Khulafaur Rasyidin

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Khulafaur Rasyidin (Basa Arab: لخلفاء الراشدون‎) atawa Khalifah Ar-Rasyiddin nyaéta opat urang Khalifah (pamimngpin) kahiji agama Islam anu dipercaya ku umat Islam pikeun neruskeun kapamingpinan Nabi Muhammad sabada anjeunna tilar dunya.[1] Opat urang éta nyaéta sobat deukeut Muhammad nu ka cutat paling deukeut jeung paling dipikawanoh dina ngabela ajaran nu di bawa ku Nabi Muhammad.[1]

Sistem pamilihan khalifah éta béda-béda, ku sabab sahabat nganggap yén euweuh rujukan anu jelas anu ditinggalkeun ku Nabi Muhammad ngeunaan kumaha suksesi kapamingpinan Islam nu bakal lumangsung.[1] Numutkeun penganut paham Syi'ah yakin yén Nabi Muhammad milih Ali bin Abi Tolib, khalifah ka-4 yén Nabi Muhammad hoyong katurunanna anu neruskeun kapamingpinan umat Islam.[1]

Istilah Khulafaur Rasyidin ngarujuk kana opat urang khalifah mimiti, mung sabagéan ulama nganggap yén Khulafaur Rasyidin atawa Khalifah nu meunang petunjukteu kawatesan ku opat urang éta, tapi nyakup kana sakabéh khalifah sabada opat khalifah mimiti anu kahirupanna saluyu jeung Al Qur'an jeung Sunah Nabi.[1]

Sajarah Khalifah - Khulafaur Rasyiddin[édit | édit sumber]

Khalifah nyaéta wakil atawa anu ngagantikeun Nabi Muhammad sabada Nabi Muhammad maot dina urusan nagara jeung agama anu ngalaksanakeun syari'at Islam dina kahirupan nagara.[2] Sajarah khalifah dimimitian dina taun 632 M , sabada Nabi Muhammad maot.[2] Sajarah dikawitan ku opat urang khalifah mimiti, nyaéta Abu Bakar, Umar bin al-Khattab, Utsman bin Affan, jeung Ali bin Abi Tolib. Para khalifah ieu miboga julukan Khulafaur Rasyiddin (khalifah anu meunang petunjuk).[2]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e Sumber 1
  2. a b c Sumber 2 Archived 2011-10-10 di Wayback Machine