Nihon-shiki

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh

Nihon-shiki atawa Nippon-shiki (Basa Jepang: 日本式, "Japan-style"; romanisasi Nihon-siki atawa Nippon-siki dina Nippon-shiki sorangan) nyaéta sistim romanisasi keur transkripsi Basa Jepang kana alpabet Roman. Aya sababaraha sistim romanisasi Basa Jepang, Nippon-shiki nu ilahar dipaké, sarta ngabogaan hubungan hiji-hiji kana sistim tulisan.

Diciptakeun ku ahli fisika Aikitsu Tanakadate (田中館 愛橘 Tanakadate Aikitsu) dina taun 1885, sanggeus sistim romanisasi Hepburn. Maksud Tanakadate sacara lengkep ngaganti kanji tradisional jeung sistim kana tulisan Basa Jepang ku sistim romanisasi, Tanakadate ngarasa gampang keur urang Jepang bisa "bersaing" jeung urang Kulon. Sistim ieu dimaksudkeun keur urang Jepang nulis basana, leuwih ilahar tinimbang romanisasi Hepburn, sarta teu saperti sistim Hepburn, taya usaha sangkan leuwih gampang ku pamake Basa Inggris.

Nippon-shiki dituturkeun ku sistim nu ampir sarua nyaéta Kunrei-shiki. béda antara Nippon-shiki jeung Kunrei-shiki nyaéta béda dina suku kata kana jeung ejaan modérn. Dina sistim Basa Jepang standar modérn, pasangan sora di/zi ぢ/じ, du/zu づ/ず, dya/zya ぢゃ/じゃ, dyu/zyu ぢゅ/じゅ, dyo/zyo ぢょ/じょ, wi/i ゐ/い, we/e ゑ/え, kwa/ka くゎ/か, gwa/ga ぐゎ/が jadi identik. Contona, kecap kanadukai (Nippon-shiki) かなづかい nyaéta diucapkeun kanazukai dina Basa Jepang modérn.

Nippon-shiki dianggap leuwih ilahar dina sistim romanisasi Basa Jepang, sabab leuwih disiplin dina bentuk romanisasi nyaéta "hiji kana, dua hurup". Sistim ieu ngabogaan bentuk nu unik pakait jeung masing-masing pasangan homofon kana dina dapat di luhur, hiji-hiji sistim romanisasi nu ngidinan teu leungit metakeun (mangka disebutna metakeun "round trip") ti jeung ka kana (tempo artikel hiragana keur leuwih jéntré).

Sanajan kitu, ku sabab teu nuturkeun pola nu ilahar dina ejaan Basa Inggris, loba nu biasa maké Basa Inggris manggihkeun ejaan nu counterintuitive. Contona, ngaran tipe uncal, "sika", asli ti Jepang, sarta dieja dina Basa Inggris maké Nihon-shiki, nu ampir sarua dipaké ku nu maké Basa Inggris diucapkeun jadi "seek-uh", lain "she-kah". Ieu jelas béda jeung ucapan dina Basa Jepang sabab ku sistim romanisasi. Lobana masalah siga kieu nyababkeun sistim ieu karasa kurang nyugemakeun.

Nippon-shiki geus dibakukeun ku International Organization for Standardization dina ISO 3602 bentuk teges. Sistim JSL, nu remen dipaké keur parentah mahasiswa asing Basa Jepang, dumasar kana Nippon-shiki.

Nipponsiki — ISO 3602 Teges[édit | édit sumber]

gojūon yōon
あ/ア a い/イ i う/ウ u え/エ e お/オ o (ya) (yu) (yo)
か/カ ka き/キ ki く/ク ku け/ケ ke こ/コ ko きゃ/キャ kya きゅ/キュ kyu きょ/キョ kyo
さ/サ sa し/シ si す/ス su せ/セ se そ/ソ so しゃ/シャ sya しゅ/シュ syu しょ/ショ syo
た/タ ta ち/チ ti つ/ツ tu て/テ te と/ト to ちゃ/チャ tya ちゅ/チュ tyu ちょ/チョ tyo
な/ナ na に/ニ ni ぬ/ヌ nu ね/ネ ne の/ノ no にゃ/ニャ nya にゅ/ニュ nyu にょ/ニョ nyo
は/ハ ha ひ/ヒ hi ふ/フ hu へ/ヘ he ほ/ホ ho ひゃ/ヒャ hya ひゅ/ヒュ hyu ひょ/ヒョ hyo
ま/マ ma み/ミ mi む/ム mu め/メ me も/モ mo みゃ/ミャ mya みゅ/ミュ myu みょ/ミョ myo
や/ヤ ya ゆ/ユ yu よ/ヨ yo
ら/ラ ra り/リ ri る/ル ru れ/レ re ろ/ロ ro りゃ/リャ rya りゅ/リュ ryu りょ/リョ ryo
わ/ワ wa ゐ/ヰ wi ゑ/ヱ we を/ヲ wo
ん/ン n
voiced sounds (dakuten)
が/ガ ga ぎ/ギ gi ぐ/グ gu げ/ゲ ge ご/ゴ go ぎゃ/ギャ gya ぎゅ/ギュ gyu ぎょ/ギョ gyo
ざ/ザ za じ/ジ zi ず/ズ zu ぜ/ゼ ze ぞ/ゾ zo じゃ/ジャ zya じゅ/ジュ zyu じょ/ジョ zyo
だ/ダ da ぢ/ヂ di づ/ヅ du で/デ de ど/ド do ぢゃ/ヂャ dya ぢゅ/ヂュ dyu ぢょ/ヂョ dyo
ば/バ ba び/ビ bi ぶ/ブ bu べ/ベ be ぼ/ボ bo びゃ/ビャ bya びゅ/ビュ byu びょ/ビョ byo
ぱ/パ pa ぴ/ピ pi ぷ/プ pu ぺ/ペ pe ぽ/ポ po ぴゃ/ピャ pya ぴゅ/ピュ pyu ぴょ/ピョ pyo
くゎ kwa
ぐゎ gwa

Note:

  • Nu warna beureum geus jarang dipaké.
  • Lamun he へ dipaké keur partikel ditulisna he lain e (Kunrei-shiki/Hepburn).
  • Lamun ha は dipaké keur partikel ditulisna ha lain wa.
  • Lamun wo を dipaké keur artikel ditulisna wo lain o.
  • Vowel panjang ditembongkeun ku circumflex, contona o ditulis ô, teu saperti dina Hepburn, nu maké macron.
  • Suku kata n ん ditulisna n saméméh konsonan tapi jadi n' saméméh vowel jeung y.
  • Geminate consonant ditandaan ku konsonan ganda nuturkeun sokuon, っ, euweuh hal nu husus.

Rujukan[édit | édit sumber]

  • Nihongo Daihakubutsukan (日本語大博物館), author: Jun'ichirō Kida (紀田順一郎), publisher: Just System (ジャストシステム, Jasuto Shisutem) ISBN 4-88309-046-9 (in Japanese), chapter 6.

Citakan:Japanese romanization