Hendrik Antoon Lorentz

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Hendrik Lorentz

Hendrik Antoon Lorentz (1853-1928) nyaéa fisikawan Walanda anu meunang panglélér Nobel dina widan fisika bareng jeung Pieter Zeeman dina taun 1902.[1]

Lahir di Arnhem, Walanda.[1] Anjeunna diajar di universitas Leiden.[1] Dina umur 19 taun anjeunna balik deui ka Arnhem jeung ngajar di salah sahiji SMA.[1] Sabari ngajar, anjeunna nyiapkeun tésis doctoral anu ngalegaan téori James Clerk Maxxwell ngeunaan éléktromagnét nu ngawengku wincikan tina pemantulan jeung pembiasan cahaya.[1]

Dina taun 1878 anjeunna jadi uru besar fisika téoritis di Leiden anu mangrupa tempat digawéna nu munggaran.[1] Ajeunna hirup di dinya salila 34 taun, tuluy pidah ka Haarlem.[1] Lorentz nuluykun pagawéanana pikeun ngabasajankeun téori Maxwell jeung ngawanohkeun gagasan yén médan éléktromagnétik téh disababkeun ku muatan listrik dina tingkat atom.[1] Anjeunna ngébréhkeun yén mancarna cahaya ku atom jeung rupa-rupa gejala optic bisa diruntut kana gerak jeung interaksi atom.[1]

Lorentz ogé nyieun kontribusi anu gedé pikeun nalungtik fénoména banda nu gerak.[2] Dina hiji risalah anu lega dina ngajelaskeun kasalahan jeung masalah-masalah anu muncul di sagédéngeun éta, anjeunna nuturkeun hipotésis AJ Frensel ngeunaan ayana éter teu gerak, anu sacara bébas nembus sakumna awak.[2] Éta asumsi téh ngawangun wangun dasar tina hiji téori umum ngeunaan fénoména listrik jeung optik awak gerak.[2]

Sumber[édit | sunting sumber]

  1. a b c d e f g h i (id)Hendrik Antoon Lorentz (diakses tanggal 14 November 2011)
  2. a b c (en)[http://www.nobelprize.org/nobel_prizes/physics/laureates/1902/lorentz-bio.html The Nobel Prize in Physics 1902 Hendrik A. Lorentz, Pieter Zeeman] (diakses tanggal 14 November 2011)
Nulis.jpg