Manglé
Manglé atawa Majalah Manglé nyaeta salasahiji majalah basa Sunda nu ngadeg di Bogor, 21 Nopémber 1957. Nu ngadegkeunana di antarana Oeton Moechtar, Rochamina Sudarmika, Wahyu Wibisana, Sukanda Kartasasmita, Saléh Danasasmita, Utay Muchtar, jeung Alibasah Kartapranata. Nu mimiti nepikeun kecap manglé téh Wahyu Wibisana, hartina téh "ranggeuyan kembang".
Mimitina mah medalna bulanan, tapi ti taun 1965 medal saminggu sakali. Dina sajarah média basa Sunda, Manglé kaasup nu makalangan. Dina dekadeu taun 1960-an, oplah ieu majalah kungsi nepi ka 90.000 éksemplar.
Nepi ka kiwari Manglé masih kénéh medal, malah jadi majalah nu pangkahotna lantaran umurna geus satengah abad. Nu ngurusna gé geus ganti generasi, ngan ari nu mingpinna mah masih kénéh putrana Oeton Moechtar, Oedjang Daradjatoen. Sawatara pangarang Sunda mimiti ngasah kamampuh nulisna téh di majalah Manglé. Ti mimimiti generasi Ki Umbara nepi ka Déa Lugiena. Najan ayeuna pamorna geus ngurungan, tapi Manglé jadi salah sahiji rujukan upama urang nyaritakeun kalawarta Sunda.
Kiwari eusi Manglé ngawengku diantarana carita pondok, sajak, munara cahya Islam, tanya jawab agama Islam, aweuhan Pasundan, carita pondok lucu, pangalaman paramitra, tarucing cakra, carita nyambung, opini, sarta nu séjén-séjénna.
Langgananna kalolobaan nyaéta guru sarta pagawé nagri sipil. Kiwari, Manglé geus didistribusikan di Jawa Kulon, Surabaya, sarta kungsi ngabogaan langganan di Acéh. Kiwari Manglé masih nempatkeun diri salaku majalah dina basa Sunda anu méré aspirasi lokal pikeun pangwangunan Jawa Kulon.
[édit] Tumbu kaluar
- http://ppss.or.id/majalah-mangle, ramatloka Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda
| Artikel ngeunaan Sunda ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |