Lompat ke isi

Gunung Fuji

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Gunung Fuji
富士山

Gunung Fuji mangsa panonpoe bijil ti Situ Kawaguchi
Luhur 3,776 méter
Perenah Honshu, Jepang
Prominéns3,776 m
Koordinat35°22′N 138°44′E
TipeStratovolcano (dorman)
Panungtungan bitu1707
First ascent663 by an anonymous monk
Rute panggampangnahike

Gunung Fuji (富士山 Fuji-san?, IPA: [ɸɯʥisaɴ]) nyaéta gunung pangluhurna di Jepang.[rujukan?] Gunung Fuji ngalingkup Préféktur Shizuoka jeung Yamanashi, beulah kuloneun Tokyo, nu mangsa poé cangra katembong jelas.[rujukan?] Gunung Fuji deukeut ka basisir di bagéan tengah pulo Honshu.[rujukan?]

Gunung Fuji dipaké salaku simbol Jepang tur remen dipaké dina lukisan jeung foto saperti lobana nu datang jeung naek ka puncakna.[rujukan?]

Géografi

[édit | édit sumber]
Gunung Fuji

Gunung Fuji mibanda lima situ di sabudeureunna nyaéta: Dano Kawaguchi, Danau Yamanaka, Dano Sai, Dano Motosu jeung Dano Shoji.[rujukan?] kabéhanna deukeut ka Dano Ashi, tempat nu hadé keur nempo Gunung Fuji. Gunung Fuji kaasup bagéan tina Taman Nasioal Fuji-Hakone-Izu.[rujukan?]

Geologi

[édit | édit sumber]

élmuwan geus ngaidentifikasi yén aya opat fase aktivitas vulkanik nu nyusun formasi Gunung Fuji. Fase kahiji, disebut Sen-komitake, nu disusun ku andesite nu ayeuna katutupan di bagéan jero gunung.[rujukan?] Sen-komitake dituturkeun ku "Komitake Fuji," nu disusun ku basalt tur dipercaya kabentuk dina sababaraha rebu taun katukang.[rujukan?] Ampir 100,000 katukang, "Old Fuji" geus nutupan Komitake Fuji.[rujukan?] Nu panganyarna, "New Fuji" dipercaya kabentuk tur nutupan Old Fuji kira-kira 10,000 taun katukang. [1] Archived 2004-08-03 di Wayback Machine

Vulkanik ayeuna kaasup tipe letusan rendah resiko. Catetan panungtung bituna Gunung Fuji nyaéta dina taun 1707 mangsa Edo period.[rujukan?] Dina waktu ieu, kabentuk kawah anyar, sapanjang puncak kadua, disebut Hōei-zan, dumasar kana ngaran era.[rujukan?]

Gunung Fuji aya di pasamoan tilu lempeng nyaéta Lempeng Eurasia (atawa Lempeng Amuria), Lempeng Okhotsk, sarta Lempeng Filipina.[rujukan?] Lempeng-lempeng ieu nyaéta bagéan kulon Jepang, bagéan wetan Jepang jeung Semenanjung Izu.[rujukan?]

Ngaran Gunung Fuji

[édit | édit sumber]

Variasi

[édit | édit sumber]

Fuji-san kadangkala dipaké keur gaganti Fuji Yama dina sabaraha teks basa asing, sabab karakter katilu éta ngaran, 山 hartina gunung, bisa ogé dibaca "yama".[rujukan?] (Tempo cara maca kanji.) Sanajan kitu ieu ngarupakan ngaran heubeul di Jepang.[rujukan?] Kanyataana, Frase Basa Jepang "Fujiyama, geisha" hartina Jepang nu salah ngartikeun ku urang asing.[rujukan?] Ahiran -san, hartina gunung, teu pakait jeung gelar Jepang -san nu dipaké keur jalma.[rujukan?]

"Fuji" kadang kala dieja "Huzi" lamun maké romanisasi Nippon-shiki. Tapi ejaan standar nu paling ilahar dipaké keur ngagambarkeun ucapan dina Basa Jepang.[rujukan?]

Ngaran séjén keur Gunung Fuji, nu lalaunan leungit atawa jarang dipaké nyaéta Fuji-no-Yama (ふじの山, Gunung Fuji), Fuji-no-Takane (ふじの高嶺, Puncak Fuji), Fuyō-hō (芙蓉峰, Puncak Lotus ), jeung Fu-gaku (富岳 atawa 富嶽, karakter mimiti 富士, Fuji, jeung 岳, gunung).[rujukan?]

Etimologi

[édit | édit sumber]

Ayeuna kanji keut Gunung Fuji nyaéta, 富 jeung 士, hartina kakayaan atawa loba sarta prajurit, tapi karakter ieu dipilih sabab cara ngucapkeunna sarua jeung suku kata ngaranna, henteu dumasa kana harti ngaranna.[rujukan?]

Ngaran asli Fuji teu jelas.[rujukan?] Dina etimologi rakyat nyebutkeun yén Fuji asalana tina 不二 (henteu + dua), hartina teu sarua atawa nonpareil. séjénna nyebutekeun asalna tina 不尽 (teu + rusak), hartina abadi.[rujukan?]

Carita rakyat nu populer nyebutkeun yén ngaran gunung hartina pinuh ku tentara, ditulis maké karakter Cina 富士 (loba atawa kakayaan + tentara). Tempo The Tale of the Bamboo Cutter.[rujukan?]

Sajarah

[édit | édit sumber]

Gunung Fuji mimiti ditaekan dina taun 663 ku pendeta nu teu dipikanyaho ngaranna. mangrupa gunung suci ti baheula, Gunung Fuji teu meunang ditaekan ku awewe nepi ka Era Meiji.[rujukan?] poé ayeuna, Gunung Fuji tujuan wisata nu kawentar tur ilahar ditaekan (tempo di handap).[rujukan?]

Gunung Fuji mangrupa congcot vulkanik nu endah tur remen dipaké dina subyek seni Jepang. Nu pangkawentarna lukisan Ukiyo-e karya Hokusai 36 Pamandangan Gunung Fuji. Salian ti éta loba disebutkeun dina literatur Basa Jepang dina sababaraha umur jeung subyek sajak.

Gunung Fuji ogé imah tradisi prajurit: samurai ngagunakeun gunung keur ngawaskeun wewengkon sabudeureunna, deukeut kota Gotemba ayeuna.[rujukan?] Shogun Minamoto no Yoritomo bertahan yabusame di wewengkon ieu dina aawal periode Kamakura.[rujukan?] Saperti dina taun 2005, Angkatan Pertahanan Jepang jeung Marinir Amerika latihan oprasi militer di deukeut Gunung Fuji.[rujukan?]

Naek ka Gunung Fuji

[édit | édit sumber]
Mangsa panon poe surup di Gunung Fuji

périodeu nu ilahar keur naek ka Gunung Fuji ti 1 Juli nepi ka 27 Agustus, mangsa pondok jeung fasilitas séjén muka.[rujukan?] Beus bisa nepi ka stasion kalima mimiti 1 Juli, sarta beus panungtung jam 3 burit tur ongkosna kira-kira $28.ooUS dollars.[rujukan?] Lamun katinggaleun beus keur ka stasion kalima, bisa maké taksi biayana kira-kira $60.ooUS sakali jalan.[rujukan?] Beus ti Gunung Fuji nepi ka jam 11, mangka kitu lamun teu ngagunakeun taksi kudu nyiapkeun sarapan tur ngadagoan sababaraha waktu lila. Kira-kira 200,000 urang naek ka Gunung Fuji unggal taun, 30% di antarana urang asing.[rujukan?] Lilana waktu naek antara 3 nepi ka 7 jam, sedengkeun turnna antara 2 nepi ka 5 jam.[rujukan?] Aya sababaraha jalan anyar nu bisa dipaké keur ka puncak, tapi teu matak ngurangan kana waktu keur nepi ka puncak.[rujukan?] Waktu naek bakal ngurangan nepi ka stasion kalima gumantung kana kamampuh, tapi ngajadikeun rute naek leuwih gampang.[rujukan?] Rute naek dibagi kana sapuluh stasion, nu geus diaspal nepi ka stasion kalima, kira-kira 2300 méter luhureun laut.[rujukan?] Lamun mimiti naek ti Stasiun Kahiji perlu waktu 10 nepi ka 12 jam keur nepi ka puncak.[rujukan?] Ti Stasiun Kahiji nepi Kalima, angin ngagelebug tur tanjakan kacida netekna.[rujukan?] Sababaraha jalan bakal kapanggih ke nepi ka sub stasion kagenep.[rujukan?] Stasiun Kagenep mimitip ngan sakadar daerah panempoan tur bisa dipaké keur reureuh jeung nyiapkeun cai.[rujukan?] Keur maké tempat reureuh kudu mayar.[rujukan?] Tempat reureuh di Stasion Kalima mangrupa tempat reureuh panghadéna. Lolobana nu reureuh keur ngahaneutkeun awak, tempatna bersih tur bauna rada nyegak.[rujukan?] Pondok di stasion ieu teu dijaga waktu peuting. Pondok ieu ngan keur nu datang beurang, tur sakadar keur nempo sakuruling jeung moal naek nepi ka puncak.[rujukan?] Rebuan urang ka Gunung Fuji salila périodeu dua bulan ieu.[rujukan?] Loba nu naek peuting sangkan bisa nempo panonpoe bijil poé isukna.[rujukan?] Waktu nu panghadéna ti Stasiun kalima ka puncak nyaéta jam 9 peuting.[rujukan?] Reureuh di Stasiun Kadalapan atawa Kasalapan nepi ka jam 2 isung-isuk, diterukeun ku leumpang sangkan bisa nepi ka puncak dina kira-kira jam 4:15 janari.[rujukan?] Antara Stasion Kadalapan jeung Kasalapan hawa di luar pondok kacida tirisna, sabab kitu leuwih hadé cicing di jero pondok.[rujukan?] Bisa ogé ngendong di pondok Stasion Kasapuluh, biayana $40.00 - $50.00US dollar sapeuting.[rujukan?] Bisa ogé nyobaan nawar mayar per jam keur ngadagoan janari bari bisa sare, tapi ilaharna teu bisa sabab ku lobana nu datang kaayaan jadi gandeng.[rujukan?] Lobana nu naek ieu ogé jadi masalah, tapi teu matak ngurangan kapopuleran nu hayang naek ka Gunung Fuji.[rujukan?]

Aokigahara

[édit | édit sumber]

Aokigahara nyaéta leuweung nu nuruban dasar gunung.[rujukan?] Loba legenda ngeunaan ieu, salah sahijina nyaéta gunung nu mibanda endapan besi nu nyababkeun kompas kaasup ogé GPS teu bisa dipaké, sarta matak gampang keur kaleungitan arah.[rujukan?]

Legenda ieu teu bener: medan magnet nu disababkeun ku beusi kaasup lemah keur nyababkeun pangaruh kana kompas.[rujukan?] Boh Pasukan Pertahanan jeung Angkatan Laut sacara teratur latihan di ieu leuweung, kompas, GPS jeung alat-alat navigasi séjénna bisa dipaké kalayan normal.[rujukan?]

Guha nu di ieu leuweung ngandung es salila usum panas.[rujukan?] Legenda monster jurig, jeung goblin leuweung, nambahan dongeng ngeunaan geueumna ieu leuweung. Saterusna, Aokigahara Jukai (Tangkal-tangkal laut) mangrupa tempat bunuh diri di Jepang; jiwa nu hayang bunuh diri salilana aya di ieu leuweung.[rujukan?] Leuwih ti 78 layon kapanggih di ieu leuweung, nyababkeun pamaréntah ngaluarkeun larangan keur bunuh diri di ieu leuweung.[rujukan?]

Tempo ogé

[édit | édit sumber]

Rujukan

[édit | édit sumber]

wikipedia basa Inggris, Agustus 2006.

Foto Gunung Fuji

[édit | édit sumber]

Tumbu kaluar

[édit | édit sumber]

   Tempo ogé Gunung Fuji di Wikivoyage