Ajaran Jati Buhun
Dialek utara*)
Jati Buhun (ᮏᮒᮤ ᮘᮥᮠᮥᮔ᮪/جَتِ بُحُنْ) mangrupa ajaran titinggal ti Pamuunan (karuhun Buhun), nu tadina ti ajaran Buhun nu ngajati[1], nu geus aya jauh seméméh urang Sunda diaranan Sunda, jauh saméméh bangsa India ngaradegkeun karatuan di taneuh Pamuunan. Malah mah jauh saméméh Karatuan (karaton/kraton) Salakanagara salaku karajaan nu pang mimitina aya di taneuh Pamuunan tur di Nusantara, ngadeg di-adegeun ku bangsa India nu ngaranna Dewawarman[2]
Ajaran Jati Buhun di ajarkeun turun-tumurun tinu Pikukuh-pikukuh nu eusina téh mangrupa papatah jeung pépéling.
Punggelan Sajarah Jati Buhun
[édit | édit sumber]mimitina mah ajaran bangsa urang téh euweuh ngarana, ku lantaran sakabéhna ogé ngagem kanu ajaran nu sarua, yaéta ageman ti Pamuunanna sorangan, lain ti bangsa séjén. Tapi ku lantaran dararatangna bangsa deungeun ti India, nu ngaradegeun karatuan, bari jeung mararawa agemana sorangan, nyaéta ageman Hindu-Budha, ku lantaran kitu jadi aya ageman séjén di taneuh Pamuunan.
Tapi sanajam kitu, rahayatna nu teu pati paduli mah angger kénéh ngagem kana ageman ti pamuunanna sorangan. Sedengkeun rahayat nu jadi pangaula karatuan mah, saeutik lobana agemanna téh jadi ngilu kapangaruhan ku agemam karatuan yaéta Hindu-Budha. Ieu téh nu mimiti ngajadikeun ayana tilu ageman, yaéta ageman rahayat ti pamuunanna sorangan, ageman rahayat nu mangaula ka karatuan, jeung ageman nu ngawasa di karatuan.
Ageman rahayat ti Pamuunanna sorangan éta nu ngajadikeun ayana ajaran Jati Buhun ayeuna. Nu ajaranna euweuh patula patalina jeung ajaran karajaan naon waé.
Ageman rahayat ti Pamuunanna sorangan, turun-timurun diajarkeun ka katurunan katurunanna nu tungtungna nepi ka Puun Awat.
Aki Unté nyaéta incuna Puun Awat, ku lantaran aki unté kapapaténan ku indungna di umurna nu leutik kénéh, reujeung Puun Awat ogé ngan hirup duaan jeung pamajikannana dilahan tatanén nu notoang, ku lantaran kitu, aki Unté basa keur leutikna tungtungna milu cicing di Puun Awat, Puun Awat téh nyaéta mangrupa aki ti indung aki Unté.
Salila Aki Unté cicing di Puun Awat, Puun Awat ngajarkeun ka Aki Unté ajaran Ageman rahayat ti Pamuunanna sorangan, nyaéta ageman Buhun nu ngajati atawa Buhun nu murni kénéh.
Ku Puhu Nono éta ajaran Buhun nu dianggap murni téh dijatikeun atawa di murnikeun deui, nyaéta diberesihan tinu sagala rupa pangaruh-pangaruh agama-agama deungeun jeung pangaruh-pangaruh ajaran séjénna, tur disaluyukeun nyaéta disaluyukeun jeung kamajuan jaman supaya ulah kaséséréd ku caah modérenisasi. Da cenah modérenisasi jeung teknologi mah lain ajaran idéologi agama, jadi éta mah ngan saukur cangkangna hungkul ari eusina mah nya angger kénéh nyaéta ajaran Jati Buhun, nu nepi kaayeuna éta ajaranna téh disebutna ajaran Jati Buhun.
Pangulikan kahirupan
[édit | édit sumber]Ajaran Jati Buhun mah percaya yén di jeroning diri jelema hirup téh aya tilu bagéan diri teu leuwih jeung teu kurang, tilu bagéanna téh nyaéta:
tilu bagéan di jeroning diri nu hirup (bisa ngajadi tur gumerak)
- Waruga nu ngajadikeun jelema bisa aya kalawan nyaan.
- Sukma nu ngahiub dina uteuk nu ngajadikeun jelema jadi hirup.
- Nyawa nu ngahiub dina jantung nu ngajadikeun jelema ngajadi.
—Jéjér Béas : Pikukuh Kahirupan
Euceuk Puhu Nono (pamuka ageman Jati Buhun) ajaran Jati Buhun téh mangrupa bahan élmu pangaweruh titinggalan karuhun Buhun nu diguruan ku kanyaanan tur pangalaman mangrébu-rébu taun, jeung mun daek medarkeun kanu pamikiran moderen mah bakal ngamunculkeun élmu pangaweruh nu bakal muka bongbolongan sagala rupa. Salah sahiji contona metakeun asalna jadi jelema minurut ajaran Jati Buhun di handap ieu:
Sel mani yaéta waruga nu ngabogaan sukma jadi sel mani bisa kokoséhan maké buntutna, ari sel endog yaéta waruga nu ngabogaan nyawa jadi sanajan sel endog teu bisa gerak ogé tapi bisa teu buruk nepikeun ka sababaraha waktu. Mangka hahijina sel mani nu mawa waruga jeung sukma, tur sel endog nu mawa waruga jeung nyawa, bisa ngahijikeun waruga, Sukma, jeung nyawa dinu hiji jirim, jadi manjing jang ngajadi jeung ngawentuk kahirupan anyar.
Sedengkeun kloning mah tangtu teu make sel mani, jadi perlu bantuan kejut listrik jang ngahudangkeun Sukma.
—kanyaanan tetempoan moderen ngabahas asal jelema jadi (reproduksi) diténjo tinu ajaran Jati Buhun
Hadé, Goté, Jeung Hapa ngageugeuh di jeroning diri jalma
[édit | édit sumber]Euceuk ajaran Jati Buhun mah, hadé jeung goté katut hapa (teu hadé tur teu goté) kalakuanna téh geus aya di jeroning diri urang sorangan, tinggal urangna apa arék ngalampahkeun kalakuan hadé, atawa arék ngalampahkeun kalakuan goté, atawa arék ngalampahkeun kalakuan hapa.
Ku ayana Pamaheg nu agem di jeroning diri jelema, mangka sakuduna mah jelema téh bisa ngabédakeum mana kalakuan nu hadé jeung mana kalakuan nu goté, ku ayana pamaheg ngajadikeun jelema jadi nyaho mana nu disebut kalakuan hadé jeung mana ni disebut kalakuan goté.
Ku kituna, mun hayang jadi jalma nu hadé kalakuana téh, teu kudu diajar, lantaran diajar mah lain supaya jadi hadé, tapi supaya jadi pinter. Jelema nu hadé kalakuannana can tangtu pinter jeung jelema nu pinter gé can tangtu kalakuanna hadé. ku lantaran hadé jeung pinter mah mangrupa dua pangabisa nu béda. ku kituna supaya jadi hadé kalakuannana nu dibutuhkeunna téh lain papagah tapi pépéling. Mangka ku kituna Pikukuh Jati Buhun mah eusina téh lain ngan saukur Papatah hungkul tapi aya ogé Pépéling nu ngélingkeun, nu ngajadikeun ayana kasaimbangan di jeroning ajaranna téh.
Nu ngabaruhun gé nyaladar yén kapinteran téh minangka nu pang utamana, tapi kahadéan jauh lewih utama deui. Da kapinteran gé mun bari jeung euweuh kahadéanna mah bisa ngagiring kanu kajahatan nu bisa ngarugikeun batur, sedengkeun kahadéan bari jeung euweuh kepinteranna ogé nya saheteuna teu mantak ngagiring kanu kajahatan, jadi moal ngarugikeun batur.
Mun hayang pinter nya kudu loba diajar, tapi mun hayang kalakuanna hadé mah nya kudu loba éling, mun hayang éling nya tinggal ngagunakeun haté nu pinuh ku pangéling-ngéling di jeroning Pamaheg.
ku kituna, supaya bisa ngabédakeun kalakuan hadé jeung kalakuan goté, teu kudu muka bacaan nanaon jeung teu kudu ngadéngékeun omongan sasaha, tapi cukup ku ngagunakeun haté nu anteb jeung kaéling kana diri di jeroning Pamaheg, mangka ku cara kitu bakal jadi ngarti jeung éling yén kalakuanna téh hadé atawa goté. Sarua waé jeung mun hayang ngabédakeun patempoan nu wararaas atawa patempoan nu sareukseuk, mangka cukup ku ngagunakeun panon jang ninggali jeung nganyahokeun. Atawa hayang ngabédakeun sora halimpu jeung sora rébék, mangka cukup ku ngagunakeun ceuli jang ngadéngékeun jeung jang ngabédakeun, teu kudu bari jeung muka bacaan nanaon atawa ngadéngékeun omongan sasaha. Mangka ku kituna tugas jalma nu pang utama dina ajaran Jati Buhun mah nyaéta éling kanu aturan nu aya di jeroning dirina, ku carana kitu bakal bisa mawa diri nepi ka jadi jelema nu sabener-benerna jelema.
Sabenerna mah unggal jelema gé mimiti ngalakukeun kalakuan goté téh, tangtu bakal ngarasa salah tinu kagotéannana sorangan, éta hartina ceuk ajaran Jati Buhun mah nyaéta Pamaheg jeung haté éta jalma téh bisa kénéh jalan, tapi ku lantaran éta jalma téh osok ngalakukeun kalakuan goté waé, mangka Pamaheg jeung haténa éta jalma téh jadi ruksak nu ngajadikeun teu bisa jalan deui, lantaran osok nolak kana kahadéan waé jeung tara digunakeun haté. Mantakna uteukna jadi ngabenerkeun kanu sakabéh kalakuan goténa. Supaya éta jalma téh bisa éling deui kanu kasalahanna, mangka éta jalma téh perlu diélingkeun laku lampahna nepi ka Pamaheg jeung haténa bisa jalan deui.
Pépéling Laku Lampah
[édit | édit sumber]Dina ajaran Jati Buhun, aturan Gusti nu ngersakeun nu saenya-enyana Gusti, geus aya dina jeroning diri jelema éta sorangan, tinggal éta jelemana téh ngarti, éling, jeung narima kana éta aturan ti Gusti Hyang Agung. Jeung kacida dorakana lamun percaya yén aya aturan ti Gusti nu kawasa nu ditalatahkeun ka jelema séjénna. ku lantaran éta téh geus nganggap Gusti nu kawasa téh geuning teu walakaya jadi ngabutuhkeun bantuan jelema jang ngatur jelema deui, da pédah ajaran Jati Buhun mah percaya yén Sang Hyang Agung Gusti nu saenya-enyana Gusti téh sanggup ngatur nu araya, nu jaradi, jeung nu harirup, bari jeung teu butuh bantuan sasaha jeung teu kudu nyampeurkeun atawa talatah ka jelema jang jelema séjénna, ku lantaran Gusti nu kawasa nu saenya-enyana Gusti ngabogaan carana sorangan jang ngatur segala-galana, bari jeung teu kudu niru kanu cara jelema.
Aya tilu pépéling diri di jeroning ajaran Jati Buhun nyaéta Ngaji [1], Ngaji Deka atawa Ngaji Rasa jeung Ngaji Kawila.
#Ngaji Diri nepikeun ka urang téh ngarti, éling, jeung moal ngalakukeun nu teu pantes dilakukeun ku diri urang, tur sabisana nananyakeun kanu kesalahan diri urang sorangan saméméh nyalahkeun batur.
- Ngaji Deka nu aya dina diri urang sorangan, nepi ka urang jadi ngarti jeung éling kumaha mun urang dirugikeun ku batur, siga dinyenyeri, ditipu, dipaok, diwiwirang, jeung dirugikeun séjéna, nepikeun ka urang téh embung ngarugikeun batur jeung arék ngalakukeun batur siga urang hayang dilakukeun ku batur.
- Ngaji Kawila nepikeun ka urang téh embung ngan saukur mentingkeun diri urang sorangan, tapi ogé paduli kanu kapentingan batur jeung kapentingan balaréa.
—Jéjér Béas : Pikukuh Laku Lampah
Pépéling di luhur ngelingan jelema supaya daék wawuh kana aturan nu aya dina dirina sorangan salaku jelema, lantaran jelema dijurukeun téh supaya jadi jelema nu laku lampahna siga laku lampah jelema, kitu ogé beurit dijurukeun jang jadi berit reujeung laku lampah na salaku berit nu rampus jeung jotok, manuk jadi manuk jeung paheut kanu jodona, maung jadi maung nu ngabogaan sima jeung telenges, jeung saterusna, éta téh aturan Gusti nu ngersakeun nu saenya-enyana Gusti.
Ajaran Jati Buhun ngajadi tinu kanyaanan jeung pangalaman karuhun Buhun salila mangrébu-rébu taun, nepi ka ceuk nu ngagemna mah ajaran Jati Buhun téh bakal saluyu jeung kanyaanan tur bakal bisa dipaké nepika iraha waé ogé.
Pépéling Bati Lampah
[édit | édit sumber]Jati Buhun teu apal jeung nu ngaranna reinkarnasi lantaran dina ajaran Jati Buhun mah sakabéh nu dijurukeun téh nyaéta jirim anyar nu asalna ti kolotna sorangan. Tilu bagéan di jeroning diri jelema hirup nyaéta Waruga nu ngajadikeun jelema jadi aya, Nyawa nu ngajadikeun jelema jadi ngajadi, Sukma nu ngajadikeun jelema jadi hirup, éta katiluna téh bener-bener asalna ti indung bapana sorangan jeung lain ti reinkarnasi atawa ti naon waé. Mangka ku kitu, Jati Buhun mah teu wawuh jeung nu ngaranna karma, tapi wawuh ari cukang lantaran mah nu asalna ti bati lampah, katut wawuh kanu pangaruh ti mujur jeung apes mah nu mangrupa bagéan ti jalan hirup.
Bati Lampah aya tilu bagéan nyaéta Sugema, Mamala, Dodoja.
#Sugema nyaéta kaayaan nu pibungaheun, sugema bisa datang mun urang bisa ngabungahkeun hati jalma séjénna, sanajan urang barang béré nu kacida lobana ogé mun jelema nu dibéréna haténa teu bungaheun mah, nu méré na ogé moal meunang sugema nanaon, tapi mun nu méréna sanajan ngan saeutik ogé hég wéh nu dibéréna haténa bungaheun, éta nu méréna isukan pagéto gé bakal meunang sugema nu lebih gedé ti nu geus dibérékeun. Mingkin gedé kabungah jalma nu dibéré, mingkin gedé ogé sugema nu bakal katarima ku nu méréna.
- Mamala nyaéta kaayaan nu teu dipiharep. Mamala bakal datang mun urang ngarugikeun nepi ka nganyerikeun hate éta jalma nu geus dirugikeun, mingkin nyeri haténa éta jalma nu dirugikeun mingkin gedé ogé Mamala nu bakal ditarima ku jalma nu geus ngarugikeunnana, sagedé nanahaon ogé jalma nu ngarugikeun ka jalema séjénna salila nu dirugikeunna teu ngarasa dirugikeun mah, mamalana ogé moal datang, tapi mun jelema nu ngarasa dirugikeun nyeri haténa mangka éta mamala bakal nepi ka éta jelema nu geus ngarugikeun, malah mah mun urang manggihan pangaboga batur najan teu pati aya pangajina ogé (siga duit recéh, atawa banda nu murah) di jajalaneun, hég wéh dicokot terus jelema nu kaleungitannana kuciwa haténa, mangka éta nu nyokotna téh bakal meunang mamala nu jauh lewih mahal tibatan pangaboga batur nu geus dicokot di jajalaneun téa, mangka leuwih hadé mun manggih pangaboga batur téh antepkeun wéh, lantaran saha nu nyaho nu bogana rék balik deui néangan.
- Dodoja, jelema nu meunang dodoja bakal didoja kapancegan haténa, mun sanggup ngaliwatan dodoja ku cara hadé bakal meunang sugema, tapi mun teu sanggup ngaliwatan dodoja ku cara nu hadé bakal meunang mamala. Mun jelema keur ngabogaan pangabutuh nu kacida butuhna tuluy wéh aya jalanna ku jalan goté éta hartina jalma téh keur meunang dodoja, mun sanggup ngaliwatan éta dodoja kucara hadé atawa teu ngalampahkeun kalakuan goté lantaran kagoda ku pangabutuh, mangka iraha-iraha ogé éta jalma téh bakal meunang sugema, tapi lamun teu sanggup ngaliwatan dodoja kucara hadé atawa ngalampahkeun kalakuan goté pédah kagoda ku pangabutuh, mangka iraha-iraha ogé éta jalma téh bakal meunang mamala.
Mun urang nyokot naon waé sakur pangaboga batur karasana mah siga nu keur nyokotan sugema, padahal mah naon nu ku urang dicokotan téh teu nyaho mah ngan saukur mamala, mingkin loba nu dicokotanna mingkin loba ogé mamala nu katarimana, ku kituna jelema nu geus éling ku Pikukuh Bati Lampah mah moal sok cukat-cokot pangaboga batur.
—Jéjér Béas : Pikukuh Bati Lampah
Salian ti éta aya ogé kaapes jeung kamujuran salaku bagéan ti jalan hirup, da dina ajaran Jati Buhun mah, hirup téh siga cai nu palid jeung walungan siga jalan hirup nu daék teu daék bakal diliwatan.
ku kituna, dina ajaran Jati Buhun mah katempo bédana sugema nu mangrupa kanyaah, mamala nu mangrupa pangwarah, jeung dodoja nu mangrupa tah milih. Jadi euweuh pangwarah nu disebut tah milih, atawa kanyaah nu disebut pangwarah.
Dinu ajaran Jati Buhun mah, lampah goté téh teu bisa dileungitkeun ti diri nu ngalakikeunna, tapi bisa diimbangan ku cara ngalampahkeun kahadéan nu jauh leuwih gedé ti batan kagotéan nu geus dipilampahna.
Pangulikan Papatén
[édit | édit sumber]ku lantaran ajaran Buhun ieu téh geus aya jauh saméméh agama-agama ti daratan asup pulo-pulo Nusantara, mangka ajaran Jati Buhun nu mangrupa ajaran Buhun nu ngajati jeung dijatikeun teu wawuh jeung Reinkarnasi, Surga, Naraka, atawa Moksa,, tapi ieu ajaran téh nyaho kanu tilu kapapaténan.
Tilu jinis éta kapapaténan téh nyaéta: Paéh Kasarad, Paéh Kakungkung, jeung Paéh Sawilujengna
# Paéh Kasarad nyaéta paéh nu sukma (eroh) jadi wadal siluman, ku kituna Paéh Kasarad ogé bisa disebut paéh dipergasa.
- Paéh Kakungkung nyaéta paéh tapi sukmana kakurung di jero waruga (raga) jeung éta Sukmana bakal ilang bareng jeung ngaburukanna waruga, ku kituna Paéh Kakungkung bisa ogé disebut paéh ilang musnah.
- Paéh Sawilujeungna nyaéta paéh nu sukmana leupas ti warugana dinu kaayaan bahara-bahari nuju ka wengku kahyangan nu dipercaya mangrupa wengku nu lana, ku kituna Paéh Sawilujeungna bisa ogé disebut paéh sukmana lana.
—Jéjér Béas : Pikukuh Papatén
- Paéh kasarad nempa ka jalma nu ngalakonan urusan jeung siluman, atawa jalma nu diwadalkeun ku jalma séjénna ka siluman ku kaapesna atawa bisa ogé ku datangna mamala. Jelema nu Paéh kasarad sukmana bakal dicokot ku siluman, jeung mun éta jalmana Paéh Kakungkung, mangka siluman bakal angger ngadudut éta sukma ti warugana, sanajan hasilnyaéta sukma téh jadi cecel bocel atawa rapuh.
- Jelema nu Paéh Kakungkung bakal dialaman ku jalma nu osok nyieun kagotéan waé, nepi ka pikiranna jadi kotor jeung pamahegna jadi ruksak, pamaheg nu rusak éta nu bakal ngajadikeun jelema jadi Paéh Kakungkung.
Sedengkeun Paéh Sawilujeungna bakal dialaman ku jalma-jalma nu mujur, nu salila hirupna ngalampahkeun kahadéan, nepikeun ka pamikiran natéh tenang jeung reueus, ku lantaran henteu nyimpen laku lampah goté di jeroning dirina, jeung henteu ngabogaan kahayang jang ngalampahkeun kalakuan goté.
Sukma jelema téh nyaéta tinu sahab lunyi atawa gas nu gampang kaduruk. ku kituna di jeroning kepercayaan Jati Buhun mah waruga jelema nu geus paéh téh alusna mah dijauhkeun tinu seuneu, ku lantaran dipikapaur bisi sukmana aya teu jauh ti warugana ku kituna dipika paur bisi ilang kaduruk.
Pangulikan Buhun Kanu Panunggalan Gusti
[édit | édit sumber]Dijeroning pangulikan panunggalan Gusti nu dipikaboga ku Jati Buhun, teu apal ayana batara-batari, dewa-dewi, atawa malaikat. ku kituna Gusti katut sagala kakawasaanna mah bener-bener ngadeg sorangan bari jeung teu ngabutuhkeun bantuan batara-batari, dewa-dewi atawa malaikat, atawa jelema, jeung saha waé ogé salian ti éta. Nepikeun ka Gusti dina ajaran Jati Buhun mah salaku pang Hyangna nu hiji-hijina nu teu ngabutuhkeun bantuan nanaon jeung teu ngabutuhkeun bantuan sasaha atawa disebut Sang Hyang Agung ku kaagungannana.
Dina panenjo ajaran Jati Buhun saimbangna jeung saluyuna banua (buana/alam) tur kahirupan ieu, di mana unggal diri nu hirup ngabogaan jeroan awak nu disambungkeun tinu hiji kanu séjénna ku urat-urat nu kacida ahéngna jeung ruwetna, jeung cara pancén jeroanna nu luar biasa. Salian ti kitu ngawentukna kasaimbangan hirup tutumbu silih hakan katut peran tur pancén hirupna sewang-sewangan nu pinuh ku kasaluyuan. Mangka kacida ajaibna jeung kacida luar biasana mun ku-euweuh ayana Gustus nu ngersakeun, nu ngatur, jeung nu ngawanganna. ku kituna ceuk ajaran Jati Buhun mah Gusti nu saenyana-enyana Gusti téh dinyaankeun aya, salaku nu ngawangan tur nu ngatur kahirupan.
Mun Gusti nu kawasa dianggap salaku nu ngatur tur nu ngawanggan kahidupan, terus saha atuh nu geus ngatur katut geus ngawangan Gusti nu kawasa téh?
Hyang Agungna nu pang mimitina aya salaku Gusti nu kawasa Hatua nu saenyana, taya nu leuwih mimiti ti Gusti nu kawasa iwal ti kosong molongpong, mantak ku kitu euweuh nu ngawangan, nu ngatur, atawa nu ngersakeun Gusti nu kawasa Hyang Agung Hatua nu saenyana.
Gusti nu kawasa lir ibarat itungan hiji nu ngamimitian sakabéh itungan, jeung euweuh nu leuwih mimiti ti itungan ka hiji iwal ti kosong molongpong.
Sang Hyang Hatua nu saenya-enyana Gusti taya ngarana, euweuh nu miheulaan jeung moal Aya tungtung lilana. Salaku nu pangheulana aya nu teu manggih pamimitian, jeung salaku nu pang tungtungna aya nu teu manggih pangbéakan.
Mun sakabéhna geus ilang musnah, Gusti nu kawasa mah angger kénéh aya salaku nu pang tungtungna aya nu teu manggih pangbéakan, saterusna ngersakeun deui kana sagagalana salaku nu pang heulana aya nu teu manggih pamimitian. Éta téh lanana Gusti.
—Jéjér Béas : Pikukuh Hyang Agung
Contona nyaéta gambar silangrua atawa segi tilu sarua gigirna éta di handap, di mana nu pang nyungcungna di puncitna euweuh tungtungan deui, tinurup ka Gusti nu kawasa nu pang luhurna dina kaagungannana, jeung euweuh nu leuwih luhur kaagungannana ti batan Gusti nu kawasa. Silangrua nu pang handapna ngajébragan tinurup jeung sakur banua nu kacida legana kersaning Gusti nu kawasa, tur Gusti nu kawasa éta téh Hatua nu saenyana.
Pangulikan Sangiang mangrupa Bagéan ti Pangulikan Panunggalan Gusti
[édit | édit sumber]lolobana mah jalma-jalma di Indonésia nyangkana téh yén Sangiang téh yaéta pangulikan Gustina ageman Hindu, padahal mah kecap "Sang Hyang" téh euweuh nu ditulis di kitab Weda naon waé ogé, malah mah jalma-jalma Hindu di India mah teu warawuheun kana sebutan "Sang Hyang"téh, lantaran sabenerna mah pangulikan Sangiang téh nu bogana téh nyaéta ajaran Buhun jeung sababaraha ajaran tempatan séjénna di Indonesia.
Pangulikan Sangiang nyebar lega ti pulo Jawa, Sumatra, nepikeun ka samenanjung Malaya, jeung pulo-pulo laleutik di sabudeureunana. sebutan "sembahyang" asalna ti sebutan sembah katut Hyang, ngarujuk kanu sesembahan ka Sangiang. Paomongan sebutan "Sembahyang" di lingkur urang Islam Malayu jang ngagantikeun kecap sholat tina basa Arab, ngabuktikeun yén urang Malayu pernah wawuh kana sebutan Hyang nu hartina nyaéta Gusti nu kawasa dina ajaran Buhun.
Sangiang téh lainna ngaran tapi mangrupa hiji pangedal dina basa Buhun.
Sang asalna ti kecap sa-ang nu hartina nyaéta hiji pribadi atawa hiji sosok, atawa tunggal.
Sedengkeun Hyang hartina gaib, ku kituna teu bisa ditingali ku panon, teu bisa di déngé ku ceuli, teu bisa kaambeu ku irung, jeung teu bisa kacabak atawa kabedag ku awak, ku kituna teu bisa dicaritakeun kaayaannana.
Kecap Sang jeung kecap Hyang dihijikeun jadi kecap Sangiang.
ku kituna sakabéh nu leuwih ti hiji atawa ngabogaan kulawarga atawa ngabogaan katurunan atawa ogé aya tandinganana (musuh nu nandingan), atawa bisa ditingali jirimna, didenge sorana jeung dibayangkeun kaayaannana, nepikeun ka bisa dicaritakeun ucapan jeung lampahna siga singa nyaritakeun nu bisa disakséni, mangka éta téh lain Sangiang Gusti nu saenyana-enyana Gusti dina ajaran Buhun.
Tapi ku lantaran éarna nu sok ngahi-hijikeun antara pangulikan Sangiang nu pangulikanna téh ti panunggalan Gusti nu sajati, jeung pangulikan Gusti séjénna tinu pangulikan réa gusti, ngajadikeun kecap "Sangiang" téh sering disalah hartikeun. ku kituna jadi aya batu disebut sangiang, aya cai disebut sangiang, aya tempat disebut sangiang, jelema katut jurig gé aya nu disebut sangiang, éta téh kacida pohara dorakana mun ngarujuk kana ajaran Jati Buhun mah.
Kelir Jeung Tinurup
[édit | édit sumber]Jati Buhun ngahartikeun hartina kelir.
- Hideung nyekel harti satuhu, rempeg, jeung guyub dinu kahadéan.
- Bodas nyekel harti, teu panceg, élodan, jeung gampang kabawa ku sakaba-kaba.
- Héjo laut atawa héjo bulao semu hideung nyekel harti, belasungkawa, jeung nalangsa.
- Héjo bulo nyekel harti sakabéh kahadéan.
- Héjo daun nyekel harti subur makmur, beunghar ku dahareun.
- Konéng nyekel harti kaijid jeung pinter kodék.
- Konéng semu beureum nyekel harti degig jeung sombong.
- Beureum getih nyekel harti kabedegongan jeung katelengesan.
- Bungur nyekel harti bogoh jeung begér.
- Kalakay nyekel harti soméah jeung béréhan, katut jauh tina kasombongan.
- Beureum Gula nyekel harti basajan.
Tinurup Jati Buhun
Silangrua atawa segi tilu nu sarua gigirna nu kelirna hideung atawa bulao, jeung congcot, katut pamunjungan, éta téh mangrupa tinurup Jati Buhun.
Silangrua nu puncitna nyungcung, jeung congcot ogé nu puncitna nyungcung, jeung Pamunjungan (Punden Berundak) nu mingkin luhur tundaganna mingkin ngaleutikan, tinurup ti itungan nu pang leutikna nyaéta hiji, hartina dinu pangluhur-luhurna aya hiji Gusti Sang Hyang Agung Hatua nu saenyana. Dihandapna nu jébrag, tinurup kanu legana pangersa sinareng pangawasa Gusti nu saenya-enyana Gusti nu gawasaan banua (buana) Jenat jeung sakurna banua nu teu manggih tungtung nu kacida legana.
—Jéjér Béas : Pikukuh Congcot
Silangrua
Silangrua kelir héjo bulao nyekel harti welas asih, béréhan, jéung kahadéan. Silangrua Kelir héjo langit nyekel harti luhur, lega, jeung euweuh tungtungna, ngibaratkeun kanu kawasana Hyang Agung. Silangrua hideung nyekel harti pituhu kanu ageman Jati Buhum.
Silangrua kanyaanan tinurup kanu sagala nu aya di jeroning diri jeung sagala nu aya di luareun diri.
Congcot.
Congcot yaéta tinurup Jati Buhun nu mangrupa dahareun.
Kelir bodas dinu sangu tinurup tinu kakosongan, teu walakaya, jeung gampang dipangaruhan, warna héjo daun ti daun cau mangaruhan ku kabeungharan jeung kasuburan.
Musium Purna Bakti Pertiwi, nu dibangun di era kaprésidénan Suharto, di bagéan hateupna siga congcot.
Pamunjungan
Pamunjungan ngandung harti nu sarua jeung silangrua nyaéta tinurup jeung Panunggalan Gusti nu kawasa. Pamunjungan téh nyaéta tinurup Jati Buhun nu mangrupa wangunan, nu biasana mah éta wangunan téh geus kuna.
Pamunjungan Gunung Padang nyaéta situs megalitikum panggedéna di Asia Wétan ngidul jeung pang kolotna di dunya, salaku bukti ayana kamajuan Buhun mangsa baheula.
Candi Borobudur nyaéta candi Buddha nu mirip jeung Pumunjungan, dikira-kira Candi Borobudur téh nyaéta Pamunjungan Buhun nu dirobah jadi hiji candi Buddha. Nu dibangun ku Raja Samaratungga keur mangsa Wangsa Syailendra. Jeung diréngsékeun ku Ratu Prabudawardhani, putrina Samaratungga.[3]</nowiki>
Situs Purbakala Pugung Raharjo atawa sering disebut Taman Taman Purbakala Pugung Raharjo mangrupa Pamunjungan nu ayana di Desa Pugung Raharjo, Kacamatan Sekampung Udik, Kabupatén Lampung Timur, Provinsi Lampung.[4]
Taman Purbakala Pugung Raharjo nyaéta Pamunjungan Buhun nu saterusna dijadikeun enggon paragi ibadahna agama Hindu-Buddha dimangsa kajayaan Hindu-Buddha.[5]
Ngarujuk tina
[édit | édit sumber]- ↑ https://://hystoryana.blogspot.com/2018/05/sunda-buhun-ageman-sunda-purba-pra.pra.html?m=1.
- ↑ Media, Kompas Cyber. "6 Fakta Kerajaan Salakanagara, Kerajaan Tertua di Nusantara dan Leluhur Suku Sunda Halaman all". KOMPAS.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2022-05-06.
- ↑ "hubungan punden berundak dan borobudur - Brainly.co.id". brainly.co.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2022-04-26.<nowiki>
- ↑ "Situs Purbakala Pugung Raharjo" (dalam bahasa id). Wikipedia bahasa Indonesia, ensiklopedia bebas. 2021-05-24. https://id.wikipedia.org/w/index.php?title=Situs_Purbakala_Pugung_Raharjo&oldid=18419442.
- ↑ "Situs Taman Purbakala Pugung Raharjo, Dari Tinggalan Pra-Sejarah sampai Hindu-Budha". Balai Pelestarian Cagar Budaya Banten (dalam en-US). 2019-03-11. Diakses tanggal 2022-05-01. Archived 2022-06-14 di Wayback Machine