Filologi

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi

Filologi asalna tina basa Yunani philein, nu hartina "cinta" jeung logos, "kecap". Filologi mangrupa élmu nu ngaguar ngeunaan naskah-naskah (manuskrip), ilaharna tina jaman buhun. Istilah Philologia mimiti dipaké kira-kira abad ka-3 SM ku sawatara ahli ti Iskandariyah. Dipaké pikeun nyebut kaahlian anu diperlukeun pikeun ngulik tinggalan tinulis nu asalna ti mangsa ratusan taun saméméhna. Ahli ti Iskandariyah nu mimiti nuliskeun ‘filologi’ téh nyaéta Eratosthenes.

Téks anu nyangkaruk dina naskah utamana asalna tina périodeu anu geus lila, ilaharna hésé kahartina, boh alatan basana, boh tina sabab salin-sinalin anu mindeng anu ngabalukarkeun téks beuki mindeng ngamuat kasalahan nu dihaja atawa henteu tina éta prosés.

Dina periodeu awal ulikanana, filologi leuwih neueul kana ulikan jeung panalungtikan téks Injil, boh Injil perjanjian lama boh perjanjian baru. Tapi, alatan dianggap hasil dina ngungkulan masalah nyalusur naskah asli tina ragemna turunan téks, ku kituna ambahan ulikanna beuki ngalegaan, henteu ngan semet kana téks-téks kaagamaan, tapi ogé kana sakur téks heubeul naon baé.

Jalma anu ngulik atawa boga kaahlian husus dina filologi disebut filolog. Pancénna anu utama nyaéta nalungtik ngeunaan naskah-naskah éta, nyieun laporan ngeunaan kaayaan naskah anu ditalungtikna, sarta nyieun édisi naskah anu bisa kabaca ku balaréa.

Sarjana-sarjana Indonésia anu jadi panaratas dina filologi antarana Huséin Jayadiningrat, Prof.Dr.R.M.Ng. Poerbatjaraka. Sarjana-sarjana Sunda anu jadi panaratas filologi antarana: Saléh Danasasmita, Édi S. Ékajati, Atja, jsté.