Dakuten
Dakuten (濁点), dibacana ten-ten ("dot dot"), nyaéta tanda diacritic nu sering dipaké dina suku kata kana Basa Jepang keur nembongkeun yén konsonan suku kata kudu diucapkeun. Handakuten (半濁点), dibaca maru ("buleud"), nyata diacritik nu dipaké dina kana keur suku kata nu dimimitian ku h keur nembongkeun kudu diganti cara ngucapkeunna ku [p].
Dina tulisan teu resmi, saperti manga, kadangkalai dipaké dina vowel keur nembongkeun artikulasi tekanan atawa kuat.
Glyphs
[édit | édit sumber]Dakuten ampir sarua jeung tanda kutip, sedengkeun handakuten nyaéta lingkaran leutik, sarua jeung tanda satuju, disimpen di sisi luhur beulah katuhu tina karakter kana:
- □゛ dakuten (゛)
- □゜ handakuten (゜)
The glyphs identik dina skrip hiragana jeung katakana. Karakter kombinasi jarang dipaké dina karakter Basa Jepang ukuran pinuh, saperti Unicode jeung sakabéh nu umum dina multi bit encoding Basa Jepang nyadiakeun susunan glyphs keur sakabéh nu mungkin dina kombinasi karakter dakuten jeung handakuten dina rentang hiragana jeung katakana standar. Sanajan kitu, kombinasi karakter diperlukeun dina katakana satengah-lebar, nu teu disiapkeun dina karakter susunan saméméhna dina runtuyan bit tunggal.
ku sabab ampir saruana dakuten jeung tanda kutip ("), kutipan dina tulisan Basa Jepang ilahar make tanda kurung (「」) keur gantina.
Parobahan fonetik
[édit | édit sumber]Tabel di handap, kasimpulan parobahan fonetik ku sabab ayana dakuten jeung handakuten. Sacara literatur, suku kata nu make dakuten nyaéta "sora kotor" (濁音 dakuon), sedengkeun nu teu maké nyaéta "sora jelas" (清音 seion), tapi handakuten (sacara literatur. "tanda satengah-kotor") teu nuturkeun pola ieu.
taya tanda | dakuten | handakuten |
---|---|---|
か ka | が ga | |
さ sa | ざ za | |
た ta | だ da | |
は ha | ば ba | ぱ pa |
Handakuten dina ka, ki, ku, ke, ko teu dipaké dina tulisan Basa Jepang normal, tapi dipaké ku ahli basa jeung dina kamus jeung nembongkeun sora ng dina singing (IPA: [ŋ]), nu mana allophone /g/ dina sababaraha dialek Jepang. Ieu disebut bidakuon (鼻濁音), "sora nasal kotor". (Tempo: fonologi Basa Jepang.)
Tempo hiragana keur tabel nu lengkep.
Tanda ulang kana
[édit | édit sumber]Dakuten ditambahkeun ogé dina tanda ulang hiragana and katakana, nembongkeun yén kana saméméhna diulang ku sora sarua:
none | dakuten | |
---|---|---|
hiragana | ゝ | ゞ |
katakana | ヽ | ヾ |
Duanana tanda nu jarang dipaké, tapi kadangkala kapanggih dina ngaran jalma saperti Misuzu (みすゞ). Dina kasus ngucapkeunna sarua jeung tulisan kana pinuh. Aya deui tanda panjang disebutna ku no jiten, nu mana ngan dipaké dina tulisan nangtung keung ngulang kana tur ieu ogé kaasup kana dakuten.
Sora V
[édit | édit sumber]Ngan dina katakana, ogé ditambahkeun kana karakter ウ u jeung karakter vowel leutik keur nyieun sora /v/, saperti dina ヴァ va. Sabenerna "V" euweuh dina Basa Jepang, ieu ngan dipaké keur sababaraha kecap injeuman modérn tur masih kénéh acan ilahar dipaké, contona Venus nu tipikal tranliterasina ditulis ビーナス biinasu keur gaganti ヴィーナス viinasu. lolobana urang Jepang ngucapkeunna sarua, maké sora /b/, bisa atawa henteu keur ngartikeun ku gambaran kecap nu sarua.
métodeu nu leuwih jarang dipaké nyaéta nambahkeun dakuten kana runtuyan-w, ngagunakeun deui karakter /wi/ (ヰ) jeung /we/ (ヱ). /vu/ nu digambarkeun ku maké /u/, saperti di luhur; /wo/ jadi /vo/. Susunan karakter nu aya ieu sarua jeung (/va/ ヷ /vi/ ヸ /vu/ ヴ /ve/ ヹ /vo/ ヺ), sanajan loba IME nu teu mibanda keur makena.
Alat Mnemonic
[édit | édit sumber]Kacida gampang keur urang asing keur nginget-nginget parobahan fonétik maké alat mnemonic dimimitian ku sora asli sarta ditungtungan ku robahnsa sora. Contona:
- Keg
- Soyuz
- Timid
- Hub
- Hop (bantuan husus boh "o" atawa buleudan handakuten )