Lompat ke isi

Romanisasi aksara Jepang

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
(dialihkeun ti Romanisasi basa Jepang)

Romanisasi kecap Basa Jepang, nyaéta nuliskeun karakter nu asalna tina tulisan (kanji) Basa Cina jeung skrip suku kata (kana) kana hurup Latin, keur kaperluan nuliskeun tanda jalan, ngaran sarta dina kamus jeung teks book keur urang luar nu hayang diajar Basa Jepang.

Aya sababaraha sistem romanisasi, tilu sistim nu penting nyaéta Hepburn romanization, Kunrei-shiki (ISO 3602), jeung Nihon-shiki (ISO 3602 Strict). Variasi Hepburn nu leuwih remen dipaké.

Masyarakat Jepang nu sakola dasar ti mimiti Perang Dunya Kadua diajar maca jeung nulis tulisan latin, disebutna rōmaji (ローマ字?) dina Basa Jepang. Romanisasi ogé ilahar dipaké keur kecap Basa Jepang dina pengolah kata jeung komputer. ku sabab kitu, ngan sabagéan leutik ti generasi kolot, nu bisa maca jeung nulis make, sanajan sabagéan tina buku teks jeung nu diajar Basa Jepang jarang ditulis dina tulisan latin sacara lengkep. Loba kecap dina Basa Jepang mun dituliskeun kana romaji malah jadi ngabingungkeun nu maca.

Sajarah

[édit | édit sumber]

Sistim romanisasi Basa Jepang mimiti dumasar kana ortografi Basa Portugis. Mimiti dimekarkeun kira-kira taun 1548 ku urang Jepang Katolik nyaéta Yajiro. Penerbit Yesus maké sistim ieu dina runtuyan buku Katolik keur kaperluan misionaris dina hotbah jeung pangajaran Kristen sangkan teu kudu diajar maca tulisan Basa Jepang. Pamakéan buku ieu loba gunana keur diajar cara ngucapkeun Basa Jepang modérn sarta keur kaperluan romanisasi mimiti dina Nippo jisho, kamus Basa Jepang-Portugis nu ditulis dina tau 1603. Sacara ilahar, sistim Basa Portugis mimiti ampir sarua jeung Nihon-shiki dina ngagunakeun vowel. Sababaraha konsonan ditranslasi beda-beda: contona, konsonan /k/ dijieun "c", sarta konsonan /ɸ/ (ayeuna diucapkeun /h/) dijieun "f", mangka Nihon no kotoba ("Basa Jepang") diejana "Nifon no cotoba". Penerbit Yesus ogé ngaluarkeun sababaraha buku sekuler di romanisasi Basa Jepang, nyaéta buku nu mimiti terbit dina Basa Jepang Klasik The Tale of the Heike, diromanisasi jadi Feiqe no monogatari, sarta koleksi Aesop's Fables (diromanisasi jadi Esopo no fabvlas). Nu kadua terus dicetak sarta dibaca sanggeus éra Kristenisasi (Chibbett, 1977).

Nuturkeun pangusiran Kristen ti Jepang dina ahir taun 1590-an sarta awal taun 1600, rōmaji jadi jarang dipaké sarta dipaké sacara sporadis keur teks basa asing sanggeus pertengahan taun 1800-an, waktu Jepang terbuka deui. Sistim nu dipaké ayeuna dimekarkeun dina pertengahan abad ka-19.

Sistim nu mimiti dimekarkeun nyaéta sistim Hepburn, dimimitian ku kamus James Curtis Hepburnsarta loba dipaké keur kaperluan urang asing.

Dina Meiji era, sababaraha sarjana Basa Jepang ngusulkeun keur ngaleungitkeun sistim tulisan Jepang jeung maké rōmaji keur gagantina. Romanisasi Nihon shiki tumuwuh ku ayana gerakan ieu. Sababaraha teks Basa Jepang diterbitkeun dina rōmaji dina periode ieu, tapi gagal ditarima, sabab sabagian gedé homophone dina Basa Jepang, nu diucapkeun sarua tapi beda dina karakter tulisan. Saterusna, mimiti abad ka-20, sababaraha sarjana mikirkeun sistim suku kata keur karakter nu asalna tina Basa Latin; tapi ieu ogé henteu populer, sabab teu didasarkeun kana sajarah pamakéan alpabet Latin.

Sistim Kiwari

[édit | édit sumber]

Hepburn

[édit | édit sumber]
 Artikel utama: Hepburn romanization.

Romanisasi sistim Hepburn Revisi maké macron keur nembongkeun sababaraha vowel panjang, jeung apostrophe keur misahkeun fonem nu ngabingungkeun. Contona, ngaran じゅんいちろう, ditulis dina karakter kana ju-n-i-chi-ro-u, sarta diromanisasi jadi Jun'ichirō dina Hepburn Revisi. Sistim ieu loba dipaké di Jepang, di antara mahasiswa asing jeung akademik.

Romanisasi Hepburn ilaharna nuturkeun fonologi Basa Inggris ku vowel Roman, sarta métodeu inituisi nembongkeun cara ngucapkeun Anglophone kecap Basa Jepang. Sistim ieu geus dibakukeun di Amérika nyaéta American National Standard System for the Romanization of Japanese (Modified Hepburn), tapi status ieu dileungitkeun dina 6 Oktober, 1994. Hepburn mangrupa sistim romanisasi nu pangilaharna dipaké, hususna keur obrolan maké Basa Inggris. Sistim Hepburn dikritik sabab aya distorsi dina fonologi Basa Jepang nyabab hésé keur ngaharkeun Basa Jepang ka urang asing.

Nihon-shiki

[édit | édit sumber]
 Artikel utama: Nihon-shiki.

Nihon-shiki sistim nu pangjarangna dipaké di antara tilu sistim nu aya. Aslina métodeu ieu dipaké keur nuliskeun Basa Jepang kana basana sorangan. Sistim ieu nuturkeun fonologi jeung suku kata sacara disiplin, sarta hiji-hijina sistim romanisasi utama nu ngidinan keur metakeun ti jeung ka kana. Sistim ieu dibakukeun dina ISO 3602.

Kunrei-shiki

[édit | édit sumber]
 Artikel utama: Kunrei-shiki.

Kunrei-shiki nyaéta modifikasi saeutik tina versi Nihon-shiki nu ngaleungitkeun beda antara suku kata kana jeung cara ngucapkeun modérn. Contona, lamun kecap kana かな jeung tsukai つかい dihijikeun, hasilna ditulis dina kana nyaéta かなづかい maké dakuten (tanda sora) ゛dina kana つ (tsu) keur nembongkeun yén つ sora ayeuna. Kana づ diucapkeun ku cara nu sarua jeung kana, す (su), nu maké dakuten dakuten, ず. Kunrei-shiki jeung Hepburn ngaleungitkeun beda dina "kana" jeung maké sora nu sarua, nyaéta, kanazukai, maké hurup nu sarua "zu" saperti nu dipaké keur nga-romanisasi ず. Nihon-shiki angger maké beda sarta dina romanisasina jadi kanadukai, ngabedakeun antara "kana" づ jeung ず, nu dina romanisasi jadi zu, sanajan duanana diucapkeun sarua. Ampir sarua jeung pasangan じ jeung ぢ, duanana zi dina romanisasi Kunrei-shiki jeung ji Hepburn, tapi jadi zi jeung di dina Nihon-shiki. Keur leuwih jentre tempo tabel di handap.

Kunrei-shiki geus daibakukeun ku Pamaréntah Jepang jeungISO (ISO 3602). Kunrei-shiki diajarkeun di sakola dasar Jepang nepi ka taun kaopat.

Variasi sejen

[édit | édit sumber]

Masih mungkin keur ngaromanisasi ngucapkeun Basa Jepang keur urang asing kalayan leuwih bener. Tipikal tambahan saperti tanda tone keur catetan aksen Basa Jepang jeung tanda diacritik keur ngabedakeun robahna folologi, saperti asimilasi nasal /n/ (tempo fonologi Basa Jepang).

 Artikel utama: JSL.

JSL nyaéta sistim romanisasi dumasar kana fonologi Basa Jepang, dirancang maké prinsip kabasaan dipaké ku ahli basa dina nyieun sistim tulisan keur basa nu jarang dipaké. Sistim ieu dumasar kana fonem murni, dipaké hiji simbol unggal fone sarta ditandaan maké diakritik. Sistim ieu diciptakeun ku Eleanor Harz Jorden keur ngajar Basa Jepang. Prinsipna saperti sistim nu ngidinan pelajar keur leuwih jero diajar fonologi Basa Jepeng. Sabab sistim ieu teu pati gedé pangaruhna keur obrolan urang asing tinimbang sistem séjénna, sarta Basa Jepang geus mibanda sistem tulisan sorangan, JSL teu loba dipaké di luar dunya pendidikan.

Romanisasi nu teu-baku

[édit | édit sumber]

salian ti sistim baku di luhur, aya variasi dina romanisasi, dipaké keur nyederhanakeun, kasalahan atawa nu ngabingungkeun atawa ngan sakadar alesan gaya.

Catetan, variasi metakeun metoda asupan Basa Jepang keur konversi keystrokes dina papan ketik Roman keyboard kana kana sok dikombinasikeun jeung sakabéh sistim; waktu maké plain text tinimbang konversi, ilaharna disebut wāpuro rōmaji. (Wāpuro nyaéta singgetan tina do purosessā [word processor].) Teu saperti tina sistim baku, wāpuro rōmaji teu merlukeun karakter ti luar runtuyan karakter ASCII.

Aya sababaraha alesan dina variasi romanisasi di konteks husus, utamana lamun dipakena pacampur, ngajadikeun bingung lamun romanisasi kecap Basa Jepang dijieun indeksna.

Variasi romanisasi nu umum nyaéta:

  • Ngaran jeung kecap Basa Jepang nu aya dina ejaan Basa Inggris saperti kudzu jeung jiu jitsu, atawa kecapan injeuman saperti kyatto keur "cat", kadangkala ditulis saperti dina Basa Inggris, teu nuturkeun aturan romanisasi.
  • Jya keur じゃ, nu dina Hepburn nyaéta ja jeung zya dina Nihon-shiki jeung Kunrei-shiki, sarta ampir sarua jeung jyu keur じゅ jeung jyo keur じょ. Nu teu make tambahan y katempona hasil tina kabingungan dina sistim romanisasi.
  • Cchi keur っち (Hepburn tchi) jeung nu sejenna. Ieu wāpuro rōmaji, tapi remen dipake ku sabab alesan gaya lamun dipake keur nulis ngaran pondok (contona, あきこ Akiko jadi あっちゃん Acchan tinimbang Atchan).
  • La keur ら (Hepburn ra) jeung saterusna. Konsonan Basa Jepang /r/ ngabogaan sora (IPA [ɽ]) nu deukeut tapi teu sarua, boh dina Basa Inggris "r" jeung "l". "R" jeung "l" duanana ditranskripsi kana Basa Jepang make Basa Jepang /r/. Contona "l" dina romanisasi Basa Jepang boneka budak リカ, diromanisasi jadi Licca.
  • Na keur んあ (Hepburn n'a) jeung saterusna. Bentuk ieu romanisasi Basa Jepang dipake dina inpormasi publik saperi rambu-rambu jalan jeung kareta di Jepang.
  • Nn keur ん (Hepburn n). Contona wāpuro rōmaji (sanajan loba metoda asupan Basa Jepang ditarima dina Hepburn n'). Ieu nyababkeun dualisme leuwih lega dina sistim Hepburn. Contona, kluster nna, numana んな dina Hepburn, digambarkeun jadi んあ dina sistim ieu. n ganda kadangkala katempo dinga ngaran, contona ngaran nu remen katempo Usenet poster Junn Ohta.

Vowel panjang

[édit | édit sumber]

Variasi nu leuwih umum nyaéta ngidinan makron atawa circumflexes dipake keur nembongkeun vowel panjang. Ieu kacida remenna dina romanisasi versi kecap Basa Jepang nu dipake dina Basa Inggris. Contona ngaran ibu kota Jepang, cara nulis nu bener nyaéta Tōkyō dina romanisasi Basa Jepang, sacara universal ditulis Tokyo. Di Jepang, romanisasi Basa Jepang katempona leuwih loba mangpaatna keur urang asing pikeun bisa maca sacara gampang, macrons jeung circumflexes ilahar dipake keur penyederhanaan.

Loba mesin ketik, pangolah kecap, jeung sistim komputerisasi teu gampang nyaruakeun jeung "macron" dipake dina romanisasi. Nihon-shiki jeung Kunrei-shiki make aksen circumflex (saperti, Tôkyô). Ieu gampang keur asupan, saperti â, î, û, ê, jeung ô dina runtuyan karakter ISO-8859-1, sarta gampang diasupkeun kana variasi sistim.

Metoda saterusna nu ilahar dipake keur "vowel" panjang:

  • Oh keur おお atawa おう (Hepburn ō). Ieu kadang-kadang disebut "passport Hepburn", saperti Kamenterian Luar Negeri Jepang nu ngaluarkeun paspor (tapi teu diperlukeun) pamakean ieu paspor [1] Archived 2011-12-05 di Wayback Machine
  • Ou keur おう (oge Hepburn ō). Contona wāpuro rōmaji.
  • Ô keur おお atawa おう (Hepburn ō). Ieu bener keur Nihon-shiki jeung Kunrei-shiki, tapi kakdangkala aya dina romanisasi kecap Hepburn sejenna (saperti dijelaskeun di luhur).

Variasi kuno

[édit | édit sumber]
 Artikel utama: Historical kana usage.

Dina teks heubeul, variasi romanisasi sejen nu ayeuna jarang dipake. Sababaraha diantarana masih dipake nepi ka kiwari sanajan ngan saeutik. Contona:

  • Vowel i plus o kadang kala dipake keur nuliskeun sora Basa Jepang yōon: saperti Tokyo jadi "Tokio" sarta Kyoto jadi "Kioto". Romanisasi ieu masih kapanggih dina ngaran spesies "mioga", sayuran Jepang myōga.
  • Kana ゑ dianggap ye. Ucapan nu sabenerna keur "kana" ieu nyaéta we, tapi w geus leungit ku waktu nyaéta (upamana) ゑど "Wedo" mimiti diromanisasi jadi Yedo.
  • Kana づ (Nihon-shiki du) diromanisasi jadi dzu, saperti dina ngaran tutuwuhan adzuki jeung kudzu. Ieu saperti Hepburn wāpuro rōmaji keur mata uang.

Romanisasi ngaran Jepang

[édit | édit sumber]

Ngaran bisa jadi loba variasi, nu gumantung kana cara ngeja nu dipikaresep. Contona, artis manga Yasuhiro Nightow ngaran kulawargana sacara konvensional ditulis dina sistim romanisasi Hepburn nyaéta Naitō.

Variasi sejen dina ngaran nyaéta ngaganti K ku C, saperti ngaran artis tipi Ricaco atawa dahareun ringan Jagarico, atawa miceun vowel tanpa sora, saperti dina ngaran sutradara pilem Macoto Tezka (putra artis manga Osamu Tezuka). Catean miceun vowel u.

Conto kecap nu ditulis dina unggal sistim romanisasi

[édit | édit sumber]
Basa Sunda Basa Jepang Ngeja kana Romanisasi
Revised Hepburn Kunrei-shiki Nihon-shiki
Roman characters ローマ字 ローマじ rōmaji rômazi rômazi
Gunung Fuji 富士山 ふじさん Fujisan Huzisan Huzisan
teh お茶 おちゃ ocha otya otya
gubernur 知事 ちじ chiji tizi tizi
surut 縮む ちぢむ chijimu tizimu tidimu
saterusna 続く つづく tsuzuku tuzuku tuduku

Chart romanisasi

[édit | édit sumber]

Chart nembongkeun beda nu jelas dina sistim romanisasi utama.

Kana Revised Hepburn Kunrei-shiki Nihon-shiki
うう ū û û
おう, おお ō ô ô
shi si si
しゃ sha sya sya
しゅ shu syu syu
しょ sho syo syo
ji zi zi
じゃ ja zya zya
じゅ ju zyu zyu
じょ jo zyo zyo
chi ti ti
tsu tu tu
ちゃ cha tya tya
ちゅ chu tyu tyu
ちょ cho tyo tyo
ji zi di
zu zu du
ぢゃ ja zya dya
ぢゅ ju zyu dyu
ぢょ jo zyo dyo
fu hu hu

Huruf alpabet dina Basa Jepang

[édit | édit sumber]

Di handap nembongkeun cuma ngeja Latin unggal karatker atawa akronim dina Basa Jepang. Contona, NHK dieja enu-eichi-kei, (エヌエイチケイ).

  • A; ē or ei (エー or エイ)
  • B; (ビー, cara maca sejenna , ベー)
  • C; shī (シー or シィー, kadangkala dibaca , スィー)
  • D; (ディー, cara maca sejenna , デー)
  • E; ī (イー)
  • F; efu (エフ)
  • G; (ジー)
  • H; eichi (エイチ)
  • I; ai (アイ)
  • J; or jei (ジェー or ジェイ)
  • K; or kei (ケー or ケイ)
  • L; eru (エル)
  • M; emu (エム)
  • N; enu (エヌ)
  • O; ō (オー)
  • P; (ピー, cara maca sejenna , ペー)
  • Q; kyū (キュー)
  • R; āru (アール)
  • S; esu (エス)
  • T; (ティー, cara maca sejenna chī, チー, jeung cara maca sejenna , テー)
  • U; (ユー)
  • V; vi (ヴィ, cara maca sejenna bui, ブイ)
  • W; daburyū (ダブリュー)
  • X; ekkusu (エックス)
  • Y; wai (ワイ)
  • Z; zeddo or (ゼッド or ズィー, cara maca sejenna , ジー)

Kana tanpa bentuk romaji

[édit | édit sumber]

Taya bentuk romanisasi umum nu ditarima keur sakabeh bentuk kana. Sabagean, taya bentuk romanisasi keur sakabeh ukuran kana nu leuwih leutik tina "vowel" kana, "ぁ", "ぃ", "ぅ", "ぇ" jeung "ぉ", versi nu leuwih leutik keur kana y, "ゃ", "ゅ", jeung "ょ", sarta sokuon atawa kana tsu "っ" leutik. Sanajan ilaharna make tanda ponetik atawa diakritik keur ngadeukeutanana, saperti dina tungtung kalimah atawa sababaraha ngaran.

Taya umum ditarima keur kombinasi romanisasi saperti katakana "トゥ" dibaca to jeung u leutik, dipake keur ngagambarkeun sora dina kecap Basa Inggris "too". Sababaraha urang nulisna jadi tu, tapi ieu ngabingungkeun jeung tu dina romanisasi Nihon-shiki jeung Kunrei-shiki keur kana ツ, dina Hepburn romanisasi jadi tsu.

Dina komputer atawa pangolah kalimah, kana leutik bisa dihasilkeun tina sababaraha cara. Contona, ku cara mencet "x" atawa "l" samemeh romanisasi ukuran pinuh bakal ngahasilkeun kana versi leutik dina sababaraha sistim, saperti xtu bakal jadi "っ" dina komputer Microsoft. Sanajan ieu teu baku sarta bentukna ngan dipaké dina sistim asupan; teu dipaké keur ngagambarkeun kana leutik dina romanisasi Basa Jepang.

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. Chibbett, David (1977). The History of Japanese Printing and Book Illustration. Kodansha International Ltd. ISBN 0-87011-288-0. 
  2. Jun'ichirō Kida (紀田順一郎 Kida Jun'ichirō?). Nihongo Daihakubutsukan (日本語大博物館?). ISBN 4-88309-046-9.  (Dina Basa Jepang).

Tempo ogé

[édit | édit sumber]

Tumbu kaluar

[édit | édit sumber]