Universitas Padjadjaran
Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
| Ngadeg | 11 September 1957 |
|---|---|
| Jinis | Perguruan Tinggi Negeri |
| Réktor | Prof. Dr. Ganjar Kurnia |
| Perenah | Bandung, Jawa Kulon |
| Loka | http://www.unpad.ac.id |
Universitas Padjadjaran (disingket Unpad) nyaéta paguron luhur negeri di Bandung, Indonésia, nu diadegkeun dina ping 14 Agustus 1956. Réktor Unpad dina taun ajaran 2005-2006 nyaéta Prof. Dr. Ganjar Kurnia.
Unpad boga 15 fakultas, nyaéta:
- Fakultas Hukum
- Fakultas Ékonomi
- Fakultas Kadokteran
- Fakultas MIPA
- Fakultas Pertanian
- Fakultas Peternakan
- Fakultas Sastra
- Fakultas Élmu Sosial jeung Élmu Pulitik
- Fakultas Élmu Komunikasi
- Fakultas Kadokteran Gigi
- Fakultas Élmu Kaparawatan
- Fakultas Psikologi
- Fakultas Perikanan jeung Élmu Kalautan
- Fakultas Téknologi Pertanian
- Fakultas Farmasi
- Program Pascasarjana
Universitas Padjadajaran boga dua kampus utama, nyaéta Kampus Iwa Koesoema Soemantri di Jalan Dipati Ukur Bandung jeung Kampus Jatinangor di Jalan Raya Bandung-Sumedang, Kabupatén Sumedang. Sajaba ti dua kampus éta aya ogé kampus Éksténsi MIPA jeung Kampus PAA di Dago.
Universitas Padjadjaran ngabogaan 15 Program Sarjana, 20 Program Magister, 9 Program Doktor, Program Spésialis, Program Ékténsi, Program D4, sarta Program D3.
[édit] Tumbu kaluar
- Situs resmi Universitas Padjadjaran
- Situs resmi Himbio Unpad - Himpunan Mahasiswa Biologi Universitas Padjadjaran