Kaligata

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi

Kaligata atawa biduran nyaéta salah sahiji panyakit kulit anu teu keuna ka unggal jalma. Ngan ukur jalma-jalma nu tangtu nu bisa ngalaman ieu nyaéta anu dina jero getihna mawa bakat alérgi. Mungkin kolotna ogé aya nu sok ngalaman alérgi. Upama lain ti kolotna, mungkin aya bakat ti aki-ninina. Alérgi hartina teu tahan kana hiji hal. Éta hal téh bisa kadaharan, inuman, obat-obatan atawa alat kosmétika. Biasana réaksi alérgina mangrupa ararateul. Muncul béntol-béntol badag semu ngageblég dina kabéh awakna sababaraha menit atawa jam sabada ngadahar kadarahan nu matak alérgi, atawa ku hal séjénna. Hawa tiis, cahaya panon poé, atawa késang sorangan ogé bisa jadi matak kaligata. Pikeun jalma dina alérgi lian, kaligata mungkin muncul akibat kebul di imah.

Teu Bisa Cageur[édit | sunting sumber]

Panyakit alérgi ayana dina jero getih. Sipat getihna babarian kapangaruhan kana hiji zat. Awak kudu dilatih sangkan jadi tahan kana bahan-bahan anu saméméhna teu tahan jeung matak jadi alérgi ka manéhna. Sakumna jalma nu boga bakat alérgi boga jenis bahan-bahan nu teu sarua anu matak ngajadikeun manéhna alérgi. Éta bahan téh kudu disingkahkeun sangkan alérgina teu kambuh. Upama hiji waktu keuna kana bahan anu matak alérgi, éta alérgi téh bisa kambuh jeung teu diduga-duga.

Ubar Anti Alérgi[édit | sunting sumber]

Aya sababaraha jenis ubar anti alérgi anu gunana pikeun ngurangan alérgi anu geus muncul. Beuki gancang dipaké, beuki gancang ogé cageur deuina. Aya ubar anu diinum, ogé aya anu perlu disuntikkeun. Mun telat ditarékahan, alérgina bisa beuki parah jeung lila ka cageurna. Jeis alérgi anu beurat komo bisa nepika ngakibatkeun pati. Alérgi kaligata téh bisa rerep sorangan. Tapi gagaro anu kasar teuing bisa ngakibatkeun kulit ruksak. Mungkin bisa nepika lécét, jeung bisa inféksi nu matak kaligata mah perlu dibalur ku wedak salisil. Ubar anti alérgi teu matak nyageurkeun alérgi. Panyakitna baris kambuh deui mun beunang deui kana bahan anu pialérgieun.

Sumber Rujukan[édit | sunting sumber]

Dr.Hendrawan Nadesul. 1992. Pencegahan Penyakit di Daerah Pedesaan. Jakarta: Depdikbud.


Nulis.jpg