Apartheid
Apartheid nyaéta kawijakan pulitik diskriminasi warna kulit anu lumaku di Afrika Kidul antara katurunan Eropa (kulit bodas) jeung masarakat kulit hideung.[1] Dina harti lain apartheid nyaéta salah sahiji seni pulitik anu ngagunakeun sistem pamisahan jeung bébédaan ras, agama, kapercayaan, jeung ayana pamisahan kelas sosial.[2][3][4] Kecap Apartheid asalna tina basa Afrikans anu hartina “pamisahan".[5][6][7] Ieu kawijakan lumaku di Républik Afrika Kidul ti taun 1948 tepi ka taun 1993 anu ngabalukarkeun diskriminasi pulitik jeung ekonomi anu misahkeun masarakat jadi opat golongan nyaéta ras kulit hideung, ras kulit bodas, ras campuran, jeung ras Asia.[2][3][4][5][6][7][8]
Pulitik apartheid boga anggapan yén anu boga kulit hideung téh jalma hina anu kudu dijauhan jeung disingkirkeun, béda jeung kulit bodas anu kudu dipihormat jeung pantes jadi pamingpin.[3] Dina pulitik apartheid kudu aya pamisahan dina widang atikan, pagawéan, padumukan, sarana umum, jeung sarana transportasi tepi ka basisir jeung tempat ulin ogé dipisahkeun.[7][8] Hal ieu dilakukeun sangkan masarakat kulit hideung jeung kulit bodas henteu pacampur.[7] Salah sahiji anu paling kontrovérsial tina kawijakan anu diskriminatif ieu nyaéta larangan unggal pamaén kulit hideung jadi anggota kleub olahraga.[7] Ku lantaran éta, Afrika Kidul kungsi diboikot ku dunya Internasional dina rupa-rupa pertandingan olahraga.[7]
Ieu kawijakan dimimitian ku masarakat kulit bodas di Afrika Kidul dina awal abad ka-20.[2] Afrika Kidul mangrupa bénténg imperialis pamungkas pamaréntahan minoritas kulit bodas di Afrika.[2] Lumakuna pulitik apartheid di Afrika Kidul ngawatesanan ilubiungna masarakat kulit hideung dina pulitik éta nagara.[2] Sanajan usaha oposisi terus dilakukeun, tapi pamaréntah ngarésponna ku cara ngawatesanan hak pulitik masarakat kulit hideung.[2] Beuki ka dieu, ésénsi pulitik apartheid henteu relevan jeung kaayaan jaman anu makin maju.[9] Ayana pulitik apartheid henteu méré kontribusi anu signifikan keur Afrika Kidul, malah sabalikna ngadon jadi beban sajarah.[9]
Sistem apartheid loba dikecam ku masarakat Afrika Kidul jeung masarakat internasional.[8] Afrika Kidul diusir ti persemakmuran (Commonwéalth) dina taun 1961 jeung dina taun 1980-an diasingkeun ti pergaulan internasional.[8] Oposisi internal ogé tumuwuh tuluy ditindas ku nagara, salah sahiji tokoh anu kasohor nyaéta Nelson Mandela.[2][8] Tokoh kulit hideung ti Afrika Kidul ieu kasohor aktif pisan jeung boga jasa nu kacida gedéna waktu ngalawan sistim pulitik apartheid.[2] Ngaliwatan African National Congress (ANC), manéhna jadi présidén kulit hideung munggaran nu aya di Afrika Selatan.[2]
Kasang tukang
[édit | édit sumber]Istilah
[édit | édit sumber]Istilah apartheid mimiti digunakeun ku masarakat katurunan Belanda anu lahir di Afrika Kidul.[7] Éta istilah miboga harti pamisahan.[7] Pamisahan di dieu maksudna pamisahan masarakat Belanda (kulit bodas) jeung masarakat asli Afrika (kulit hideung).[7] Istilah apartheid tuluy mekar jadi hiji kawijakan pulitik.[7]
Apartheid anu jadi pulitik resmi pamaréntah Afrika Kidul anu ngawengku program-program jeung aturan-aturan anu tujuanana ngajaga pamisahan ras.[7] Sacara struktural, apartheid mangrupa kawijakan mertahankeun dominasi minoritas kulit bodas ka mayoritas lain kulit bodas ngaliwatan aturan masarakat dina widang sosial, ékonomi, pulitk, militer, jeung kabudayaan.[7] Ieu kawijakan lumaku sacara resmi ti taun 1948.[7]
Masarakat anu lain kulit bodas dihalangan ilubiung sacara aktif dina kahirupan pulitik.[7] Maranéhna ogé diwatesanan keur miboga imah jeung henteu dibéré hak keur iinditan kalawan bébas.[7] Sabalikna masarakat kulit bodas boga hak ngatur pamaréntahan kaasup dina urusan militér jeung pulisi.[7]
Sajarah Pulitik
[édit | édit sumber]Afrika Kidul mangrupa nagara anu beunghar ku berlian jeung emas nepi ka ngabalukarkeun imperialisme Bangsa Eropa.[2] Bangsa Eropa anu mimiti datang ka Afrika Kidul nyaéta bangsa Belanda anu dipingpin ku Jan Anthony ban Riebeeck (1618-1677).[7] Kadatangan bangsa Belanda di Afrika Kidul nyababkeun masalah anyar dina kahirupan masarakat di Afrika Kidul.[7] Status masarakat Afrika Kidul jadi di handapeun bangsa Eropa (Belanda atawa kulit bodas).[7] Masalah warna kulit ieu anu jadi cikal bakal ayana masalah apartheid.
Datangna Bangsa Boer
[édit | édit sumber]Bangsa Belanda tuluy dumuk di Afrika Kidul. Maranéhna mindeng disebut ku sebutan bangsa Boer.[7] Kadatangan bangsa Belanda dituturkeun ku bangsa Inggris dina taun 1870, anu bisa naklukeun pangawasa ti tungtung Afrika Kalér (Mesir) tepi ka Afrika Kidul (Cape Town).[2][7] Datangna Inggris di Afrika Kidul ngabalukarkeun Perang Boer (1899-1902) antara Inggris jeung urang Boer (Belanda).[7] Dina éta perang pihak Inggris ngéléhkeun bangsa Boer nepi ka wilayah Afrika Kidul jadi daérah kakawasaan Inggris.[7] Inggris ahirna jadi pangawasa di wilayah Afrika Kidul.[7] Tuluy diadegkeun Uni Afrika Kidul dina taun 1910.[7] Ku meunangna Inggris di Afrika kidul ieu, makin loba urang Inggris anu datang ka Afrika Kidul.[7]
Kakawasaan Inggris jeung Masarakat Kulit Bodas di Afrika Kidul
[édit | édit sumber]Ti saprak Inggris ngawasa, di wiliayah Afrika Kidul geus diwangun sistem pamaréntahan anu aya di handepun pangawasan Inggris.[7] Di éta wilayah, Inggris ogé ngajalankeun pulitik rasial (pamisahan dumasar ras).[7] Di éta nagara, jalma kulit bodas anu mangrupa minoritas jadi pangawasa jalma kulit hideung anu mayoritas.[7] Antara taun 1910-1948, masarakat kulit bodas di Afrika Kidul ngamimitian kawijakan pamisahan ras jeung warna kulit.[2] Masa anu dipikawanoh minangka segreration era mangrupa cikal bakal ayana puliti apartheid.[2] Dina ieu masa masarakat kulit bodas mimiti ngalakukeun konsolidasi kontrol nagara anu nguatan kakawasaanana ka populasi kulit hideung jeung ngaleungitkeun kakawasaan pamaréntah Inggris di Afrika Kidul anu lekasan taun 1910.[2] Diskriminasi anu dilakukeun ku pamaréntah ngabalukarkeun bébédaan sosial jeung kecemburuan sosial anu gedé.[2]
Aya dua partéy pulitik anu kungsi jadi pangawasa di ieu masa.[2] Partéy kahiji nyaéta Partéy Nasional anu ngawasa ti taun 1924-1939, jeung 4 Méi 1948-9 Méi 1994.[2] Partéy anu kadua nyaéta Partéy Kesatuan, ngawasa ti taun 1934 tepi ka 1948.[2] Antara taun 1934-1939, kadua partéy ngawasa babarengan ngaliwatan sistem partéy gabungan.[2]
Masarakat kulit bodas anu gabung dina Partéy Nasional meunang dina pemilu taun 1948.[7] Ti taun 1948, apartheid jadi kawijakan resmi nagara Afrika Kidul anu 15 persén dina jumlah masarakatna ngatur sagala masalah jeung hukum di éta nagara.[7]
Lahirna Apartheid
[édit | édit sumber]Istilah apartheid mimiti digunakeun dina taun 1930-an tapi mimiti dipaké sacara resmi sarta dijieun undang-undangna ku pamaréntah Afrika Kidul dina taun 1948.[2][8] Hal ieu dikuatan ku Partéy Nasional 1948 anu meunang dina pamilihan umum jeung nyieun pamaréntahan minoritas kulit bodas.[10]
Undang-undang munggaran anu ngatur sistem apartheid nyaéta Group Aréas Act of 1950 anu misahkeun ruang hirup antar warga nagara.[6][10] Intina konsép apartheid ieu ngagunakeun sistem 'kamekaran nu dipisahkeun' tepi ka ngabalukarkeun rupa-rupa kultur di Afrika Kidul misah antara hiji jeung nu lainna.[8] Salian ti éta, pamaréntah ngaluarkeun kawijakan pamisahan ras anu leuwih ketat jeung sistematis.[2] Dumasar ''Undang-undang Pendaftaran Populasi'' masarakat Afrika Kidul dibagi jadi tilu kategori ras nyaéta kulit bodas anu lolobana katuruna Eropa, ras Bantu atawa masarakat Afrika kulit hideung, kulit warnaan (masarakat ti ras campuran) anu mangrupa katurunan Melayu Cape.[2][3][8][10] Tuluy aya ras anyar nyaéta ras Asia anu lolobana urang Pakistan jeung India.[2][3][7][8][10]
Afrika Kidul tuluy dibagi jadi 80 persén wilayah éta nagara dikawasa ku masarakat kulit bodas anu cicing di pakotaan sedengkeun masarakat kulit hideung ditempatkeun di daérah anu pangsangsarana anu disebut homelands atawa lemah cai.[6][10] Maranéhna boga pamaréntahan administrasi mandiri.[10] Sacara ékonomi maranéhna diasingkeun.[10] Dina taun 1970 lumaku Undang-Undang Kewarganegaraan Tanah Air Bantu anu eusina sakabéh masarakat kulit hideung kudu cicing di homeland.[10] Masarakat homeland kudu mawa paspor saupama hayang ninggalkeun wilayahna.Waktu masarakat kulit hideung dipaksa kaluar ti kota, daérah padumukanana disebut Bantustan atawa 'lemah cai Afrika'.[6][6][10] Lantaran mangrupa warga Bantustan, masarakat kulit hideung henteu diijinan ilubiung dina pamaréntahan jeung dipaksa tumut kana jam peuting nu mana lamun hayang iinditan ka luar kampung maranéhanana.[6]
Pamisahan masarakat kulit bodas jeung hideung ogé lumaku di fasilitas umum.[10] Gedong-gedong umum, transportasi umum, taman-taman, réstoran, jeung tangtuna waé sakola-sakola, paguron luhur, rumah sakit, jeung gereja.[10] Daérah-daérah padumukan di unggal kota jeung désa ogé dibagi dua.[10] Sistem atikan di unggal sakola dipisahkeun kalawan kualitas guru anu béda, jeung ngan saukur masarakat kulit bodas anu boga hak pilih.[10] Masarakat kulit bodas jeung non-kulit bodas miboga pagawéan anu béda, dumuk di daérah anu béda, sarta boga gaji, atikan, jeung aksés kaséhatan anu béda ogé.[6][10]
Pamaréntah Afrika Kidul ogé netepkeun sajumlah hukum ketat keur neken kaum kulit hideung.[2] Dina taun 1960, sakabéh partéy pulitik kaum kulit hideung dinyatakeun ilégal, sanggeus aya kerusuhan anti-apartheid di Sharpeville dina tanggal 21 Maret 1960.[2] Henteu ngan éta wungkul, loba tokoh kulit hideung anu ditahan ku pamaréntah.[2] Lila ku lila, apartheid dibagi jadi apartheid leutik jeung gedé.[5] Apartheid leutik ngacu kana ségrégasi anu katingali di Afrika Kidul sedengkeun apartheid gedé digunakeun keur ngagambarkeun leungitna hak pulitik jeung hak kulit hideung di Afrika Kidul.[5]
Réaksi ku Ayana Pulitik Rasial
[édit | édit sumber]Réaksi Internasional
[édit | édit sumber]Pamisahan selér nu dilakukeun di Afrika Kidul meunang tanggepan di dunya internasional, tepi ka Majelis Umum PBB ngutuk éta kawijakan. Makin loba jalma di Eropa anu ngaboikot barang-barang ti Afrika Kidul, jeung sistem apartheid jadi perhatian masarakat sipil internasional.[10] Gereja, organisasi nu ngabéla HAM, jeung organisasi bantuan ngayakeun boikot anu disusul ku ayana konsér solidaritas jeung aksi ngumpulkeun massa.[10] Nelson Mandela, pamingpin ANC anu dipenjara, jadi tokoh simbol gerakan anti apartheid.[10] Dina taun 1988, 72 rébu jalma ngumpul di Stadion Wembley di London keur ngaluuhan konsér musik solidaritas bareng jeung milangkala Nelson Mandela anu ka-70.[10] Salian ti éta, ampir samiliar jalma di 60 nagara ngiluan éta konsér ngaliwatan tipi.[10]
Masarakat internasional tuluy ngurangan dukungan pulitik ka rézim apartheid.[10] Mangtaun-taun lilana Amérika Sarikat dina unggal résolusi di Déwan Kéamanan PBB ngablokir Afrika Kidul jeung dina taun 1976 ngayakeun konvensi anti apartheid.[10]
Réaksi Intern (Masarakat Afrika Kidul)
[édit | édit sumber]Kawijakan-kawijakan anu ditetepkeun ku éta pamaréntah ogé meunangkeun tanggepan anu serius ti masarakat Afrika Kidul. Di Afrika Kidul mindeng aya gerakan-gerakan pemberontakan keur mupus pamaréntahan Apartheid. Gerakan anu kasohor dilakukeeun ku masarakat kulit hideung dimimtian ku African National Congress (ANC) anu dipingpin ku Nelson Mandela.[2][7]
Kongrés Nasional Afrika
[édit | édit sumber]ANC diadegkeun dina tanggal 8 Januari 1912 ku John Langalibalele Dube.[2] Ieu partéy miboga tujuan utama keur mupus apartheid jeung méré hak pilih ka masarakat kulit hideung jeung ras campuran Afrika.[2] Aya sababaraha tokoh nu aktif di ANC salah sahijina nyaéta Nelson Mandela.[5] Salian ti Nelson Mandela, ngaran penting lainna anu kaasup anggota ANC awal nyaéta Chief Albert Luthuli jeung Walter Sisulu.[5] Luthuli nyaéta pamingpin dina démontrasi hukum tanpa kekerasan jeung mangrupa jalma Afrika munggaran anu meunangkeun hadiah nobel padamaian dina taun 1960.[5] Sedengkeun Sisulu nyaéta campuran ras Afrika Kidul anu gawé bareng jeung Mandela ngaliwatan loba kajadian penting.[5] Steve Biko nyaéta pamingpin gerakan kesadaran nagara hideung.[5] Manéhna dianggap salaku martir keur masarakat anti-apartheid sanggeus manéhna tilar dunya di panjara Prétoria taun 1977.[5]
Sababaraha pamingpin ogé leuwih condong ka arah komunisme di tengah-tengah pajuangan Afrika Kidul.[5] di antarana nyaéta Chris Hani anu bakal mingpin Partéy Komunis Afrika Kidul jeung boga peranan penting dina mungkas apartheid saméméh pembunuhan dina taun 1993.[5] Salila taun 1970-an, lahirna Lithuania Joe Slovo bakal jadi anggota anu nyieun sayap bersenjata di ANC.[5] Dina taun 80-an, manéhna bakal miboga peranan penting dina partéy Komunis.[5]
Dina taun 1959 Kongrés PAN Afrika misahkeun diri ti ANC.[10] Patukang tonggong jeung ANC, PAN nolak sakabéh wangun gawé bareng jeung kulit bodas.[10] ANC jeung PAN sacara resmi mangrupa organisasi anu dilarang.[10] Tapi dua organisasi éta tetep gerak di handapeun taneuh.[10] Taun 1964 pimpinan oposisi siga Nelson Mandela jeung Walter Sisulu divonis hukuman penjara saumur hirup.[8][10]
Makin gedé diskriminasi nu aya di Afrika Kidul makin gedé ogé dorongan keur ngalawanna.[10] Kongres Nasional Afrika (ANC) duna taunj 1962 nyieun pasukan senjata nyaéta Umkhonto we Sizwe (MK) anu hartina ''Tombak Bangsa".[6][10] Dina waktu 1,5 taun, MK ngalakukeun 200 aksi sabotase.[10] Nu ngadegkeunana nyaéta Nelson Mandela, anu harita geus bajuang keur sasaruaan ras.[10]
Taun 1970-an, pamaréntah mimiti ngalonggarkeun kontrol jeung ngizinan ngadegna sababaraha sarikat.[2] Taun 1980-an pamaréntah ngijinan wawakil kaum kulit warnaan (campuran) ilubiung di parlemen.[2] Sanajan kitu, ieu kawijakan henteu lumaku keur kaum kulit hideung.[2] ANC jeung partéy pulitik kulit hideung lainna keukeuh hayang démokrasi anu saenyana di mana unggal jalma bisa milu milih tanpa ningali warna kulit jeung ras.[2]
Dina taun 1976, aya kajadian huru-hara di Soweto.[10] Mimitina mah tina aksi boikot sakola tuluy jadi silih paéhan.[10] Kurang leuwih 500 tepi ka 1000 warga kulit hideung tilar dunya dina éta kajadian.[10] Waktu aya kerusuhan jeung sababaraha taun sanggeusna, loba budak jeung rumaja anu ditangkep.[10] Tapi gerakan perlawanan henteu eureun tepi ka dinya, anu nentang apartheid loba meunangkeun dukungan ti luar negeri.[10]
Tekenan pulitis boh di Afrika Kidul boh di luar nagri makin gedé.[10] Dina tanggal 2 Mei 1990, pamaréntah Afrika Kidul ngayakeun musawarah jeung ANC keur nyieun undang-undang nonrasial. Tanggal 7 Juni 1990, De Klerk mupus Undang-Undang Darurat Nagara anu lumaku ampir di unggal bagéan nagara Afrika Kidul.
Sharpeville Massacre
[édit | édit sumber]Dina taun 1956, leuwih ti 20.000 awéwé ti sakabéh ras milu démonstrasi.[5] Hal ieu mangrupa protés pasif, tapi hal éta bakal téréh robah jadi unjuk rasa anu dimimitian di Sharpeville.[5] Sharpeville massacre dimimitian ku unjuk rasa anti-apartheid kurang leuwih 5.000-7.000 urang kulit hideung.[2] Tapi waktu ngadeukeutan kantor pulisi, pulisi Afrika Kidul ngaleupaskeun témbakan ka nu démo.[2] Kacatet 69 urang tilar dunya jeung 180 urang jalma kulit hideung ''terluka'' akibat éta kajadian.[2][5] Pembantaian éta ngirut perhatian dunya jeung jadi tanda dimimitianna perlawanan maké senjata di Afrika Selatan.[5] Dibantaina Sharpeville dina tanggal 21 Maret 1960, bakal jadi titik balik apartheid.[5] Hal ieu ogé mangrupa protés kana undang-undang anu disahkeun jeung mangrupa momen penting dina sajarah Afrika Kidul.[5]
Pajuangan Nelson Mandela
[édit | édit sumber]Loba jalma anu bajuang keur ngalawan apartheid salila puluhan taun jeung ieu jaman ngahasilkeun sajumlah tokoh penting.[5] di antarana, Nelson Mandela anu pangkasohorna.[5]
Pajuangan-pajuangan nu dilakukeun ku Nelson Mandela dina negakkeun kakawasaan tanpa ayana rasialisme di Afrika Kidul jeung mupus kakawasaan Apartheid ngabutuhkeun waktu anu kawilang lila.[7] Nelson Mandela tuluy bajoang keur ngahontal kabébasan nagarana boh pajuangan anu dilakukeun di nagarana sangkan meunang dukungan ti sakabéh masarakat, boh pajuangan anu dilakukeun di luar nagri sangkan pajuanganana dina mupus apartheid di Afrika Kidul diaku ku nagara-nagara lain.[7]
Dina taun 1961, Mandela mingpin aksi masarakat Afrika Kidul keur cicing di jero imah.[7] éta aksi ditanggapan ku pamaréntah Apartheid ku jalan ngasupkeun Mandela ka panjara taun 1962.[3][7] Nelson Mandela karak dibébaskeun tanggal 11 Februari 1990 waktu pamaréntahan Frederik Willem de Klerk.[3][7] Bébasna Nelson Mandela mawa dapak positif keur pajoangan masarakat Afrika Kidul dina majuangkeun dipupusna pamaréntahan Apartheid.[3][7] Waktu pemilu 1994, Nelson Mandela kapilih jadi présiden Afrika Kidul jeung ngajabat tepi ka 1999.[6] Saméméhna, Mandela ogé meunangkeun Hadiah Nobel Perdamaian dina taun 1993 minangka pangakuan usahana mungkas apartheid di Afrika Kidul.[6]
Usaha-usaha Reformasi
[édit | édit sumber]Présidén Afrika Kidul, P.W Botha (1978-1989) nyaéta pamingpin kulit bodas munggaran anu mikahayang ayana reformasi di Afrika Kidul.[2] Sanajan manéhna geus mawa sajumlah parobahan sangkan bisa nyieun hirup leuwih adil keur kaum kulit hideung.[2] Parobahan nu gedé can katingali jeung can bisa dirasakeun[2]
Dina taun 1989, Botha ngundurkeun diri lantaran alesan kaséhatanana nu goréng. F.W. de Klerk (1989-1994) jadi présidén pangganti Botha.[2] Salila ngajabt, de Klerk loba ngaimpléméntasikeun usaha-usaha keur mungkas diskriminasi ka masarakat kulit hideung.[2] Dina taun 1990, de Klerk mungkas pelarangan partéy pulitik kaum hideung kaasup ANC. ANC jeung PAN sah jadi organisasi pulitik.[2][10]
Salian ti éta, de Klerk ogé ngaleupaskeun loba tahanan tokoh kulit hideung ti panjara.[2] Salah sahiji tahanan anu dileupaskeun nyaéta Nelson Mandela anu dipenjara di taun 1964. De Klerk ogé aktif ngayakeun pertemuan jeung Mandela boh waktu di penjara atawa sanggeus dibébaskeun.[2]
Parobahan Kawijakan Apartheid
[édit | édit sumber]Dina tanggal 21 Pébruari 1991, di hareupeun sidang parlemén Afrika Kidul, Présidén F.W. De Klerk ngumumkeun dipupusna sakabéh katangtuan jeung éksisténsi sistem pulitik Apartheid.[3][7] éta béwara dituluykeun ku dipupusna tilu Undang-undang anu nguatan kakawasaan apartheid di antaranaː
- Land Act, nyaéta undang-undang anu ngulah jalma kulit hideung miboga taneuh/lahan di luar wilayah tempat dumuk anu geus ditangtukeun.[3][7]
- Group Areas Act, nyaéta undang-undang anu ngatur pamisahan tempat dumuk masarakat kulit bodas jeung masarakat kulit hideung.[3][7]
- Population Registration Act, nyaéta undang-undang anu ngawajibkeun jalma kulit hideung ngadaptarkeun diri dumasar kelompol selér masing-masing.[3][7]
Dipupusna éta undang-undang dituluykeun ku jangji pamaréntahan De Klerk keur ngayakeun pemilu tanpa watesan rasial (Pemilu Multirasial).[7] Garis pulitik anu digunakeun ku De Klerk ngahudang sumanget pajuangan masarakat kulit hideung dina raraga majuangkeun Afrika Kidul tanpa ayana bébédaan rasialis.[7]
Akhir Pulitik Apartheid
[édit | édit sumber]Neson Rolihlahla Mandela (1918-2013) sanggeus bébas ti panjara tuluy aktif deui mingpin partéy ANC.[2] Manéhna ngayakeun kampanyeu keur kamerdekaan hak-hak sipil masarakat kulit hideung.[2] Usahana babarengan jeung de Klerk nyababkeun masarakat kulit hideung jeung bodas bisa ngusahakeun parobahan babarengan.[2]
Dina taun 1992, de Klerk ngayakeun referendum anu dihususkeun keur masarakat kulit bodas.[2] Dina éta referendum, manéhna nanyakeun naha masarakat hayang mertahankeun pulitik apartheid atawa mungkas pulitikna.[2] Dua pertilu pamilih satuju keur mungkas éta sistem pulitik.[2] Sanggeus éta négoisasi, dina taun 1994 diayakeun pamilihan umum bébas nu mimiti di mana masarakat hideung bisa ilubiung.[2]
Pemilu Multirasial
[édit | édit sumber]Waktu diayakeun pemilu multirasial taun 1994, partéy anu dipingpin ku Nelson Mandela, ANC hasil jadi jawara dina tanggal 9 Méi 1994.[7][8][10] Nelson Mandela dipilih ku Majelis Nasional (Parlemén Afrika Kidul) salaku Présidén Afrika Kidul.[7][8][10] Manéhna jadi présidén mimiti nu asalna ti jalma kulit hideung.[7][10]
Dina tanggal 10 Méi 1994 Nelson Mandela dilantik jadi présidén dina upacara di Union Building, Pretoria.[7] Upacara dilantikna Mandela diluuhan ku sababaraha tokoh dunya jeung ditingali ku mangjuta-juta panon pamiarsa tipi boh nu di Afrika Kidul boh nu di luar Afrika Kidul.[7] Kajadian sajarah ieu mangrupa puncak pajuangan masarakat Afrika Kidul.[7] Ti saprak dipupusna Apartheid, Afrika Kidul mimiti ngawangun nagarana sangkan bisa sadarajat jeung nagara-nagara lain di dunya.[7]
Meunangna ANC jeung kapilihna Nelson Mandela salaku présidén jadi ahir tina lalampahan pulitik apartheid di Afrika Kidul.[2] Jaman ieu kasohor nu ngaran post-apartheid.[2]
Referensi
[édit | édit sumber]- ↑ "Apartheid". KBBI. Diakses tanggal 21 November 2018.
- ↑ a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac ad ae af ag ah ai aj ak al am an ao ap aq ar as at au av aw ax ay az ba "Politik Apartheid di Afrika Selatan 1948-1994 M. - Wawasan Sejarah" (dalam bahasa en-GB). Wawasan Sejarah. 2017-02-12. http://wawasansejarah.com/politik-apartheid-di-afrika-selatan/. Diakses pada 2018-01-20
- ↑ a b c d e f g h i j k l "Pengertian Apartheid dan Contohnya". Pengertian Menurut Para Ahli. Diakses tanggal 21 Januari 2018. Archived 2019-01-09 di Wayback Machine
- ↑ a b "Sejarah Apartheid". SlideShare. Diakses tanggal 21 Januari 2018.
- ↑ a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v "Apa Itu Apartheid di Afrika Selatan". African Union. Diakses tanggal 20 Januari 2018. Archived 2018-01-18 di Wayback Machine
- ↑ a b c d e f g h i j k "Apa itu Apartheid? Fakta, Sejarah, & Informasi Lainnya". Amazine.co. Diakses tanggal 21 Januari 2018. Archived 2014-07-30 di Wayback Machine
- ↑ a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac ad ae af ag ah ai aj ak al am an ao ap aq ar as at au av aw ax ay az "Sejarah Permasalahan Politik Apartheid di Afrika Selatan". artikeltopxyz. Diakses tanggal 21 Januari 2018. Archived 2018-01-24 di Wayback Machine
- ↑ a b c d e f g h i j k l Mackay, James (2003). Pustaka Pintar Sejarah. Depok: Bina Muda Cipta Kreasi. p. 26. ISBN 979-3358-36-X.
- ↑ a b Solissa, Abu. "Menolak Politi Apartheid". Tempo.co. Diakses tanggal 21 Januari 2018.[tumbu nonaktif]
- ↑ a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac ad ae af ag ah ai aj ak al am an "Apartheid di Afrika Selatan- Dunia Hitam Putih". DW made for minds. Diakses tanggal 21 Januari 2018.