Piano

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas basa Sunda
Luncat ka: pituduh, sungsi
Piano

Piano, salasahiji alat musik modern.[1] Asal kecapna tina basa Italia nya éta pianoforte.[1] Nu maén piano disebut pianis. [1] Dina mimiti ngajieunna, piano dimekarkeun tina waditra kacapi.[1] Bédana téh ari kacapi mah maénkeunana dipetik sedengkeun piano ku cara neken tuts-tutsna.[1] Sacara umum piano kaasup kana kelompok musik instrumental.[1] Sora piano asalna tina geteran papan sora, nepi ka sora nu dihasilkeun bisa diatur gede leutikna.[1]

Sajarah Piano[édit | sunting sumber]

Piano lahir tina kahayang ngahijikeun kaéndahan nada clavichord jeung kakuatan harpsichord.[2] Kahayang éta ngabalukarkeun Marius nu asalna ti Paris (1716), Schroter ti Saxony (1717), jeung Christofori (1720) ti Padua Italia pikeun nyieun piano.[2] Hasil nu lengkep sarta sampurna dijieun ku Bartoloméo Christofori hasil tina piano harpsichord jeung spinet (harpsichord leutik) di Istana Florentine-istana Ferdinand de’Medici. [2] Ayeuna, éta piano munggaran téh diteundeun di Metropolitan Museum of Art di New York.[1]
Pertengahan abad ka XVII, piano dijieun dina sababaraha wangun.[2] Mimitina mah aya nu dijieun mirip desain harpsichord kalawan senar nu luhur.[2] Piano jadi leuwih pendék sanggeus John Isaac Newton ngamodifikasi tempatna nepi ka sajajar jeung téhel.[2]
Dina ahir periode 1790 piano era Mozart ngalaman parobahan dimana instrumen modern katingali leuwih unggul.[1] Dina révolusina, piano loba meunangkeun dukungan ti para komposer jeung pianis-pianis nu kasohor.[1] Lantaran kitu, dina cara nyieunna ogé maké téhnologi canggih.[1] Dina sawatara waktu, gaya sora piano nambahan tina 5 oktaf jadi 7 1/3 (atawa leuwih) oktaf, nu némbongkeun piano beuki modéren.[1] Majuna ieu téhnologi piano alatan dukungan perusahaan di Inggris, Broadwood. [1]Perusahaan Broadwood ngirim pianona ka Hadyn jeung Beethoven.[1] Taun 1820 ieu piano ahirna disampurnakeun jadi tujuh oktaf. [1] Tuluy kaluar tuntutan instrument musik nu leuwih hampang sarta murah. Alatan hal éta, dijieun waé piano pasagi. Nepi ka taun 1860-an piano pasagi loba dipaké.[1]
Rangka senar piano nu munggaran mah maké rangka kai tur ngan ukur bisa nahan tegangan nu hampang tina senarna.[2] Balukarna nalika abad ka XIX diwangun gedong-gedong konser nu ukuranana gedé, éta sora piano kurang cocog.[2] Alatan hal éta, piano nu maké rangka wesi mimiti dijieun.[2] Taun 1800 Joseph Smith ti Inggris nyieun piano maké rangka logam.[2] Piano hasil inovasi bisa nahan tegangan senar leuwih kuat nepi ka sora nu dihasilkeun ogé leuwih gedé. [2] Taun 1882, Erard sadudulur maténkeun double escapement action nu aya patalina jeung cara kerja piano. [2] Notasi piano asalna mah miboga 62 tuts jeung lima oktaf sarta dilengkepan ku pedal.[2] Éta pedal dipakéna maké tuur.[2] Tapi pedal nu maké suku nu diwanohkeun ku Inggris leuwih popiuler nepi ka kiwari. [2] Sajumlahing kamekaran aya dina abad ka XIX jeung XX.[2] Tegangan senar nu mimitina ditetepkeun 16 ton dina taun 1862, nambahan jadi 30 ton dina piano modéren.[2] Taun 1930-an aya piano éléktronik (piano listrik). [2] Dadasarna tina téhnologi éléktroakustik atawa metode digital.[2] Nada sorana kadéngé ngaliwatan amplifier jeung loudspeaker.[2]

Referensi[édit | sunting sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p Perkembangan Piano (Diaksés tanggal 22 Oktober 2011)
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t Sejarah Piano (Diaksés tanggal 22 Oktober 2011)


Nulis.jpg