Upacara adat nikahkeun

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi

Nikah atawa kawin nya éta kecap pagawéan hirup babarengan beurang-peuting antara saurang awéwé jeung lalaki sanggeusna disatujuan ku indung-bapana jeung disahkeun ku panghulu [1].Upacara adat ngawinkeun biasa disebut nikahkeun dina basa nu lemes, ngawinkeun dina basa anu kasar[2].

Runtuyan adat nalika nikahkeun[édit | sunting sumber]

Dina adat sunda nalika nikahkeun aya sababaraha adat anu dilaksanakeun boh ti saméméh prung nepi ka réngséna dina poé anu geus ditangtukeun nya éta:

Neundeun omong nya éta prosés dimana ti pihak lalaki neundeun omong atawa talatah anu eusina boga niat jang hahadéan[2]. Neundeun omong bisa dihartikeun ogé méré jangji[2]. Prosès neundeun omong atawa ngalagat biasana teu dibarengan ku upacara anu geus tangtu[2]. Ku kituna, teu kaasup kana runtuyan upacara nikah, tapi saukur mangrupakeun prosès wawanohan antara lalaki jeung awèwè atawa prosès anu ngamimitian ayana upacara nikah[2].

Narosan atawa ngalamar nya èta salasahiji prosès anu dilakukeun ku pihak lalaki ku cara datang ka kulawarga pihak awéwé bari mènta budak awéwéna jang dijadikeun pamajikan[2]. Lamun ditarima, tuluy aya dituluykeun kana tukeur cingcin, tapi aya ogè anu tuluy nikah sabada dibadamikeun diantara dua pihak kulawargana, Nalika narosan ti pihak lalaki biasana mere sajumlahing duit ka pihak awéwé sagèdèngeun mawa kadaharan[2]. Prosès ieu disebut upacara narosan atawa nanyaan, kusabab kanyataanana pihak lalaki datang ka pihak awèwè demi maksudna tèh pikeun nanya ka kolot awèwè budakna geus aya nu nanyaan atawa teu acan[2] . Sabenerna hal èta mangrupakeun adat hungkul ti pihak lalaki, sanajan pihak lalaki geus nyaho yèn budak awèwè tèh masih kènèh lèlèngohan, can boga kabogoh malah kadang-kadang duanana geus papada wanoh[2].

Seureuh euleus mangrupakeun prosès sabada pihak lalaki narosan atawa nanyaan[2]. Seureuh euleus dipigawè ku pihak awèwè datang ka kulawarga lalaki, anu maksudna tèh ngabales kunjungan ti pihak lalaki nalika narosan[2]. Nalika kulawarga pihak awèwè datang ka imah lalaki tèh babawaan anu eusina dahareun, sangu sapuratina atawa kuèh-kuèh sèjènna[2].

Seserahan hartina masrahkeun, maksudna masrahkeun calon pangantèn lalaki ka pihak kulawarga anu bakal jadi mitohana[2].

Ngeuyeuk atawa ngaheuyeuk hartina ngatur, ngurus, atawa migawè[2]. Ngeuyeuk seureuh nya èta migawè jeung ngatur seureuh anu dicampurkeun jeung barang-barang pangabutuh sapopoè kawas bèas, uyah, gula, jeung alat-alat dapur ogè perhiasan[2].

Perkawinan dianggap sah nalika geus ngaliwatan akad nikah, boh nurutkeun agama, hukum jeung masarakat[2]. Akad nikah biasa disebut walimahan[2]. Akad nikah nya èta jangji nikah, sedengkeun walimahan nya èta salametan atawa syukuran pikeun ngado’akeun pangantèn anu karèk gè ngadahup diistrènan dihareupeun naib atawa disebut ogè dirapalan[2].

Sungkem nya èta salam ka jalma anu dianggap dipihormat ku pangantèn[2]. Dina acara sungkem pangantèn salam ka indung bapa ti dua kulawarga jeung sesepuh anu aya[2]. Maksudna nya èta mènta restu ka dua kulwarga dina ngambah kahirupan rumah tangga anu rék dilakonan[2].

Nyawèr asal kecapna tina kecap awèr atawa sawèr nu hartina cèrèt. Nalika nyawèr pangantèn diuk babarengan pagigir-gigir bari dipayungan nyanghareup ka tukang sawèr anu sakali-kali ngalungkeun bèas, konèng anu dikeureutan,duit rècèh ka pangantèn[2]. Duit anu dialungkeun tèh diparebutkeun ku panongton, utamana barudak[2]. Inti tina nyawèr tèh nepikeun nasèhat ngeunaan kahirupan rumah tangga, kawajiban salaki ka pamajikan jeung sabalikna anu ditepikeun ku tukang sawèr[2].

Buka pintu hartina mukakeun panto, dina prak-prakanana pangantèn awèwè samèmèhna asup heula ka jero imah, sedengkeun pangantèn lalaki nungguan dihareupeun panto[2]. Sabada pangantèn lalaki geus nedunan syarat anu dipènta ku pangantèn awèwè, nyanggupan sarta nyebutkeun salam tuluy panto dibukakeun, pangantèn lalaki asup dibagèakeun ku pangantèn awèwè anu satuluyna duanana diuk babarengan di tempat anu geus disadiakeun[2].

Huap lingkung nya èta silih huapan bari leungeunna ngalèng atawa ngalingkung kana tenggek pasanganana[2].

Munjungan hartina datang bari silaturahmi ka jalma-jalma anu dipihormat, utamana ka kolot jeung dulur-dulur anu geus mantuan dina upacara nikah nepi ka acarana lungsur-langsar. Biasana salaki pamajikan munjungan bari mèrè parcel atawa sangu sapuratina[2].

Ngunduh mantu atawa munduh mantu hartina nyokot atawa narima minantu[2]. Upacara ngunduh mantu maksudna upacara anu dilakonan pikeun narima minantu awèwè ku pihak kolot lalaki. Upacara ngunduh mantu temaptna di imah kolot lalaki, biasana dibarengan ku pesta[2]. lamun di kulawarga anu kurang mampu, ngunduh mantu ngan saukur narima salaki pamajikan (pangantèn) di imah kolot salaki anu disaksèni ku kulawarga jeung dulur-dulurna[2].

Numbas mangrupakeun upacara anu dilakonan nalika salaki pamajikan geus laki rabi atawa hahadèan[2]. Upacara ieu tujuanana nya èta pikeun ningalikeun yèn maranèhna akur , ogè ningalikeun ka kolot boh ti pihak awèwè boh ti pihak lalaki yèn si awèwè samèmèhna masih parawan kènèh atawa sabalikna (geus teu parawan)[2].

Reflist[édit | sunting sumber]

  1. Danadibrata,R.A.2006.Kamus Basa Sunda.Bandung:Kiblat Kaca 328
  2. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac ad ae af ag Suhamihardja, A Suhandi.Spk.1993.FUNGSI UPACARA TRADISIONAL PADA MASYARAKAT PENDUKUNGNYA MASA KINI DI JAWA BARAT.DEPARTEMEN PENDIDIKAN DAN KEBUDAYAAN