Lompat ke isi

Wawacan Layang Muslimin Muslimat

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
(dialihkeun ti Layang Muslimin Muslimat)

Wawacan Layang Muslimin Muslimat nyaéta naskah kuno karangan R.Asep Martawijaya urang Pataruman Tarogong Garut anu ditulis dina wangun wawacan. Ieu naskah téh eusina mangrupa sastra kaagamaan ngeunaan bebédaan istilah wajib jeung fardu, solat lima waktu jeung gerakanna, 4 (opat) rupa mapsu, rukun Islam, rukun iman, kitabullah anu jumlahna opat, rukun syahadat, opat rupa amal, opat unsur alam nyaéta taneuh, angin, seuneu, jeung cai, carita dipiceunna Nabi Adam jeung Siti Hawa ka alam dunya, jumlah poé dina saminggu (palawangan) jeung dawuh lima anu dikaitkeun/disimbulkeun jeung pancaindera, sarta jumlah bulan dina sataun jeung jumlah poé dina sabulan anu disimbulkeun ku awak manusa[1].

Di sagedéngeun minangka naskah kaagamaan, Layang Muslimin Muslimat ogé munel ku pangatikan moral anu pohara luyu jeung boga mangpaat pikeun kahirupan manusa, utamana pikeun ngungkulan krisis moral anu kiwari karandapan.[1] Pangatikan moral anu disebutkeun téh nyaéta jujur, kréatif, religius, tanggun jawab, santun, taliti, gawe bareng, silih ajenan, leukeun, kritis, rasional, ludeung, rela berkorban, cinta elmu, gawe rancage, sabar, disiplin, jeung mikir positif.[1]

Naskah Layang Muslimin Muslimat sakumna aya 6 jilid. Salah sahiji salinan naskahna dipiboga ku Adang di Kampung Cieunteung Désa Mekarluyu Kabupatén Garut[2].

Ringkesan Eusi

[édit | édit sumber]

Dicaritakeun masalah perelmuan dina kitab layang ku cara dialoh antara raka Den Muslimin jeung rayina Den Muslimat nepi ka 6 (genep) jilid, anu jilid ka genep ditambah gambar Tajalli jeung makom alam tujuh.

Teu saalit anu minat maca kitab layang muslimin muslimat ku lantaran geus jarang anu asli mah, éta ogé loba ku cara di copy ti nu aslina jeung geus lapuk hampir teu kabaca deui. Dina layang Muslimin Muslimat diterangkeun Mutu Qobla antal Mutu nyaéta kudu ngarasakeun maot memeh paeh, hartina saha saha nu lolong di dunyana niscaya di aheratna ogé pasti lolong kalawan leuwih sasar, "Waman kana fi hadihi a'maa fahua fil ahiroti a'maa waadollu sabiila" jadi mengenal Allah téh kedah nepi ka yakin, pan aya kieu geuning " Wa'bud robbaka hatta ya'tiyakal yakin " jadi yakin téh tina prosés pangalaman jadi percaya nu saterusna jadi iman/nyaho/ kapercayaan.

Ari Wanoh ka Alloh téh kedah mengenal dirina heula diri nu sajatina, da nu mulang ka asalna di dieu mah jasad/awak/kurung/jirim/jasmanina, nu asal tina sari pati dunya téa,pan ari jasmani téh hartina jas(baju) bajuna rohani téa, tina satetes air hina, nyaéta cimani atawa sperma anu prosés tina kadahara-kadaharan anu jaradi dina taneuh/bumi téa, "Minassulbi Wattaroo'ib" malah alus kénéh endog hayam aya hargaan, sok kasebat geuning nu maot téh "Mulih ka jati mulang ka Asal" ari anu mulih ka jati mah nyaéta nyawa/jiwa/jisim/kuring/atawa ruhani, kenging rido Alloh bisa pendak jeung Rabbna, nu Qodim balik jadi Qodim mantak aya pangajian santapan rohani, maksadna pikeun mengenal Alloh ti ayeuna kénéh, ari mengenal Alloh téa kudu kenal heula jeung dirina sorangan, sanggeus mengenal dirina tangtu nyaho ka pangérana, lamun geus nyaho ka pangérana tangtu dirina ngarasa bodo, sabab aya Dalil "La haola wala kuwwata Illa billahil aliyyil adzim" jeung Hadist anu kasebut " Man arofa nafsahu Fakod arofa robbahu Waman arofa robbahu fakod jahilan nafsahu".

Tina bahasan Layang Muslimin Muslimat sakabéhna mangrupi pengenalan alam batinna manusa (aherat) ku conto kajadian alam dunya mangrupa eunteungna (cermin) pikeun ngakurkeun dina kahirupan manusia sadidinten dirarapkeun kana wujud jagat sagir/awak, saperti contona dina badana manusa aya dangu/cepil jeung pangdanguna,ningali/soca jeung paninggalna, kecap/baham jeung pangucapna, angseu/pangambung jeung pangangseuna éta pan dua-dua nu dohir jeung nu batin/gaib, ari nu dohir, cepil soca baham jeung pangambung, pan ari pangdangu paninggal pangucap pangangseuna mah gaib contona nu maot boga cepil soca pangambung jeung baham teu bisa nanaon, da nu gaibna mah pangdangu paninggal pangucap pangangseuna kagungan gusti, nu asal ti Allah,. jadi pikeun miluruh jeung ngakurkeun tadi kedah naroskeun ka anu luhung ku élmu jembar ku pangabisa nya ka ahlina "Ngaguru kepada yang tahu Bertanya kepada ahlinya" margi loba kolot bubudakeun da teu ngungkab élmu ieu, tapi aya budak ogé geus koloteun hartina teu milih-milih elmu, nu penting geus mibanda pamilih azas manfaat jeung maslahat, pan aya geuning hadistna "kut lubil ilmi minannahdi ilallahdi" jeung loba deui nusanesna, malah diterangkeun dina muslimin muslimat téh élmu téh aya opat perkara nyaéta:

Ka hiji elmu saréat kadua elmu torekat katilu elmu hakekat anu ka opat elmu ma'rifat.

jadi saé lamun urang nyorang éta élmu sakabéhna dileukeunan ti ayeuna, supados mengenal diri téa, pan élmu téh kanyaho atawa cahaya (nur) anu bisa nyaangan jalan urang hirup di alam dohir/dunya jeung alam gaib nyaéta alam aherat.

Tiap élmu tinangtos mibanda kahususan peruntukanana saperti élmu saréat pikeun ngabahas aturan2 fiqih secara sunnah rosululloh nu geus tangtos aturanana di masyarakat umum sanajan benten tata carana ku lantaran boga madhab masing-masing, tapi ari élmu tarekat mah ngabahas tujuan ibadahna, margi ari ibadah téh asal tina kata abid/kaula atawa abdi jadi urang téh abdina guti nu maha suci, jeung ngabdi téh teu cekap ku netepan atnapi ngalaksanakeun rukun-rukun agama nu sanesna, tapi kudu ngangliputi sakabéh lakuning lampah urang, malahan tekad ucap reujeung langkah "Iqror Fillisan tasdik bil kolbi af'al bil arkhan" kudu di wengku di tata supaya mulus rahayu berkah salamet hirup urang teh, pan aya dalilna geuning "Inni jailun fil ardi kholifah" teu samata-mata gusti alloh ngutus manusa ka dunya nyaéta salaku wawakil, jeung dalil "Wama arsalnaka Illa rohmatan Lil Alamin" jeung urang hirup téh kedah jadi rohmat ka sakabéh alam ulah rohmatan lil keluarga ogé geus jadi piomongeun batur.

Kunaon margina opat tahapan élmu anu di luhur kudu di kaji jeung di ungsi margina supados saimbang / balance, pan aya do'ana "Robbana Atina Fiddunya hasanah Wafil Akhiroti hasanah waqina adza bannar" ari perkara dunya téangan saloba-lobana ibarat arek hirup sarebu taun,jeung téangan élmu saloba-lobana ibarat rek maot isukan, ngan ari néangan dunya mah kudu maké élmu dunya deui geus loba conto-contona malah lamun urang daek tafakur kana kakawasaan gusti Alloh, coba tingali cakcak hirupna ku Alloh dibéré kamampuan ngarayap sedeng rizqina halaliber aya jangjangan tapi teu wéléh geuning di rizqian malah mararontok jeung teu eureun eureun baranahan aranakan, apan ari ka aheratan mah teu gagabah ngabahasna oge, contona geuning para waliyulloh upami badanten masalah perelmuan téh di tengah laut di luhur gunung, malah kangjeng Rosullulloh dina usia opat puluh taunan mah, anjeunna secara pribadi hoyong ngahadép kanu kawasa téh nepi ka ninggalkeun umat heula angkat ka goa hiro / jabal nur, sakingku hoyong tenang jeung tengtrem, kapendak sono cinta asih kanu ngusik malikeun, apan aya dalilna ogé "Ya ayyuhannafsul mut'mainnah Irji'i ila robbiki rodiyatan madiyyah fadkhuli fi'ibadi wadkhuli jannati" Alloh ngagero umat pilihannana nu geus bisa ngalaksanakeun hirup ngandung rohmat, tur madep deui ka anjeunna dina posisi / makom anu kaayaan tenang jeung tengtrem, pan sorga téa bagéanana, malah geuning di goa hiro téh loba pisan mantenna kenging wahyu da geus tenang jeung tengtrem téa nepi ka kiwari nyatana Alqur'an.

Allah geus nurunkeun opat kitab, nu kahiji kitab Jabur ka Nabi Daud.as, kitab Tauret ka Nabi Musa.as kitab Injil ka Nabi Isa.as jeung AlQur’an ka Kangjeng Nabi Muhammad saw, urang islam anu beriman kedah percanten kana kitab-kitab Allah nu geus diturunkeun ka Nabi2 Allah nu tipayun maksadna ngudag kana sajarahna para Nabi sateu acan Kangjeng Rosululloh saw, malah firman Allah dina AlQur’an loba ayat2 Alloh anu henteu tertulis misalna , upami cai laut saalam dunya moal cukup lamun dipaké jang mangsina, atawa tatangkalan saalam dunya jang kalamna moal cukup jang nulis ayat2 Allah ku lantaran loba2na, nu matak kedah loba iqro / maca téh supaya pinter, pan mun geus piter mah meureun moal loba dibobodo teuing da geus nyaho, pan seulobana mah jalmi téh loba kabobodo tenjo jeung kasamaran tinggal, hartina nu enya di lain-lain malahan nu lain di enya-enya tah kitu kajadianana lamun teu boga elmu, jadi penting iqro / maca teh, malah geuning Alqur'an téh “Hudan lil muttaqin” pedoman atawa petunjuk hirup pikeun anu taqwa, malahan aya deui hadist “Iqro kitabaka kafa binafsika alyaoma alaika Hasiba” baca saurna téh kitab anu aya dina diri manéh, tangtos geura leuwih jelas upami dilenyepanana, saperti kajadian hirup urang pribadi.

nu saurna anu dicatet ku malaikat Rokib jeung Atid ti mimiti urang imut /baligh nepi ka kiwari, lampah saé reujeung awonna ogé tangtos moal hilap kalawan jéntré, sanes saukur beja atawa cenah ceuk batur, da éta mah catetan diri sorangan, kitabna ogé dibabawa ku sorangan, nu nyahoeun kana jeroan kitabna ogé urang sorangan, malahan nu nyatet kasaéan jeung kagorengan lampah urang oge, nu nyatet urang ku anjeun lain batur, naon sababna? Apan Alloh geus ngamulyakeun ka manusa leuwih mulya ti batan mahluk sanesna. “ Laqod holaknal insaana fii ahsani taqwim” malihan urang upami néanganyan élmu ogé ulah kaluar ti diri, kayakinan nu jelas tur ka alaman ku diri pribadi, margina bisa nyasarkeun ka urang, “Man tolabal maulana bighoiri nafsi fakoddholla dholaalam ba’da” contona loba geuning ayeuna mah nu disebut élmu téh nalongerak pisan tinggal urang bisa milih-milih mana anu cocok reujeung anu pas jeung kajadian bathin urang, pan kangjeng Rosululloh mah upami dina tindak tandukna téh picontoeun, “Innama Buistu Liutammima makarimal Ahlaq” jadi ayeuna mah loba pisan nu geus bisa jadi pamingpin, syeh atawa guru, tapi teu bisa ngajalankeun amanah, karunia ti anu Maha kawasa, ngan saukur bisa maréntah jeung nyariosna wungkul, teu dibarengan jeung elmuna matak teu saeutik pangagung Nagara nu nyeleweng, ulama nu ngaruksak amanat, guru nyontoan goreng jeung loba-loba deui upami dibahas moal bérés sapoe.

Eta kajadian di luhur téh ku sabab teu boga élmu /kanyaho/lolong téa, lamun boga élmu mah moal lolong pastina ogé sieun ku Alloh téh nungagerakeun ngadaya upayakeun urang sapopoe na, malah dicatet dina kitab nu gaib nu teu katempo ku batur ngan ku urang wungkul, kitab nu aya dina diri urang ku anjeun, cobi emutan anu lenyep tur tiis ngemutanana.

Teu saalit jalma anu geus ziarah angkat ka tanah suci mekah sebagai tamu Alloh ngalaksanakeun rukun anu lima, “Labaekalloh humma labbaek labbaeka laasyarika laka labbaek Innalhamda wanni’mata laka walmulk” malahan bangsa Indonésia mah melebihi quota anu geus di tangtoskeun tiap taunna, ditambah ku ibadah umroh meureun geus teu ka itung lobana tamu Alloh teh, tapi di antarana aya nu teu daekeun nyurup kana laku jeung lampahna hasil Ibadahna tadi, jadi penting tur wajib geuning urang néangan élmu teh, malahan kedah ditingkatkeun, diteuleuman, ti mimiti élmu saréat, torekat, hakikat reujeung ma’rifatna supados urang salamet dohir reujeung bathin, dunya rawuh aheratna.

Upami urang nyaba nyorang ka alam kapungkur deui, tong tebih teuing nuju orok, pasti indung urang ngabejaan ka urang waktu lahir téh kitu-kitu cenah, contona ayeuna urang ninggali ka istri urang waktu ngalahirkeun anak urang, budak téh ceurik geuning waktu lahirna lain seuri, tah ku naon kitu, jeung surfey ngabuktikeun can manggihan nu ngajuru barang borojol téh si orok / bayi ujug-ujug seuri nga Ha Ha seuseurian, éta tawis panginten di alam rahim ogé geuning sakitu ni’matna, komo di Alam Alloh mah Langgeng ni’matna teh, anu heneuweuh putusna téa, sabab geuning ti orok urang lamun keur tiris ceurik, da teu ngeunah pek geuning ku indung di simbutan sare weh orok teh, atawa lapar urang ceurik, pek ku indung di béré madu jeung disusuan mani ngagenyol jeung ni’mateun pisan tepi ka sarena, matak pantes aya dalil “ Aljannatu tahta aqdami ummahati” sorga téh aya dina handapeun talapak suku indung, lantaran jelas kani'matan téh tibubudak geus diwarah ku indung, malahan anu bakal jadi pigorengeun ka éta budak ogé indung mah geus apaleun can di pigawe geus dicaram, saking ku nyaah hayang anak salamet.

Ngabahas salamet ogé urang kedah nyaho bahasa arabna salamet téh asalna tina Assalama / Islam téa, jadi Islam téh ngandung harti anu bakal nyalametkeun umatna di dunya jeung aheratna, ngan Islamna nu mana? Upami ditilik anu geus dibahas di luhur geuning apik pisan tuntunan agama teh, tapi bet benten geuning jeung nu geus di contokeun ku Rosululloh, éta panginten PR pikeun urang introspeksi diri ulah jadi kesan Islam téh biadab, kasar, anu loba nimbulkeun kekerasan, pan teu kitu conto mah panginten “Rohmatan Lil Alamin”.

Sumber Rujukan

[édit | édit sumber]
Daptar Naskah Wawaacan
Wawacan Amongsari jeung Lembusari - Wawacan Umar Maya - Wawacan Pranatana Istri ka Carogé - Wawacan Muslimin-Muslimat - Wawacan Sulanjana - Wawacan Panji Wulung - Wawacan Adat Ngurus Orok - Wawacan Angling Darma - Wawacan Indra Putra - Wawacan Aji Saka - Wawacan Damarwulan - Wawacan Gandasari - Wawacan Ratu - Wawacan Batara Rama - Wawacan Rusiah nu Kasép - Wawacan Rengganis - Wawacan Mintaraga - Wawacan Iman, Ëlmu reujeung Amal - Wawacan Purnama Alam