Néptunus
Neptunus nya éta planét panglaérna (kadalapan) lamun dilanglang ti Panonpoé.[1] Neptunus ngabogaan jarak rata-rata jeung Panonpoé sagedé 4.450 juta km. [1] Neptunus ngabogaan diameter ngahontal 49.530 km sarta ngabogaan massa 17,2 massa Bumi. [1] Période rotasi ieu planét nya éta 16,1 jam, sedengkeun période révolusi nya éta 164,8 warsih. [1] Wangun planét ieu jiga jeung Bulan kalayan permukaan aya lapisan ipis silikat. [1] Komposisi nu nyusun planét ieu téh beusi sarta unsur beurat séjénna. [1] Planét Néptunus miboga 8 satelit, di antarana Triton, Proteus, Nereid, sarta Larissa.[1] Sarua kawas planét gedé séjénna di Tata Surya, Néptunus ogé ngabogaan lélépén. [2] Lélépén debu ipis anu mengitari planét ieu kapanggih warsih 1989 ku Voyager 2. [2] Néptunus dinamai nurutkeun ngaran déwa sagara Roma baraya ti Pluto sarta Jupiter, kapanggih dina tanggal 23 Séptember 1846 ti prediksi matematik lain ti hasil observasi.[2] Minangka planét panglaérna anu ogé ngabogaan lélépén, lélépén di Néptunus jiga jeung lélépén Jupiter ampir teu kasampak lamun dibandingkeun lélépén Saturnus atawa Uranus. Nepi ka ayeuna dipikanyaho aya 5 lélépén anu geus terdeteksi sarta dipikanyaho data-datana di Néptunus nya éta ti anu pangdeukeutna nya éta lélépén Galle, Leverrier, Lassell, Arago sarta Adams. [2] Hiji lélépén lemah séjénna anu tacan dipikanyaho ngaranna motong orbit bulan Néptunus nya éta Galatea. [2] Sajaba Galatea, aya 3 satelit Néptunus séjénna anu ogé mengorbit di wewengkon lélépén nya éta Naiad, Thalassa sarta Despina.[2] Lélépén di Néptunus mimiti dipikanyaho di mana ayana dina warsih 1846 waktu William Lasell nu nimukeun Triton mikir manéhna geus nempo busur lélépén ngalingkung Néptunus. [2] Warsih 1968, ngaliwatan okultasi béntang pikeun munggaran lélépén Néptunus junun dideteksi tapi masih tacan kanyahoan yén éta hiji lélépén. [2]
Rujukan [édit]
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
[[kategori:
[[Kategori:
[[Kategori:
