Aristokrasi
Aristokrasi nyaéta salah sahiji wangun pamaréntahan anu dicekel ku raja atawa kaom bangsawan. Inohong atawa jelema anu percaya kana ieu sistim pamaréntahan téh disebutna aristokrat[1]. Pamadegan séjén ngeunaan wangenan aristokrasi nyaéta wangun sistim pamaréntahan, anu mana hiji kakawasaan pangluhurna dicekel ku kelompok anu miboga hak anu isitiméwa (ilmuwan atawa cendikiawan)[2]. Aristokrasi asal kecapna tina basa Yunani anu miboga harti aturan panghadéna (aturan terbaik). Disebut aturan panghadéna téh lantaran bisa ngaruntuhkeun sistim pamaréntahan monarki dina mangsana. Ieu kelompok ogé patukang tonggong jeung sistim pamaréntahan démokrasi, lantaran sistim pamaréntahan aristokrasi cirina turun-tumurun, misalna ngarundaykeun ti bapa ka anakna. Ieu kelompok téh kawilang leutik, tapi miboga pangaruh jeung kakuatan pulitik anu luhung[2].
Sajarah
[édit | édit sumber]Pamikiran munggaran ngeunaan konsép aristokrasi datang ti Aristotélés jeung Plato, anu nyebutkeun yén hiji Nagara jeung kakawasaanana bakal hadé lamun dicekel ku jelema anu kompetén diwidangna[3]. Dina prungna, ieu konsép téh masih kénéh abstrak, lantaran can nyosok jero kana runtuyan prosedurna. Pikeun ngalarapkeun ieu konsép jadi sistim pamaréntahan hiji nagara, aya sababaraha pamadegan pikeun ngarundaykeun kritériana. Kahiji, pikeun nangtukeun hiji kakawasaan, bisa ditinggali asal-usul pancakaki lingkungan kulawargana. Ku kituna, anu miboga hak pikeun icikibung dina pamaréntahan kasang tukangna kudu ti kulawarga karajaan[3]. Pamadegan kadua, pikeun nangtukeun hiji saha anu cocog pikeun ngawasa hiji nagara, bisa dumasar kritéria jalma anu sugih mukti beurat beunghar. Dumasar dua pamadegan éta, bisa dicindekkeun yén jelema anu teu miboga status sosial anu luhung teu bisa miboga kalungguhan anu leuwih di pamaréntahan anu maké sistim aristokrasi[3].
Ciri-Ciri
[édit | édit sumber]Aristokrasi miboga ciri anu ngabédakeun sistim pamaréntahanana jeung anu séjénna. Éta ciri téh di antarana, kahiji yén sistim pamaréntahan dikawasa ku kelompok leutik anu miboga kakuatan pulitik[4]. Kadua, udagan dina sistim pamarétahan aristokrasi pikeun nyiptakeun pamaréntahan anu hadé[4]. Katiu, sistim kakawasaanana sacara turun-tumurun[4]. Kaopat, sistim aristokrasi umumna dilarapkeun di nagara Monarki atawa karajaan[4].
Kaonjoyan
[édit | édit sumber]Kaonjoyan sistim pamaréntahan aristokrasi di antarana:
- Kawijakan anu dijieun leuwih éféktif, lantaran anu boga rancangan kawijakanana jalma-jalma pilihan, sarta kompetén diwidangna. Éta rancangan program téh disaluyukeun jeung visi-misi nagara sangkan rakyatna raharja[5].
- Pikeun ngalaksanakeun hiji program kanagaraan prosés sawala leuwih nyosok jero, sabab ngan saukur jelema anu miboga kamampuh anu bisa icikibung dina pamaréntahan[5].
- Teu aya pulitik anu mihak hiji kelompok, sabab sakabéh kelompok anu nyumponan sarat bakal dibéré kakawasaan anu imbang jeung kelompok séjénna[5].
Kahéngkéran
[édit | édit sumber]Kahéngkéran sistim pamaréntahan aristokrasi di antarana:
- Kakawasaan mindeng disalagunakeun, masarakat teu boga kalungguhan sarta teu bisa icikibung méré pamadegan atawa nyawad kana sistim anu geus dijieun ku pamaréntah[5].
- Timbulna KKN (Korupsi, Kolusi, jeung Népotisme), dilantarankeun anu nyekel kakawasaan mangrupa hiji kelompok, tangtu waé nalika nyieun kawijakan salian pikeun ngaraharjakeun masarakat ogé méré untung pikeun kelompokna[5].
Impleméntasi
[édit | édit sumber]Nagara-nagara anu ngagunakeun sistim pamaréntahan aristokrasi di antarana:
- Inggris, mangrupa Nagara anu ngalarapkeun sistim pamaréntahan aristokrasi. Kiwari, sistim pamaréntahanana geus campur baur jeung sistim démokrasi. Sanajan kitu, inohong anu miboga kalungguhan pikeun ngawasa parlemén masih kénéh diangkat ti kulawarga karajaan, sarta turun-tumurun[2].
- Nigéria, sistim pamaréntahanana masih ngagunakeun sistim aristokrasi pikeun disababaraha Nagara bagian, kalawan raja salaku pamingpin Nagarana. Nanging, sacara administrasi wangun nagarana geus robah jadi Republik. Présidén miboga kalungguhan salaku simbol pikeun Nagara[2].
- India, ngalarapkeun sistim pamaréntahan aristokrasi nalika karajaan Mughal mingpin dina mangsana[2].
Daftar Référénsi
[édit | édit sumber]- ↑ R.A, Danadibrata (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT. Kiblat. p. 34. ISBN 979-3631-93-7.
- ↑ a b c d e "Aristokrasi Adalah : Sejarah Singkat, Konsep, Ciri dan Contoh". adalah.co.id (dalam en-US). Diakses tanggal 2021-04-04. Archived 2021-05-14 di Wayback Machine
- ↑ a b c "Apa itu Aristokrasi? Fakta, Sejarah & Informasi Lainnya". Amazine.co (dalam en-US). Diakses tanggal 2021-04-04. Archived 2021-09-22 di Wayback Machine
- ↑ a b c d Putri, Dewinta. "4 Ciri-Ciri Aristokrasi Dalam Sistem Pemerintahan di Negaranya". GuruPPKN.com (dalam en-US). Diakses tanggal 2021-04-04.
- ↑ a b c d e Putri, Dewinta. "3 Kelebihan Dan Kekurangan Bentuk Pemerintahan Aristokrasi Yang Wajib Diketahui". GuruPPKN.com (dalam en-US). Diakses tanggal 2021-04-04.