Julang ngapak

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Julang ngapak mangrupa salah sahiji wangun suhunan imah has Sunda, dina basa Indonésia mah Julang Ngapak téh miboga harti manuk anu keur hiber ku jangjangna.[1] Julang téh hartina manuk jeung ngapak téh hartina hiber ku jangjangna.[1] Imah adat ieu téh diaranan Julang Ngapak sabab rarancang suhunan imahna mirip jeung manuk anu keur hiber.[1] Suhunan anu wanguna téh lébar di unggal sisina, jeung diluhurna téh jiga hurup "V" anu antukna wanguna téh katémbong jiga manuk anu keur hiber.[2] Ciri lian tina imah adat Julang Ngapak nyaéta dina suhunan anu pangluhurna aya cagak gunting atawa disebut capit hurang. Fungsi tina cagak gunting nyaéta salaku tarékah pikeun nyingkahan cai hujan asup ka imah. Imah anu boga suhunan Julang ngapak loba katingali di daérah Tasikmalaya.[2] Kampung-kampung adat saperti kampung Dukuh, kampung Naga, Kuningan, jeung tempat-tempat liana nu aya di Jawa Barat.[3] Salian ti éta imah Adat Julang ngapak ogé digunakeun di sababaraha wangunan kampus kawentar di Indonésia. Salah sahiji kampusna nyaéta kampus ITB (Institut Teknologi Bandung).[2] Imah Julang ngapak sarua jeung imah-imah adat Sunda séjéna nyaéta wangun imahna panggung jeung aya kolong anu miboga fungsi pikeun nyingkahan banjir atawa gempa bumi, atawa bisa dipaké jang kandang sasatoan saperti embé, sapi, hayam, atawa bisa ogé dipaké jang nyimpen pakakas-pakakas paranti ka kebon atawa ka sawah.[4]

Filosofi[édit | édit sumber]

Masarakat Sunda hirup henteu leupas tina ajén-ajén filosofis, kitu ogé aspék arsitéktur, moal jauh tina ajén-ajén ieu.[5] Ajén-ajén filosofis anu nyangkaruk dina wangunan imah adat Sunda nyaéta:

1. Imah Adat wangun panggung, miboga filosofi yén manusa téh henteu hirup diluhureun langit, henteu ogé hirup dihandapeunana tatapi aya ditengah-tengah, ku kituna manusa kudu hirup dina tengah-tengah anu dibuktikeun dina wangun imah panggung.[5]

2. Bumi mangrupa istilah anu dipaké dina basa Sunda nyaéta imah téa. Bumi nyaéta basa lemesna tina imah jeung bumi gé hartina dunya. Ieu hal némbongkeun yén imah téh lain saukur tempat cicing, jeung imah téh leuwih lega hartina tibatan tempat cicing jeung ngiuhan hungkul.[5]

Babagian Imah Julang Ngapak[édit | édit sumber]

Bahan-bahan anu dipaké pikeun nyieun imah Julang Ngapak nyaéta bahan-bahan ti alam jeung tradisional. Bahana nyaéta:

1. Suhunan

Suhunan imah Julang Ngapak biasana dijieunna tina eurih, injuk jeung daun kiray.[6] Injuk nyaéta serat hideung jeung teuas.[7] Imah-imah anu suhunana maké injuk idéntik jeung gaya arsitéktur kuno atawa tradisional sarta ngabogaan loba kaunggulan sorangan sarta bisa jadi tinimbangan dina dunya arsitéktur, ku kituna imah adat Julang Ngapak ogé milih daun injuk salaku bahan dasar hateupna. . Hateup tina daun injuk mangrupa bahan serat anu kuat, malah bisa tahan 80-100 taun sarta kuat ngalawan rinyuh, asam sarta miboga kapasitas nyerep anu alus naha nyerep cai atawa nyerep panas.[7] Panutup hateupna dijieun tina daun tepus atawa kiray jeung injuk sarta ditalikeun maké tali awi kana rangka hateup di luhurna.[3]

2. Karangka hateup

Bahan anu dipaké pikeun rangka hateup imah julang ngapak nyaéta awi. Hateup wangunan imah julang ngapak boga rarancang anu lega dina unggal sisina.

3. Rojongan

awi sirih opat

Referensi[édit | édit sumber]

  1. a b c "Rumah Adat Jawa Barat: Lengkap Gambar dan Penjelasan | RomaDecade". web.archive.org. Diakses tanggal 2024-03-30. 
  2. a b c "7 Rumah Adat Jawa Barat serta Keunikan, Gambar, Penjelasan" (dalam en-US). Diakses tanggal 2024-03-30. 
  3. a b "Rumah Tradisional | Anjungan Jawa BaratAnjungan Jawa Barat". web.archive.org. Diakses tanggal 2024-03-30. 
  4. Hartatik, Hartatik (2016-11-07). "EKSISTENSI RUMAH RUMAH ADAT BANJAR DALAM PEMBANGUNAN BERKELANJUTAN" (dalam bahasa id). Naditira Widya 10 (2): 145–158. doi:10.24832/nw.v10i2.127. ISSN 2548-4125. http://naditirawidya.kemdikbud.go.id/index.php/nw/article/view/127. 
  5. a b c "Julang Ngapak, Filosofi Sebuah Bangunan » Perpustakaan Digital Budaya Indonesia". budaya-indonesia.org. Diakses tanggal 2019-04-01. 
  6. Saddoen, Arifin. "7 Rumah Adat Jawa Barat : Nama, Gambar dan Penjelasannya". TheMoonDoggies (dalam en-US). Diakses tanggal 2024-03-30. 
  7. a b "Apa Itu Atap Ijuk? Yuk Lihat 5 Desain Bangunan dengan Atap Ijuk Ini". www.dekoruma.com (dalam en-US). Diakses tanggal 2024-03-30.