Lompat ke isi

Anjani

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Tokoh Pawayangan

Anjani nyaéta anak Resi Gautama ti patapaan Grastian jeung widadari ti Kaindran, Déwi Indradi.[1] Anjani miadi ka Sobali jeung Sugriwa.[1] Anjani mibanda jimat "Cupu Manik Astagina" paméré ti indungna, Déwi Indradi.[1] Dina hiji poé, waktu Indradi keur nyonyoo cupu, dipénta ku adina, Sobali.[1] Ku anjani teu dibikeun.[1] Duanana pakeukeuh-keukeuh tepi ka der paséa, sarta antukna garelut ragot pisan.[1] Keur garelut kitu kapanggih ku Resi Gautama, duanana tuluy ditalék.[1] Sobali ngomong saujratna yén dirina hayang mibanda cupu.[1] Anjani digero ku Resi Gautama, terus ditanya ti mana meunang éta cupu.[1] Anjani nembrakkeun éta cupu téh paméré indungna, Déwi Indradi.[1] Resi nalék ka Déwi Indradi, tapi nu ditalékna teu balaka.[1] Ku lantaran kitu, Resi Gautama ngaluarkeun supata.[1] Alatan ngabetem baé, ku Resi Gautama kalawan saciduh metu Déwi Indradi disupata jadi "tugu".[1] Sanggeus kitu, Resi Gautama ngabalangkeun Déwi Indradi kacida jauhna, nepi ka ragrag di tapel wates nagara Aléngka.[1] Engkéna éta tugu téh baris pindah rupa deui sabihari ku Anila dina perang jeung Patih Prahasta.[1] Déwi Indradi anu geus jadi tugu dipaké narok sirah Patih Prahasta nepi ka ancur.[1] Alatan kitu, Déwi Indradi lahir deui, anu ahirna bisa mulang ka nagara Kaindran.[1] Cupu nu aya dina cangkingan Resi Gautama, dialungkeun jauh kacida.[1] Tutupna ragrag ka Talaga Sumala, wadahna murag ka Talaga Nirmala.[1] Tilu urang anak Déwi Indradi, paheula-heula néangan, di mana ragragna cupu manik astagina, bari diaping ku pangapingna séwang-séwangan.[1] Sobali diaping ku Jembawan, Sugriwa ku Kapi Menda, tur Anjani ku Endang Sutaun.[1] Sobali jeung Sugriwa, waktu nempo ka Talaga Sumala, tuluy ancrub ka jero Talaga.[1] Reuwas kacida basa di hareupeun manéhna aya monyét ngajega.[1] Der perang tanding, bari duanana teu saladar yén maranéhna geus saralin jinis jadi monyét. Sobali jeung Sugriwa kakara sadar yén maranéhna geus salin jinis kitu téh sanggeus dibéjaan ku para pangapingna, Jembawan jeung Kapimenda anu duanana ogé sarua geus salin jinis jaradi monyét.

Tilu urang anak Resi Gautama katut para pangapingna tuluy careurik balilihan, bari madep ka Resi Gautama ménta pangampunna sangkan meunang ruwat, kawas sabihara-bihari.[1] Sang Resi nyebutkeun yén sagalan geus diguratkeun ku Déwata.[1] Ku kituna, Sobali kiwari kudu tapa "ngalong", nyaéta tapa bari ngagantung dina tatangkalan, kawas lalay.[1] Sugriwa kudu tapa "ngidang", nyaéta kudu niron lampah kidang, dahar jukut saayana.[1] Sedeng Anjani kudu tapa "nyantoka", nyaéta tapa sakumaha laku lampahna bangkong, nyantok naon baé sakur aya nu asup kana sungutna.[1]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab Djajakusumah, Gunawan (2010). Leksikon Pawayangan. Bandung: Puspawarna. pp. 16–17.