Intip bumi
Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Intip bumi nyaéta lapisan Bumi pangluarna nu kabagi jadi dua kategori, nyaéta intip samudra jeung intip buana. Intip samudra kandelna kurang leuwih 5-10 km sedengkeun intip buana kandelna kurang leuwih 20-70 km.
Unsur-unsur kimia utama pangwangun intip bumi nyaéta: Oksigén (O) (46,6%), Silikon (Si) (27,7%), Aluminium (Al) (8,1%), Beusi (Fe) (5,0%), Kalsium (Ca) (3,6%), Natrium (Na) (2,8%), Kalium (K) (2,6%), Magnésium (Mg) (2,1%).
Intip bumi sarta sabagean mantel bumi ngawangun lapisan litosfér nu kandel totalna kurang leuwih 80 km.
Para ahli bisa ngarekonstruksi lapisan-lapisan nu aya di sahandapeun pabbeungeutan bumi dumasar kana analisis nu dilakukeun kana séismogram nu dirékam ku stasiun pangcatet lini nu aya di sakuliah dunya.
| Artikel ngeunaan géologi ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |