Katakana

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Katakana
Tipeu: Syllabary
Basa: Basa Jepang and Ainu
Mangsa: ~800 A.D. to the present
Sistim Tulis indung: Kana
Sistim tulis sawargi: Hiragana, Hentaigana
Japanese Katakana ZA.svg

Katakana (片仮名) nyaéta syllabary Basa Jepang, salah sahiji tina opat sistim nulis Basa Jepang. Nu séjénna nyaéta hiragana, kanji jeung rōmaji. Kecap katakana hartina "kana sejen," asalan tina turunan katerangan gramatikal Basa Jepang, dina Basa Cina disebut "kambun" (漢文). Kana ieu ditulis salian ti karakter Basa CIna sarta nerangkeun frase dina Basa Jepang.

Katakana dicirikeun ku garis lurus jeung sudut tajam, sarta skrip sederhana dina Basa Jepang.

Dua sistim utama dina susunan katakana, susunan heubeul iroha, jeung susunan nu leuwih anyar gojūon.

Tabel katakana[édit | édit sumber]

Tabel dihandap ieu nunjukeun hiragana jeung tulisan romajina. Anu warna beureum kana nu jarang dipaké.

vowels yōon
a i u e o ya yu yo
ka ki ku ke ko キャ kya キュ kyu キョ kyo
sa shi su se so シャ sha シュ shu ショ sho
ta chi tsu te to チャ cha チュ chu チョ cho
na ni nu ne no ニャ nya ニュ nyu ニョ nyo
ha hi fu he ho ヒャ hya ヒュ hyu ヒョ hyo
ma mi mu me mo ミャ mya ミュ myu ミョ myo
ya yu yo
ra ri ru re ro リャ rya リュ ryu リョ ryo
wa (ヰ) wi (ヱ) we wo
n
ga gi gu ge go ギャ gya ギュ gyu ギョ gyo
za ji zu ze zo ジャ ja ジュ ju ジョ jo
da ヂ (ji) ヅ (zu) de do ヂャ (ja) ヂュ (ju) ヂョ (jo)
ba bi bu be bo ビャ bya ビュ byu ビョ byo
pa pi pu pe po ピャ pya ピュ pyu ピョ pyo

Di handap tambahan katakana anyar, keur ngagambarkeun sora nu asalna tina basa séjén.

イェ ye
ウィ wi ウェ we ウォ wo
(ヷ) va (ヸ) vi vu (ヹ) ve (ヺ) vo
ヴァ va ヴィ vi ヴェ ve ヴォ vo ヴャ vya ヴュ vyu ヴョ vyo
シェ she
ジェ je
チェ che
ティ ti トゥ tu テュ tyu
ディ di ドゥ du デュ dyu
ツァ tsa ツィ tsi ツェ tse ツォ tso
ファ fa フィ fi フェ fe フォ fo フュ fyu

Pamakean[édit | édit sumber]

Dina basa Jepang modern, leuwih remen dipaké keur transkripsi kecap tina basa asing (disebut gairaigo). Contona, "television" ditulis terebi (テレビ?). Katakana ogé ilahar dipaké keur ngaran nagara, ngaran tempat ogé ngaran jalma asing. Contona Indonesia ditulis インドネシア jeung Budhi ditulisna ブディ (Budi).

Katakana ogé dipaké keur onomatopoeia, tulisan nu ngagambarkeun sora, contona chin (チン?), hartina "Ding" ilaharna ditulis dina katakana.

Watesan teknik jeung ilmiah ogé ilaharna ditulis dina katakana, upamana keur ngaran species sasatoan jeung tutuwuhan sarta mineral.

Katakana kadangkala dipaké ogé keur transcription ngaran parusahaan Jepang. Contona Suzuki ditulisna スズキ, jeung Toyota ditulisna トヨタ. Katakana dipaké ogé keur kaperluan husus, upamana rambu-rambu, iklan jeung hoardings. Contona, nu ilahar kapanggih ココ koko (di dieu), ゴミ gomi (runtah) atawa メガネ megane (kacapanon), sarta dina kalimah-kalimah nu penting ditulisna dina katakana.

Sanggeus Perang Dunya Kadua, dokumen resmi ditulis maké campuran katakana jeung kanji, sarta maké cara sarua maké hiragana jeung kanji dina Basa Jepang modern, ayeuna katakana keur okurigana jeung partikel saperti wa atawa o.

Katakana dipaké ogé keur telegram di Jepang saméméh taun 1988 sarta mimiti dipaké dina karakter komputer taun 1980-an. Loba komputer nu maké Katakana salian ti Kanji jeung/atawa Hiragana.

Sanajan kecap injeuman nu asalna tina Basa Cina ilaharna ditulis maké kanji, kecap injeuman nu asalana tina Basa Cina modern langsung dirobah kana Basa Jepang dumasar kana cara macana on'yomi, sarta biasa ditulis maké katakana. Contona

  • マージャン (麻將/麻雀), mājan (mahjong), tina Basa Mandarin májiàng
  • ウーロン茶 (烏龍茶), ūroncha (Oolong téa), tina basa Mandarin Mandarin wūlóng
  • チャーハン (炒飯), chāhan, (sangu goreng)
  • チャーシュー(叉焼), chāshū, tina Basa Kanton cha siu, babi panggang
  • シューマイ (焼売), shūmai, tina Basa Kanton siu maai, siomay.

kabéhanna ilahar ditulis maké katakana tinimbang kanji. Nu pangkawentarna tina Basa Cina nyaéta ラーメン (mie) jarang ditulis maké 拉麺.

Aya sababaraha hal anu tibalik, numana kanji dijieun tina tulisan katakana. Contona, コーヒー (kohi), "kopi", nu alternatipna ditulis maké kanji 珈琲. Kanji ieu ilahar dipaké, sanajan jarang, ilaharna dipaké ku parusahaan kopi ngarah katempona anyar.

Katakana kadangkala dipaké keur ngagantikeun hiragana dina furigana keur ngagamapeung maca dina kecap nu ditulis dina karakter Roman, atawa keur kecap-kecap asing, saperti nu ilahar dipaké dina kanji, sangkan macana sarua jeung aslina.

Katakana kadangkala dipaké ogé keur nembongkeun kecap nu diucapkeun ku urang asing atawa logat nu teu ilahar, ku karakter asing, robot jeung salian ti eta. Contona, dina komik, obrolan karakter asing atawa robot dituliskeun コンニチワ (konnichiwa) keur ngagantikeun nu ilhara dina hiragana こんにちは (konnichi wa).

Katakana dipaké ogé keur nembongkeun on'yomi (Chinese-derived) cara maca kanji dina kamus kanji.

Kadangkala ngaran urang Jepang ditulis maké katakana. Hal ieu ku sabab baheula geus ilahar dipaké, utama nini-nini nu ngaranna ditulis ku katakana.

Geus ilahar keur nuliskeun kecap nu hese dibaca dina kanji maké katakana. Kajadian ieu leuwih sering kapanggih di widang kadokteran. Contona, kecap "dokter kulit", 皮膚科, hifuka, kanji kadua, 膚, dianggap hese, mangka kecap hifuka ilaharna ditulis 皮フ科 atawa ヒフ科 dina katakana. Ampir saru jeung kanji 癌 gan, "kanker", leuwih remen ditulis dina katakana atawa hiragana.

Katakana dipaké keur notasi musik tradisional,saperti Tozan ryu shakuhachi, sarta dina sankyoku disusun ku koto, shamisen jeung shakuhachi.

Orthografi[édit | édit sumber]

Frase asing kadangkala disalin ku nambahkeun titik di tengah disebut nakaguro (中黒?) atawa ditulis misah. Lamun nu maca dianggap ngarti kana kecap gairaigo dina éta frase, tanda titik di tengah teu dipaké. Contona, frase コンピュータゲーム (konpyūta gēmu)(game komputer), ngabogaan dua gairaigo nu geus ilahar dipaké, dina nulisna teu maké titik tengah.

Ngeja katakana béda kacida jeung hiragana. Dina hiragana dieja panjang nu maké tambahan dua vowel kana, katakana ilaharna maké vowel extender mark disebut chōon. Tanda pondok ieu dituturkeun langsung dina teks, datar dina yokogaki, atawa teks datar, sarta nangtung dina tategaki, atawa teks nangtung. Katakana ilahar dipaké keur nulis kecap injeuman tina basa séjén; vowel panjang dina Basa Jepang nu ditulis dina katakna ilaharna ditulis dina hiragana. Aya sababaraha nu husus saperti ローソク(蝋燭)(rōsoku)(lilin) atawa ケータイ(携帯)(kētai)(telepon keupeul).

Aksara tsu leutik ッ disebutna sokuon nunjukeun konsonan geminate, nu ditulis dina rōmaji ku dua konsonan. Contona, bed ditulis dina katakana ベッド (beddo).

Sokuon ieu kadangkala dipaké keur nu teu sarua teu sora aslina. Contona, h-ganda dina ch nu ilahar dina ngaran urang Jerman. Bach, contona, jadi バッハ (Bahha); Mach is マッハ (Mahha).

Ayana "h" ganda dina Bach jeung Mach (nu maké tsu leutik) mangrupa kana panghadena keur ngaran urang Jerman.

Kecap ti basa séjén kacida hesena ditulis dina Basa Jepang, Khruschev jadi フルシチョフ (Furushichofu). Ali Khamenei jadi アリー・ハーメネイー (Arī Hāmeneī). Dina Wikipedia Basa Jepang aya rujukan イツハク・パールマン (Itsuhaku Pāruman) jeung イツァーク・パールマン (Itsāku Pāruman), Itzhak Perlman.

Sajarah[édit | édit sumber]

Kasaruan katakana dina man'yōgana (bagean man'yōgana nu dipake dina katakana ditulis beureum)

Katakana mimiti dipaké dina Periode Heian bagéan tina karakter man'yōgana nembongkeun cara maca (furigana) kanji dina kanbun. Contona, ka カ jadi beulah kenca ka 加 "nambahan". Ku cara ieu, loba runtuyan radical katakana sarua jeung nu dibaca dina kanji.

Kode Komputer[édit | édit sumber]

Katakana mibanda dua bentuk kode nyaéta, halfwidth hankaku (半角?) sarta fullwidth zenkaku (全角?). Bentuk halfwidth aslina ti JIS X 0201. Ieu kaasup halfwidth Katakana di beulah katuhu ASCII. Lolobana halfwidth Katakana merlukeun sa-bit keur unggal kana. Dina ahir taun 1970, runtuyan dua-bit karakter ampir sarua jeung dina JIS X 0208 keur nembongkeun Hiragana tur Kanji jeung nu séjénna. Masalahna, JIS_X_0208 nu dina Katakana karakter bébasna ngan hiji-bit saperti dina JIS_X_0201. Konflik ieu ngajadikeun loba kontroversi. Katakana dina JIS_X_0208 nyokot dua-bit byte (minimalna), mangka loba (hususna nu heubeul) dina output Katakana jadi legana-dua-bit. Ieu ku sabab kitu katakana dina JIS_X_0201 disebut halfwidth sarta JIS_X_0208, fullwidth. Sanajan kitu, loba enconfing nu teu halfwidth tina Hiragana.

Sanajan jarang dipaké, dina kanyataana halfwidth katakana masih remen dipaké dina sistim jeung kode. Contona, judul mini disc ngan bisa asup dina ASCII atawa halfwidth katakana, sarta halfwidth katakana ilahar dipaké dina komputerisasi mesin hitung, mesin kasa di toko, sarta judul tipi digital jeung DVD dina Basa Jepang. Sababaraha kode Basa Jepang nu ilahar saperti EUC-JP, Unicode jeung Shift-JIS maké halfwidth Katakana sarua jeung fullwidth. béda jeung, ISO-2022-JP nu teu ngabogaan halfwidth Katakana, ilahar dipaké dina SMTP jeung NNTP. Halfwidth katakana ilahar dipaké dina layar atawa memori.

Unicode[édit | édit sumber]

Dina Unicode, fullwidth katakana maké titik kode U+30A0 ka U+30FF [1]:

    0 1 2 3 4 5 6 7 8 9 A B C D E F
30A  
30B  
30C  
30D  
30E  
30F  

Halfwidth sarua jeung fullwidth katakana ogé aya. Kode ieu aya dina Bentuk blok Halfwidth jeung Fullwidth (U+FF00–U+FFEF) [2], mimiti ti U+FF65 nepi ka U+FF9F (karakter U+FF61–U+FF64 nyaéta fungsi tanda baca halfwidth):

    0 1 2 3 4 5 6 7 8 9 A B C D E F
FF6  
FF7   ソ
FF8  
FF9  

Titik kode 32D0 nepi ka 32FE nyaéta rundayan Circled Katakana. Catetan: circled ン teu aya

    0 1 2 3 4 5 6 7 8 9 A B C D E F
32D  
32E  
32F  

Katakana keur Basa Ainu[édit | édit sumber]

Katakana kadangkala dipaké keur Basa Ainu. Unikna Basa Ainu maké katakana, konsonan ayana di suku kata panungtung keur ditembongkeun ku katakana versi leutik nu pakait jeung konsonan panungtung jeung vowel nu teu teratur. Contona "up" diulis maké ウㇷ゚ (u dituturkeun pu leutik). Dina Unicode, blok Phonetic Extensions Katakana (U+31F0–U+31FF) [3] keur basa Ainu. Karakter nu remen dipaké dina Basa Ainu ngan:

    0 1 2 3 4 5 6 7 8 9 A B C D E F
31F  

Tempo oge[édit | édit sumber]

Rujukan[édit | édit sumber]

Wikipedia Basa Inggris, Juli 2006.

Tumbu kaluar[édit | édit sumber]