Vodka
Vodka nya éta inuman nu ngandung alkohol tinggi, mangrupa hasil penyulingan tina ngaragian bubur siki-sikian paré. .[1] [2] Mimitina vodka dijieun tina kentang.[1] Dina nyieun vodka teu ditambahan nanaon pikeun meunangkeun spirit nu nétral. [1]Sakabéh sifat dileungitkeun nepi ka nu nyésa téh inuman nu teu bau, teu boga rasa, euweuh warnaan jeung lembut.[1] Ieu hal mangrupa kauntungan pikeun meunangkeun inuman campuran. [1]Vodka ngandung alkohol 40%.[1] Nagara-nagara nu ngahasikeun vodka nu kawentar di anatarana; Rusia (Stolichnaya), Inggris (Smirnoff, Cossack), Jerman (Wolf Schmidt’s), Belanda (Belshoi jeung Bolskaya). [1] Inuman-inuman popular nu dijieun tina vodka; 30 ml vodka di luhur és batu nu tuluy dianuan jus, vodka maké coca cola.[1] Vodka maké tonik, vodka maké lemonade, vodka maké ginger ale. Vodka diproduksi di Polandia jeung Rusia dina abad ka-12 jeung ti mimiti éta jadi inuman nu kawentar di éta nagara-nagara. [1]Cara tradisional nginum vodka nya éta ku cara ngaregot inuman murni nu tiis bareng jeung ngagégél dahareun.[1] Caviar jeung smoked salmon pas pisan jeung vodka.[1] Di Rusia rasa vodka béda, tina rasa coklat nepi ka rasa cabé rawit. [1]Ayeuna vodka meunang katénaran minangka inuman pencampur nu alus.[1]
[édit] Referensi
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |