Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah (Sunda) UPI
Universitas Pendidikan Indonesia | |
tanggal ngadeg | 20 Oktober 1957 |
---|---|
fakultas | Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra |
perenah | Bandung, Jawa Kulon |
pupuhu jurusan | Dr. Hj. Ruhaliah, M. Hum. |
web | http://sunda.upi.edu |
Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah (Sunda) UPI Nyaéta salah sahiji jurusan jenjang pendidikan Sarjana Starata 1 (S1) di Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung.
Sajarah
[édit | édit sumber]Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah diadegkeun ping 20 Oktober 1957. Gelarna ieu lembaga téh mimitina mah dingaranan Séksi Bahasa dan Sastra Sunda’, bagian ti Jurusan Bahasa dan Sastra Indonésia, Perguruan Tinggi Pendidikan Guru (PTPG). Dina taun 1959 PTPG dirobah jadi Fakultas Keguruan Ilmu Pendidikan (FKIP) dina wengkuan Universitas Padjadjaran.
Sabada aya Kepres RI No. 1 taun 1963, istilah Seksi Bahasa dan Sastra Sunda dirobah jadi Jurusan Bahasa dan Sastra Sunda Fakultas Keguruan Sastra dan Seni (FKSS) IKIP Bandung. Dumasar SK Mendikbud 0134/1983, taun 1983, FKSS dirobah jadi Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni (FPBS). Bareng jeung robahna ngaran fakultas, Jurusan Pendidikan Bahasa dan Sastra Sunda ogé drobah jadi Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah (JPBD).
Taun 1944, JPBD kungsi digabung jeung Jurusan Pendidikan Bahasa dan Sastra Indonésia, anu ngaranna ogé robah jadi Program Pendidikan Bahasa dan Sastra Indonesia dan Daerah. Bareng jeung robahna IKIP Bandung jadi Universitas Pendidikan Indonesia (UPI), dumasar Kepres RI no.124/1999, JPBD jadi mandeg mandiri deui.
Taun 1996 JPBD narima panglélér Hadiah Sastra Rancagé. Éta panglélér nu dipasraheun ku Yayasan Kabudayaan Rancagé téh minangka tanda yén JPBD geus hasil ngahudang minat mahasiswa pikeun ancrub dina nyipta jeung ngaprésiasi widng basa jeung sastra Sunda.
Visi & misi
[édit | édit sumber]Visi
Ngawangun Prodi anu unggul, soson-soson jeung rancagé, basa, sastra Sunda, katut pangajaranana dibarengan ku silih asah, silih asih, jeung silih asuh, enggoning ngahontal jati diri anu cageur, bageur, bener, pinter, tur singer.
Misi
Nanjeurkeun budaya Sunda ku cara ngatik, ngadidik, sarta ngabdikeun diri dina widang basa, sastra Sunda katut pangajaranana.
Ngalaksanakeun Tridharma Perguruan Tinggi pikeun ngawangun jeung ngawujudkeun SDM anu unggul tur profesional salaku sarjana pendidikan basa Sunda anu ilmiah, édukatif, jeung réligius.
Tanaga dosén & administrasi
[édit | édit sumber]Pupuhu Jurusan: Dr. Hj. Ruhaliah, M. Hum
Girang Serat Jurusan: Dr. H. Dede Kosasih, M.Si.
Dosen
[édit | édit sumber]- Prof. Dr. H. Rahman, M.Pd.
- Prof. Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum.
- Prof. Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, M.Pd.
- Prof. Dr. Dedi Koswara, M.Hum.
- Prof. Dr. H. Usep Kuswari, M.Pd.
- Dr. Hj. Ruhaliah, M. Hum.
- Dr. H. Dingding Haerudin, M.Pd.
- Dr. H. Dede Kosasih, M.Si.
- Dr. Retty Isnendes, S.Pd., M.Hum.
- Ade Sutisna, S.Pd., M.Pd.
- Hernawan, S.Pd., M.Pd.
- Agus Suherman, S.Pd., M.Hum.
- Haris Santosa Nugraha, S.Pd., M.Pd.
- Dr. Yatun Romdonah Awaliah, S.Pd., M.Pd.
- Dian Hendrayana, S.S., M. Pd.
- Temmy Widyastuti, S.Pd., M.Pd.
- H. Danan Darajat, S.Pd., M.Pd.
Administrasi
[édit | édit sumber]- Emon Sonjaya, S.Pd.
Sebaran mata kuliah
[édit | édit sumber]Semester 1
No | Kode | Mata Kuliah | SKS |
---|---|---|---|
1 | KU100 | Pendidikan Agama Islam*1 | 2 |
KU101 | Pendidikan Agama Kristen Protestan*1 | ||
KU102 | Pendidikan Agama Katolik*1 | ||
KU103 | Pendidikan Agama Hindu*1 | ||
KU104 | Pendidikan Agama Budha*1 | ||
2 | KU106 | Pendidikan Bahasa Indonésia | 2 |
3 | KD300 | Landasan Pendidikan | 2 |
4 | DR400 | Linguistik Umum | 3 |
5 | DR402 | Téori Menyimak | 2 |
6 | DR403 | Téori Membaca | 2 |
7 | DR405 | Sejarah Sastra Lama | 2 |
8 | DR407 | Téori Sastra | 3 |
9 | DR4.. | Etika | 2 |
jumlah SKS | 20 |
Semester 2
No | Kode | Mata Kuliah | SKS |
---|---|---|---|
1 | KU105 | Pendidikan Kewarganegaraan | 2 |
2 | KU108 | Pendidikan Jasmani dan Olah Raga | 2 |
3 | KD301 | Perkembangan Peserta Didik | 2 |
4 | DR406 | Sejaran Sastra Baru | 2 |
5 | DR437 | Filsafat | 2 |
6 | DR411 | Fonologi | 2 |
7 | DR423 | Menyimak Intensif | 2 |
8 | DR424 | Membaca Intensif | 2 |
9 | DR436 | Sejarah Sunda | 2 |
jumlah SKS | 18 |
Semester 3
No | Kode | Mata Kuliah | SKS |
---|---|---|---|
1 | DR404 | Téori Menulis | 2 |
2 | DR410 | Sastra Indonésia | 3 |
3 | DR412 | Morfologi | 2 |
4 | DR422 | Bahasa Arab dan Kawi | 2 |
5 | DR425 | Retorika | 2 |
6 | DR432 | Apresiasi Prosa dan Drama | 2 |
7 | DR434 | Folklor | 2 |
8 | DR439 | Estetika | 2 |
9 | DR420 | Bahasa Inggris | 2 |
jumlah SKS | 19 |
Semester 4
No | Kode | Mata Kuliah | SKS |
---|---|---|---|
1 | KU107 | Pend. Lingkungan Sosial, Budaya dan Teknologi |
2 |
2 | KD302 | Bimbingan dan Konseling | 3 |
3 | KD303 | Kurikulum Pembelajaran | 3 |
4 | KD304 | Pengeleloaan Pendidikan | 2 |
5 | DR408 | Telaah Kurikulum Bahasa dan Sastra | 2 |
6 | DR440 | Budaya Sunda | 2 |
7 | DR426 | Monolog | 2 |
8 | DR428 | Menulis Karya Pupoler | 2 |
9 | DR433 | Apresiasi Puisi | 2 |
jumlah SKS | 20 |
Semester 5
No | Kode | Mata Kuliah | SKS |
---|---|---|---|
1 | KU300 | Seminar Pendidikan Agama Islam*2 | 2 |
KU301 | Seminar Pendidikan Agama Kristen Protestan*2 |
||
KU302 | Seminar Pendidikan Agama Katolik*2 | ||
KU303 | Seminar Pendidikan Agama Hindu*2 | ||
KU304 | Seminar Pendidikan Agama Budha*2 | ||
2 | DR418 | Sosiolinguistik | 2 |
3 | DR500 | Belajar dan Pembelajaran Bahasa dan Sastra Sunda |
2 |
4 | DR501 | Evaluasi Pembelajaran Bahasa dan Sastra Sunda |
2 |
5 | BS300 | Apresiasi Bahasa dn Seni | 3 |
6 | DR413 | Sintaksis | 3 |
7 | DR427 | Dialog Dialog | 3 |
jumlah SKS | 16 |
Semester 6
No | Kode | Mata Kuliah | SKS |
---|---|---|---|
1 | KU400 | Kuliah Kerja Nyata (KKN) | 2 |
2 | DR503 | Media Pembelajaran Bahasa dan Sastra Sunda |
3 |
3 | DR504 | métodeuPenelitian Pendidikan Bahasa dan Sastra Sunda |
3 |
4 | BS301 | Kewirausahaan | 3 |
5 | DR414 | Semantik | 2 |
6 | DR416 | Psikolinguistik | 2 |
7 | DR419 | Linguistik Historis Komparatif | 2 |
8 | DR430 | Problematika Bahasa, Sastra dan Pengajarannya |
2 |
9 | DR435 | Kritik Sastra | 3 |
jumlah SKS | 22 |
Semester 7
No | Kode | Mata Kuliah | SKS |
---|---|---|---|
1 | DR502 | Perencanaan Pengajaran Bahasa dan Sastra Sunda |
2 |
2 | DR409 | Telaah Buku Teks Bahasa dan Sastra Sunda |
3 |
3 | DR415 | Wacana | 2 |
4 | DR417 | Pragmatik | 2 |
5 | DR421 | Pengantar Statistika | 2 |
6 | DR429 | Menulis Karya Ilmiah | 2 |
7 | DR431 | Filologi | 3 |
DR441 | Jurnalistik*) | 4 | |
DR442 | Editing*) | ||
DR443 | Penerjemahan*) | ||
DR444 | Ekspresi Sastra*) | ||
DR445 | Keprotokolan*) | ||
jumlah SKS | 19 |
Semester 8
No | Kode | Mata Kuliah | SKS |
---|---|---|---|
1 | DR590 | Program Latihan Profesi | 4 |
2 | DR598 | Skripsi | 6 |
3 | DR599 | Ujian Sidang | 0 |
jumlah SKS | 22 |
Profil lulusan
[édit | édit sumber]Lulusan jurusan Pendidikan Bahasa Daérah meunang sebutan Sarjana Pendidikan. Éta jumlah lulusan téh sumebar di sakumna wewengkon Jawa Kulon boh minangka tanaga pangatikan boh minangka tanaga ahli dina widang kabasaan. Prospék lulusan Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah di antarana:
- Tanaga Pangatik (di sakola atawa paguron luhur)
- Éditor
- Sastrawan
- Kritikus
- Juru Syair
- Jurnalis
- Panalungtik Basa jeung Sastra
- Panalungtik naskah buhun jeung sastra lisan
- Juru warta
Kanyataanana mah yén lulusan Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah téh teu sakumna jaradi guru (kaasup kepala sekolah jeung pengawas), tapi ogé aya anu hasil dina profési lian, di antarana, (1) usahawan, (2) jurnalis, (3) polisi, (4) politikus, (5) budayawan , jeung (6) sastrawan. Profési guru basa daérah (Sunda) di Jawa Kulon mangrupa prospék anu cukup ngajangjikeun. Ieu hal téh dumasar kana informasi Dinas Pendidikan Jawa Barat taun 2002/2003 anu nyebutkeun yén aya 2231 SMP (1079 SLTPN jeung 1152 SLTPS) di Jawa Barat. Iwal ti éta dumasar kana SK Gubernur Jabar taun 2006, basa Sunda téh jadi salah sahiji widang studi anu wajib diajarkeun di unggal tingkat pendidikan, ti mimiti SD nepi ka tingkat SMA. Upama rata-rata unggal sakola ngabutuhkeun saurang guru basa daérah bae, mangka réa kénéh lulusan Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah anu diperlukeun.
Fasilitas
[édit | édit sumber]- Rohangan kuliah taraf internasional
- Rohangan multimédia
- Laboratorieum basa
- Perpustakaa Jurusan
- Rohangan seminar
- Rohang gawé pupuhu jurusan
- Rohang gawé dosén/pangaping mahasiswa
- Rohangan pertemuan réprésentatif
- Rohangan gawé staf administrasi
- Sarana akademik mangrupa LCD Proyektor, DVD Player, Laptop, LCD TV, Sound System, sambungan internét nirkabel, média pangajaran, jrrd.
Panalungtikan jeung pangembangan
[édit | édit sumber]Dosén jurusan ilubiung kalawan langsung dina rupa-rupa panalungtikan, boh anu diwaragadan ku jurusan, universitas, Dikti, atawa lembaga lianna. Jenis panalungtikan anu dilaksanakeun di antarana Hibah Pembinaan, Hibah Kompetitif, Kajian Kawanojaan, Kaagamaan, jrrd. Pengembangan tina hasil éta panalungtikan téh dilarapkeun kana rupa-rupa wangun gawé bareng.
Gawé bareng
[édit | édit sumber]Program gawébareng anu geus, eukeur jeung anu baris dilaksanakeun di antarana, jeung Dinas Pendidikan Provinsi Jawa Barat, Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (LBSS), Yayasan Pendidikan Pasundan, Disbudpar, Pemda Kabupatén/Kota jeung instansi swasta.
Kagiatan kamahasiswaan
[édit | édit sumber]Kagiatan kamahasiswaan di Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah dikokolakeun dina wadah Himpunan Mahasiwa Pendidikan Bahasa jeung Sastra Sunda (Hima Penstrada). Tiasa ditingali di Hima Pensatrada