Pasukan Abadi

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Pasukan Abadi Persia, dekorasi di Istana Darius di Susa (510 SM).

Pasukan Abadi (ti Basa Yunani: Ἀθάνατοι, Athanatoi, "abadi", ti awalan a ("henteu") + thanatos ("paéh"); sakapeung disebut "Pasukan Abadi Persia" atawa "Sapuluh Rewu Tentara Abadi") nya éta ngaran nu dibéré ku Herodotus keur nyebut pasukan khusus ti Kakaesaran Persia Akhemeniyah.[1][2][3] Pasukan Abadi pancénna nya éta Garda Imperial jeung ogé salaku pasukan tempur. Salaku Garda Imperial, Pasukan Abadi pancénna ngalindungi kakaesaran lamun aya serangan ti luar, sedengkeun Pasukan Tempur, Pasukan Abadi ieu milu dina perang nu dilakukeun ku Kaesar, salasahijini nalika ekspansi Kakaesaran Persia jeung dina Perang Yunani-Persia. Dina mangsa damai, Pasukan Abadi tugasna salaku pengawal kaesar. Ngaran pasukan ieu dina basa Persia mungkin nya éta Anûšiya ('rekan').[4]

Herodotos ngagambarkeun Pasukan Abadi salaku infantri beurat nu dipingpin ku Hydarnes. Jumlahna 10.000 prajurit. Nu bisa asup dina Pasukan Abadi ngan urang Persia, Medes, jeung Elam. Pasukan Abadi meunang pelatian nu leuwih hadé jeung leuwih beurat tibatan infantri ringan biasa. Prajurit dina Pasukan Abadi ny éta barisan pang hareupna dina nyerang musuh sedengkeun barisan pangtukangna nya éta nu mawa jamparing. Prajurit nu jadi tentara Abadi nya éta lalaki-lalaki nu satia pisan ka kaisar jeung bakal ngalindungi kaisar nepi ka maot.

Pasukan ieu disebut salaku "Pasukan Abadi" ngan ku Herodotos. Tatapi sumber ti Persia sorangan teu nyebutkeun ngaran pasukan ieu. [4] Mungkin, Herodotus geus salah ngabedakeun Anûšiya ('rekan') jeung Anauša ('Pasukan Abadi').[4]

Salian ku Herodotus, Pasukan Abadi disebutkeun ogé ku Athenaios[5] (nu ngutip Herakleides ti Kyme); Hesykhios[6] (nu sacara salah nyebutkeun Pasukan Abadi salaku detasemen Kavaleri); Procopius[7]; sarta sumber-sumber lianna nu nyokot data ti Herodotus, sedengkeun Cassius[8] nyebutkeun Pasukan Abadi ku nyokot rujukan ti Romawi, jeung nyebutna salaku pasukan tempur. [9]

Ngaran[édit | sunting sumber]

Nurutkeun Herodotos jeung Xenophon, pasukan ieu dingaranan Pasukan Abadi (Athanatoi) sabab jumlahna tetep, nya éta 10.000 prajurit. Maranéhna ngabogaan tradisi jeung aturan yén lamun aya tentara Abadi nu kabunuh, luka parah, cacat serius, atawa gering, ku kituna langsung diganti ku tentara anyar nepi ka jumlahna bakal terus 10.000, teu kurang teu leuwih,[10] ku kituna pasukan ieu dingaranan Pasukan Abadi[11][10][12]

Nurutkeun salasahiji ahli sajarah Persia, Ardeshir Radpour, salian sabab jumlahna nu tetep, pasukan ieu dingaranan Pasukan Abadi ogé sabab teu kungsi ninggalkeun mayit prajurit nu maot di lapang perang. Maranéhna mindahkeun mayitna nu kabunuh jeung ngajauhkeun ti panempo musuh, ku kituna musuh jarang nempo prajurit Pasukan Abadi nu maot. Ieu jiga nu nyieun sugesti prajurit Pasukan Abadi katempo teu bisa maot. [13]

Ngaran séjén ti Pasukan Abadi nya éta Melophoroi (Para Pamawa Apel). Ngaran ieu digunakeun ku sajarawan pangilu Aleksander nu Agung. Pasukan Abadi mawa tumbak nu ngabogaan fungsi salaku panyaimbang mangrupa logam leutik buleud keur nyaimbangkeun titik beurat tumbak. Wangun panyaimbang éta mirip apel nepi ka disebut Para Pamawa Apel.</ref>[11]

Sajarah[édit | sunting sumber]

Koresh nu Agung, ilustrasi jieunan saurang seniman. Koresh nya éta nu ngadegkeun Kakaisaran Persia Akhemeniyah sakaligus panggagas dibentukna Pasukan Abadi.
Wilayah Kakaisaran Persia Akhemeniyah di handap kapamingpinan Koresh nu Agung. Dina mangsa éta, kakaisaran nu dipingpin ku Koresh mangrupa kakaisaran pangbadagna di dunya. Lamun dibandingkeun jeung mangsa moder, kakawasaan éta ngawengku Turki, Israel, Georgia jeung Arabia di kulon nepi ka Kazakhstan, Kyrgyztan, Sungai Indus, Pakistan jeung Oman di beulah wétan.

Nurutkeun Xenopon, Pasukan Abadi dibentuk ku Koresh nu Agung. Dina mangsa kakawasaan Koresh, Kakaisaran Persia Akhemeniyah sukses naklukkeun bangsa Assyria, bangsa Bablionia,bangsa Medes, bangsa Kurdi, bangsa Lydia, bangsa Parthia, bangsa Turki, bangsa Armenia, jeung bangsa Ionia. Kakawasaanna ngabentang ti mimiti sungai Indus di India nepi ka Hellespontos di Yunani. Sabab kakaisaranna tambah lega, Koresh ngarasa yén kaamanan istanana kudu dironjatkeun: [14]

   
Pasukan Abadi
Anjeunna mikiran ka saha anjeunna mercayakeun kaamanan istanana.....anjeunna milih diantara sapuluh laksa prajurit, nu kemah di sakuriling istana, ngajagana beurang jeung peuting, jeung milu ngabaturanna nalika anjeunna angkat-angkatan, ngaping di deukeutna.
   
Pasukan Abadi

—Xenophon, Kyrou Paideia.

Dina perang, Pasukan Abadi boga tanggung jawab keur ngalindungi tenda karajaan nu ditempatan ku kaisar.[15] Pasukan Abadi milu perang dina naklukeun Kakaisaran Babilonia Anyar di taun 547 SM, kampanye militer Kambises ngalawan Mesir Kuno 525 SM jeung invasi Darius nu Agung ka Punjab Barat jeung Sindh di India sarta ka Skithia dina 520 SM jeung 513 SM.[16] Dina Perang Gaugamela dina 331 SM, Pasukan Abadi ngalindungi gerak mundur kaisar Darius III. Mungkin ogé Pasukan Abadi ogé dibawa nalika Perang Gerbang Persia dina 330 SM. Aleksander nu Agung sukses ngéléhkeun Pasukan Abadi di Perang Issos 333 SM. Sanggeus Kakaisaran Persia Akhemeniyah runtag, Pasukan Abadi dibubarkeun.

Dina budaya populer[édit | sunting sumber]

Film[édit | sunting sumber]

Film 300 tahun 2007, anu didaptasi tina buku komik 300 karya Frank Miller, nampilkeun versi nu fiktif ti Pasukan Abadi dina Perang Thermopylae.[12] Pasukan Abadi nu ieu maké topéng beusi gaya menpō jeung mawa sapasang pedang nu mirip wakizashi.[17] Film taun 1962 nu judulna The 300 Spartans nembongkeun versi nu akurat ti Pasukan Abadi, nu mawa tumbak jeung taméng leutik. Ngan maranéhna ngagunakeun pakéan nu wanana hideung jeung warna-warna poék séjénna, béda pisan jeung gambaran sajarahna. [17]

Program televisi[édit | sunting sumber]

Film dokumenter dina History Channel nu judulna Last Stand of the 300 ogé nampilkeun Pasukan Abadi, salaku bagéan ti rekonstruksi Perang Thermopylae. Dina versi ieu, mutiara nu dipaké ku Pasukan Abadi ngabentuk topeng kaén warna hideung nutupan sakabéh raray ngan angger katempo.[17] Ku topeng ieu, musuh teu bisa nempo raray prajurit Pasukan Abadi ngan Pasukan Abadi tetep bisa nempo musuh. Pasukan Abadi dina film ieu ogé disebutkeun mampuh ngadeukeutan musuh kalawan teu kanyahoan. Pasukan Abadi sarupa nu ditampilkeun dina film dokumenter Battles BC dina episode "Judgement Day at Marathon". Acara televisi Deadliest Warrior narungkeun Pasukan Abadi jeung prajurit Kelt, jeung Pasukan Abadi kaluar jadi nu punjul.[17] Pasukan Abadi ogé ditampileun dina segmen "Spartan" dina musim munggaran jeung segmen"Alexander the Great" dina musim kadua.

Permainan video[édit | sunting sumber]

Pasukan Abadi muncul dalam dina sababaraha kaulinan komputer strategi, kaasup Rome: Total War Alexander, nu nampilkeun maranéna kalawan akurat iwal kurangna baju zirah jeung kadisiplinan. Pasukan Abadi ogé muncul dina kaulinan Civilization III nu nembongkeun Pasukan Abadi salaku unit infantri unik nu kasedia keur Persia; [17] Civilization IV, nu nampilkeun maranéna salaku unit kuda; [17] jeung Civilization V, nu nampilkeun maranéhna salaku infantri beurat nu mawa taméng jeung tumbak. Dina Empire Earth, Pasukan Abadi muncul salaku unit senjata tusuk unik keur peradaban Persia jeung mangrupa musuh dina dua misi pamungkas dina kampanyeu Yunani. Maranéhna ditampilkeun ku prajurit jubah konéng, mawa taméng, jeung nyerang ngagunakeun tumbak

Catetan[édit | sunting sumber]

  1. Herodotos, Historia 7.83.1
  2. Herodotos, Historia 7.211.1
  3. Herodotos, Historia 8.113.2
  4. a b c Lendering, Jona "Immortals, Greek name for an elite regiment in the ancient Achaemenid empire" Iran Chamber Society. Diakses pada 9 April 2011 
  5. Athenaios (q.v.), Deipnosophistai 12.514C
  6. Hesykhios, Lexicon s.v.
  7. Procopius (1.14.31)
  8. Casius (52.27.1)
  9. Schmitt, Rüdiger "Immortals" Encyclopaedia Iranica. Diakses pada 9 April 2011 
  10. a b Xenophon. Kyrou Paideia 7.41.83
  11. a b Lendering, Jona "'Immortals'" Livius. Diakses pada 9 April 2011 
  12. a b Trikeriotis, John "The Immortals" 300 Spartan Warriors. Diakses pada 10 Séptémber 2011 
  13. Deadliest Warrior, episode 17.
  14. Xenophon, Kyrou Paideia
  15. Arrianos, III, 3.1
  16. "The Immortals- Ancient Persia’s Force of Elite Soldiers" The Ancient Standard. Diakses pada 8 Agustus 2011 
  17. a b c d e f Rastani, Nabil "The Guards of the Shahanshah" Iranian.com. Diakses pada 9 April 2011 

Referensi[édit | sunting sumber]

Sumber kuno[édit | sunting sumber]

  • Arrianos, Alexadrou Anabasis
  • Athenaios, Deipnosophistai
  • Cladius Aelianus, Varia Historia
  • Herodotos, Historia
  • Hesykhios, Lexicon s.v.
  • Quintus Curtius, Historiae Alexandri Magni
  • Xenophon, Kyrou Paideia

Sumber modern[édit | sunting sumber]

  • A. Pagliaro, Fortuna di parole iraniche in occidente, Asiatica 9, 1943, hlm. 36-42.
  • Bauer, Susan W. (2010). Sejarah Dunia Kuno, Jakarta: Elex Media Komputindo. ISBN 978-979-27-9043-6.
  • Toynbee, Arnold (2007). Sejarah Umat Manusia, Yogyakarta: Pustaka Pelajar. ISBN 979-377-74-1.
  • Erlangga, Ardyan M. (2011). Sejarah & Kebudayaan Dunia, Yogyaakarta: Familia. ISBN 978-602-97660-5-9.
  • Briant, Pierre (1996). Histoire de l'Empire perse, de Cyrus à Alexandre (in Prancis), Paris: Fayard.
  • Romero, Javier (2005). Cuerpos de élite, Misión Imposible (in Spanyol), Madrid: Circle Digital.
  • Farrokh, Kaveh, Angus McBride (2005). Sassanian Elite Cavalry, Oxford: Osprey Publishing.
  • Hignett, C. (1963). Xerxes’ Invasion of Greece, Oxford: Clarendon Press.
  • Olmstead, A. T. (1948). History of the Persian Empire, Chicago: University Of Chicago Press.
  • Sekunda, Nicholas (1992). The Persian Army 560-330 BC, Oxford: Osprey Publishing.
  • Wilcox, Peter (1986). Rome's Enemies (3): Parthians and Sassanid Persians, Oxford: Osprey Publishing.
  • Farrokh, Kaveh (2007). Shadows in the Desert: Ancient Persia at War, Oxford: Osprey Publishing.
  • Kazhdan, Alexander (Ed.) (1991). Oxford Dictionary of Byzantium, Oxford: Oxford University Press.
  • D'Amato, Raffaele (2007). The Eastern Romans 330-1461 AD, Hong Kong: Concord Publications.
  • Runciman, Steven (1974). Byzantine Civilization, New York City: Plume.
  • Heath, Ian (1979). Byzantine Armies, Oxford: Osprey Publishing.

Tumbu Luar[édit | sunting sumber]

Wikimedia Commons logo
Wikimedia Commons mibanda média séjénna ngeunaan

Citakan:Wikiportal Citakan:Wikiportal


Hourglass drawing.svg