Alienasi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian

Aliénasi nyaéta kaayaan kaisolasi , hususna di psikologis salaku hasil tina parobahan-parobahan sosial. Konsép aliénasi langkung seueur dikaitkeun jeung ilmu sosial saperti kelompok marxis. Dina lingkup masyarakat kontemporér aliénasi dihasilkeun ku kamajuan téknologi. johnson ngabédakeun opat jenis aliénasi marxian, nyaéta: a) Aliénasi salaku hasil prosés produksi, b) Produk kagiatan individu, c) manusa séjén jeung d) Aliénasi salaku hasil ti diri sorangan. Durkheim ngaitkeuna jeung konsép anomi, teu saimbangna psikologis, boh sacara sosoranganan atawa kelompok. Singketna, aliansi marxian téh aya kaitanna jeung balukar tina kapitalisme,ku kituna ngajadikeun individu ngan salaku instrumén, lain makhluk sosial, sedengkeun anomi Durkheimian individu dina kaitanna jeung solidaritas sosial salaku bagian tina integrasi sosial. [1]


Aliénasi dina lingkup sastra[édit | édit sumber]

Dina lingkup sastra , kahiji, dikaitkeun boh jeung pangarang atawa karya-karyana, ku kituna aya anggapan yén sastra teu fungsi sacara nyata dina nyoko prosés pembangunan, sastra kaaliénasikeun ti struktur sosial nu ngahasilkeuna. Ku kituna, aya gagasan supaya lewih réa ngagali unsur ékstrinsik, karya sastra dina kaitanna jeung masyarakat éta sorangan. Kadua, sacara instrinsik aliénasi, ciri-ciri katerasingan dominan dina unsur panokohan. Dina sastra Barat Hamlet(shakespeare), The Stranger( Albert Camus), Waiting for Godot (Samel Beckett), jeung sajabana disebut salaku karya nu sarat jeung aliénasi. Di indonésia dikaitkeun jeung sastra sastra absurd saperti karya Putu Wijaya jeung Iwan Simatupang.[1]

Rujukan[édit | édit sumber]


  1. a b Prof(Em.) Dr. Nyoman Kutha Ratna, S.U. (2018). Ensiklopedia 2000 Entri Istilah Biografi , Karya, Metode dan Teori Sastra. Yogyakarta: Pustaka Pelajar. ISBN 978-602-229-743-7.