Hiu
| Hiu Temporal range: Devonian awal – Baru-baru ini |
|
|---|---|
| Hiu samudra berujung putih, Carcharhinus longimanus | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Kingdom: | Animalia |
| Phylum: | Chordata |
| Subphylum: | Vertebrata |
| Class: | Chondrichthyes |
| Subclass: | Elasmobranchii |
| Superorder: | Selachimorpha |
| Ordo | |
|
Carcharhiniformes |
|
Hiu mangrupa lauk laut anu ka asup panggedéna, potonganana biasa sok disebut ogé cucut.[1] Hiu loba rupana jeung loba ngarana, aya anu ngendog jeung aya anu ngajuru, gedéna hiu teu sarua jeung paus, paling panjangna ngan nepi ka 13 méter, sungutna aya di handapeun hulu dina tonggongna aya sapasang cécépét, jeung lamun sisit diusap ti hulu ka buntut lésang, tapi sabalikna lamun diusapna ti buntut ka hulu karasa saperti ngusap parud, lantaran éta kulit nu garing sok dipaké hampelas.[1]. Hiu atawa cucut ka asup sakelompok (superordo Selachimorpha) lauk anu karang tulang rawan anu lengkep jeung awakna anu ipis.[2] Hiu napasna ku lima liang ingsang (sakapeung mah genep atawa tujuh, gumantung kana spesiesna) di gigir, atawa dimimiti saeutik di bagian tukang, jeung huluna.[2] Hiu miboga awak anu awakna dibuntel ku kulit dermal denticles pikeun nutupan kulit tina karusakan tina parasit, jeung pikeun nambahan dinamika cai.[2] Hiu miboga sababaraha huntu anu bisa diganti.[2] Hiu ka asup spesies anu ukuranan gedé saperti dampal leungeun hiu pigmi.[2] Euprotomicrus bispinatus, mangrupa spesies ti laut jero anu panjangna 22 cm.[2] Lauk paus atawa Rhincodon typus kagolong lauk pang gedéna anu bisa ngagedéan nepi ka 12 méter, Lauk anu mirip jiga paus daharna ngan plankton ngaliwatan alat panyaring di bahamna.[2] Hiu banténg atawa Carcharhinus leucas, nya éta paling kasohor tina sababaraha spesies anu renang dina cai laut atawa cai biasa (jinis ieu kapanggihna di Danau Nikaragua, di Amérika Tengah).[2]
Ciri-ciri pisik [édit]
- Karangka
Kerangka hiu béda dibandingkeun jeung lauk-lauk anu miboga tulang saperti lauk kod, ku sabab tulangna tina tulang ngora, anu hampang jeung leuleus, sanajan tulang ngora ieu di lauk-lauk hiu mah leuwih kolot sakapeung mah bisa mengapur, nepi ka bisa jadi heuras saperti tulang.[3] Rahang hiu loba rupana jeung ceuk sahaol mah geus revolusi tina rongga ingsang anu munggran.[3] Rahang ieu teu napel dina cranium jeung miboga asupan mineral panambah anu méré kakuatan leuwih gedé.[3] Ilaharna hiu lila gedéna lantaran séksualna saeutik ngabalukarkeun saeutik katurunana dibandingkeun jeung lauk-lauk anu dipanén.[3] Ku sabab kitu hiu kagolong sato anu langka.[3]