Lukisan

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
lukisan alam

Lukisan nya éta gambar obyek dina widang datar kalayan ngalibatkeun ékspresi, émosi, sarta alpukah panyipta sacara pinuh. [1] Hiji lukisan merlukeun konsép anu subyektif, nya éta kudu bisa ngahartikeun naon anu aya dina obyek, téma atawa alpukah sacara representatif.[1] Karya lukisan mindeng dijadikeun bahan pembahasan seni rupa utamana dina tumuwuhna seni modern. [1] Ku kituna ieu bisa dirasakeun lamun seni lukis anu dikategorikeun pepek ngarékam kajadian budaya di tempatna séwang-séwangan.[1] Lamun dilanglang ti materi anu dipaké, seni lukis merlukeun material anu gampang.[1] Bangsa Yunani dina période klasik nyieun inovasi anu jadi dasar aliran utama di widang talari seni Kulon boh lukisan boh patung.[2] Sipat penting tina seni Yunani klasik nya éta realisme kepahlawanan.[2] Pelukis sarta pematung miboga tarékah pikeun mintonkeun awak manusa ,dina kaayaan usik atawa cicing, sajiga meureun jeung kanyataan anu kasampak. [2] Perhatian husus lukisan Yunani perenahna dina kageulisan manusa anu rongkah, atawa momen drama anu agung sarta mulia.[2] Pangabisa téknis pikeun néwak wujud rinci hiji barang anu réa mangrupa hiji inovasi anu saterusna dijadikeun hiji jejer lukisan.[2] Nu nulis Yunani kuna melong lukisan di tembok gunan umum kawas kuil, minangka kagiatan seni anu agung sarta penting. [2] Tapi regasna média lukis sarta patung nyieun lukisan-lukisan Yunani pohara rentan pikeun garah, lukisan tembok anu kapanggih di Vergina dina warsih 1977 mangrupa salah sahiji conto karya anu salamet kénéh.[2]



Rujukan[édit | sunting sumber]

  1. a b c d e (id)Pengertian seni lukis (diaksés tanggal 9 Desember 2011)
  2. a b c d e f g (id)Sejarah seni lukis bangsa yunani (diaksés tanggal 9 Desember 2011)


Nulis.jpg