna.
  • Miskin - nu mibanda harta tapi henteu nyukupan kabutuhan dasar keur hirupna.
  • Amil - nu ngumpulkeun jeung ngabagikeun zakat.
  • Muallaf - nu kakara asup Islam jeung butuh bantuan keur ngaloyogkeun manéh jeung kaayaanana nu anyar.
  • Hamba Sahaya nu hayang ngamerdékakeun dirina
  • Gharimin - nu loba hutang keur kabutuhan hirupna nu halal, tapi tu sanggup mayaranana
  • Fisabilillah - nu berjuang di jalan Allah (misalna: Da'wah, Perang jsb)
  • Ibnu Sabil - nu béakeun béya dina perjalanan.

Hikmah Zakat[édit | sunting sumber]

Hikmah tina zakat diantarana:

  1. Ngurangan kasenjangan sosial diantara nu beunghr jeung nu miskin.
  2. Pilar amal jama'i antara nu beunghar jeung para mujahid sarta da'i nu bajoang jeung da'wah dina raraga ngaluhurkeun kalimah Allah SWT.
  3. Ngaberesihan jeung ngikis ahlak goreng.
  4. Alat pikeun ngaberesihan harta jeung pangjaga tina katamakan jalma nu jahat.
  5. Ungkapan rasa sukur kana ni'mat nu dipaparin ku Allah SWT.
  6. Keur ngamekarkeun potensi ummat
  7. Pangrojong moral ka jalma nu kakara asup Islam.
  8. Nambah pendapatan nagara pikeun proyek-proyek nu berguna keur ummat.

Zakat dina Al Qur'an[édit | sunting sumber]

  • QS (2:43) ("Jeung geura aradegkeun sholat, kaluarkeun zakat sarta geura ruku' babarengan jeung nu raruku'".)
  • QS (9:35) (dina poé dipanaskeun emas pérak éta dina naraka jahannam, tuluy dibeuleum tarang maranéhanana ku emas pérak éta, jero beuteung sarta tonggong maranéhanana (tuluy disebutkeun) ka maranéhanana: "Ieu pisan rajakaya anjeun anu manéh simpen pikeun diri anjeun sorangan, mangka rasakeun ayeuna (alatan ti) naon anu manéh simpen éta.")
  • QS (6: 141) Sarta Mantenna anu ngajadikeun kebon-kebon anu ngajungjung sarta anu henteu ngajungjung, tangkal korma, tutuwuhan anu rupa-rupa buahna, zaitun sarta dalima anu sarupa (wangun sarta warnana) sarta henteu sarua (asana). Pék dahar ti buahna (anu rupa-rupa éta) lamun baruahan, sarta bayarkeun hakna dina poé metik hasilna (kalawan disidkahkeun ka fakir miskin); sarta ulah manéh kaleuleuwihi. Saéstuna Alloh henteu mikaresep jelema anu kaleuleuwihi).