Badan Penyelidik Usaha-Usaha Persiapan Kemerdekaan
Badan Penyelidik Usaha-Usaha Persiapan Kemerdekaan (独立準備調査会 Dokuritsu Junbi Chōsa-kai?, Nihon-shiki: Dokuritu Zyunbi Tyoosa-kai, disingkat "BPUPK"), leuwih dipikawanoh salaku Badan Penyelidik Usaha-Usaha Persiapan Kemerdekaan Indonesia (disingkat "BPUPKI"), nyaéta hiji badan nu dibentuk ku pamaréntah pendudukan tentara Jepang di Jawa. Pamaréntahan militer Jepang nu diwakilan ku komando AD Ka-16 jeung Ka-25 nyatujuan kabentukna Badan Penyelidikan Upaya Persiapan Kemerdekaan Indonesia dina 1 Maret 1945. Sabab kadua komando ieu boga wewenang kana daerah Jawa (kaasup Madura) jeung Sumatra. BPUPKI sauukur dibentuk pikeun dua wilayah, sedengkeun di wilayah Kalimantan jeung Indonesia Wétan nu dikuasaan komando AL Jepang teu dibentuk badan sarupa.[1]
Nangtuanna badan BPUPKI geus diumumkeun ku Kumakichi Harada dina tanggal 1 Maret 1945,[2] tapi badan ieu diresmikeun dina tanggal 29 April 1945 bareng jeung poé ulang tahun Kaisar Hirohito. Badan ieu dibentuk pikeun upaya meunangkeun dukungan ti bangsa Indonésia jeung ngajanjikeun bahwa Jepang rék ngabantu proses kamerdekaan Indonésia. Anggota BPUPKI aya 67 urang nu dipimpin ku Dr. Kanjeng Raden Tumenggung (K.R.T.) Radjiman Wedyodiningrat jeung wakil ketua Ichibangase Yoshio (urang Jepang) jeung Raden Pandji Soeroso.
Di luar anggota BPUPKI, dibentuk hiji Badan Tata Usaha (sarupa sekretariat) nu ngabogaan anggota 60 urang. Badan Tata Usaha ieu dipimpin ku Raden Pandji Soeroso jeung wakil Abdoel Gafar Pringgodigdo jeung Masuda Toyohiko (urang Jepang). Tugas ti BPUPKI sendiri nyaéta diajar dan nyidik hal-hal nu patali jeung aspék-aspék politik, ekonomi, tata pamaréntahan, jeung hal-hal nu diperlukeun dina usaha pembentukan negara Indonesia merdeka.
Dina tanggal 7 Agustus 1945, Jepang ngabubarkeun BPUPKI satuluyna nagbentuk Panitia Persiapan Kemerdekaan Indonesia (PPKI) atawa (bahasa Jepang: 独立準備委員会 Dokuritsu Junbi Iinkai), ku anggota nu jumlahna 21 urang, salaku upaya pikeun mencerminkan perwakilan tina rupa-rupa etnis di wilayah Hindia-Belanda, Pasca proklamasi kamerdékaan 17 Agustus 1945 PPKI boga fungsi jeung peran sacara ex officio: salaku representasi perwakilan sakabéh rakyat Indonesia, salaku lembaga resmi nu miboga kawenangan pikeun ngesahkeun UUD Negara salaku lembaga nu meunang milih jeung ngangkat presidén jeung wakil presidén salaku lembaga pendiri nagara Republik Indonesia, salaku lembaga paling luhur di Negara Republik Indonesia.
Ngaran
[édit | édit sumber]Ngaran resmi badan ieu dina bahasa Indonésia yaéta "Badan pikeun nyidik Usaha-Usaha Persiapan Kamerdékaan", tapi ngaran umumna dipikawanoh umum digunakan nyaéta "Badan Penyelidik Usaha-Usaha Persiapan Kemerdekaan". Komando Angkatan Darat ka-25 Jepang nu boga wewenang di Sumatra baru ngizinkeun nangtungna BPUPK pikeun Sumatra dina 25 Juli 1945. Samentara éta, wilayah Kalimantan jeung Indonesia Timur aya di handap kawenangan kaigun (Angkatan Laut) Jepang jeung teu izinkeun nangtungkeun lembaga persiapan kemerdekaan.[3]
Rujukan:
[édit | édit sumber]- ↑ Evita, Andi Lili. Paeni, Mukhlis; Sastrodinomo, Kasijanto, ed. Gubernur Pertama Di Indonesia. Direktorat Sejarah, Direktorat Jenderal Kebudayaan, Kementerian Pendidikan dan Kebudayaan. ISBN 978-602-1289-72-3.
- ↑ Iswara N. Raditya, Peran BPUPKI dan PPKI di Seputar Hari Lahir Pancasila, Tirto.id, 1 Juni 2017
- ↑ Kusuma, A.B.; Elson, R.E. (2011), "A note on the sources for the 1945 constitutional debates in Indonesia" (PDF), Bijdragen tot de Taal-, Land- en Volkenkunde 167 (2–3): 196–197, catatan kaki 3, ISSN 0006-2294, doi:10.1163/22134379-90003589