Lompat ke isi

Hiragana

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Hiragana
Tipeu: Syllabary
Basa: Basa Jepang
Mangsa: ~800 A.D. to the present
Sistim Tulis indung: Kana
Sistim tulis sawargi: Katakana, Hentaigana

Hiragana (平仮名?) nyaéta suku kata dina Basa Jepang, salah sahiji tina opat sistim nulis Basa Jepang, nyaéta katakana, kanji jeung rōmaji (atawa huruf Latin). Boh hiragana jeung katakana duanana maké sistim kana, nu mana unggal syumbol ngagambarkeun hiji mora. Unggal kana hurup hirup (saperti a あ); konsonan dituturkeun ku hurup hirup (saperti ka か); atawa n ん, nasal sonorant nu gumantung kana konteksna saperti m, n, atawa ng dina basa Inggris (IPA ŋ), atawa saperti nasal vowel dina Basa Perancis.

Hiragana dipaké keur kecap nu euweuh huruf kanji-na, kaasup partikel saperti kara から "ti," jeung ahiran saperti ~san さん "Bapa, Ibu, Akang, Teteh" Hiragana ogé dipaké keur kecap nu kanji-na teu dipikanyaho kunu nulis, ogé kunu maca, atawa bentuk formal keur kaperluan tulisan. Infleksi kecap pagawean jeung kecap sipat, upama dina conto tabemashita (食べました ate?), BE MA SHI TA ditulis dina hiragana. Dina sababaraha kasus, bagéan akar ieu ogé ditulis dina hiragana. Hiragana ogé dipke keur kaperluan cara maca kanji disebutna furigana. Artikel sistim nulis Basa Jepang ngajelaskeun leuwih jéntré kumaha sistim nulis ieu dipaké.

Aya dua sistim utama keur susunan hiragana, susunan heubeul iroha, sarta susunan nu leuwih anyar gojūon.

Sistim nulis hiragana

[édit | édit sumber]

Hiragana mibanda susunan karakter dasar, gojūon , nu bisa dirobah ku sababaraha cara. Ku cara nambahkeun dakuten tandana (゛), keur konsonan saperti k atawa t robah jadi g atawa d: kg, td, sz, jeung hb. Hiragana nu dimimitina ku h ogé bisa ditambahan handakuten tandana (゜), h robah jadi p. Bagéan nu saeutik dina hiragana keur ya, yu atawa yo (urutanna ゃ, ゅ atawa ょ ) bisa ditambahan ditungtungna ku i. Robahna i ieu, sora vokalna jadi palatalization. Tambahan kana y leutik disebutna yōon. Tambahan tsu leutik っ disebutna sokuon nunjukkeun geminate konsonan (rangkep). Kalurna "desah" sarta stop kadangkala dipaké dina ahir kalimat. Ieu ditulikeun ku konsonan rangkep dina rōmaji.

Dina tulisan teu resmi, lima vokal kana kadangkala dipaké keur manjangkeun sora saperti haa, nee (はぁ, ねぇ).

Aya hiragana nu jarang dipaké nyaéta Wi ゐ jeung we ゑ. V ゔ nyaéta tambahan modérn keur ngagambarkeun sora "v" dina basa asing saperti Basa Inggris, sabab Basa Jepang teu mibanda sora hurup v, diganti ku b. Ieu ogé jarang dipaké sabab kecap injeuman jeung tarjamahan ilaharna ditulis maké katakana.

Tabel hiragana-rōmaji

[édit | édit sumber]

Tabel di handap ieu nunjukkeun hiragana jeung tulisan romajina. Anu warna beureum kana nu jarang dipaké. kabéhanna aya 104 kasus.

vowels yōon
a i u e o (ya) (yu) (yo)
ka ki ku ke ko きゃ kya きゅ kyu きょ kyo
sa shi su se so しゃ sha しゅ shu しょ sho
ta chi tsu te to ちゃ cha ちゅ chu ちょ cho
na ni nu ne no にゃ nya にゅ nyu にょ nyo
ha hi fu he ho ひゃ hya ひゅ hyu ひょ hyo
ma mi mu me mo みゃ mya みゅ myu みょ myo
ya yu yo
ra ri ru re ro りゃ rya りゅ ryu りょ ryo
 wa  wi  we  o/wo
n
ga gi gu ge go ぎゃ gya ぎゅ gyu ぎょ gyo
za ji zu ze zo じゃ ja じゅ ju じょ jo
da (ji) (zu) de do ぢゃ (ja) ぢゅ (ju) ぢょ (jo)
ba bi bu be bo びゃ bya びゅ byu びょ byo
pa pi pu pe po ぴゃ pya ぴゅ pyu ぴょ pyo

Sora ti dieja てぃ, tapi bagéan sora ieu ngan kapanggih dina kecap injeuman, mangka ilaharna ditulis maké katakana.

Kombinasi にゃ, にゅ, jeung にょ ulah pahili jeung sekuen んや, んゆ, sarta んよ. Kombinasi に maké y leutik ngagambarkeun hiji mora, sabalikan sekuen ん dituturkeun ku y gedé nunjukkeun dua sora nu misah. béda ieu bisa digambarkeun ku minimal dua pasangan かにゅう ka-nyu-u, "ngahiji", かんゆう ka-n-yu-u, "ngarayu", nu gampang dibédakeun dina ngucapkeun, sanajan sababaraha gaya nulis romawi duanana dituliskanyu. Dina cara nulis romawi, duanana dibédakeun ku nambahkeun apostrophe: kanyū and kan'yū.

Cara ngeja

[édit | édit sumber]

Iwal ti partikel kecap は, を, jeung へ (wa, o, jeung e), sarta sababaraha aturan teu pasti, Basa Jepang diucapkeun saperti nu ditulis. Hal ieu teu salawasna bener: dina sistim ngeja saméméhna, bisa ditempo dina sajarah cara maca kana loba aturan cara ngeja: iwal ti dina cara maké ayeuna. Aturan cara ngeja nu sabenerna dumasar kana kanazukai (仮名遣い?), "make kana".

Aya dua hiragana nu cara macana ji (じ and ぢ) jeung dua hiragana nu dibacana zu (ず and づ). Dua pasangan ieu teu bisa saling ngaganti. Ilaharna, ji dituliskeun じ jeung zu ditulis ず tur aya sababaraha hal nu istimewa. Lamun dua suku kata mimiti dina kecap aya dua suku kata teu maké dakuten jeung suku kata sarua maké dakuten, nu dipaké nyaéta hiragana nu sarua. Conto, chijimeru (‘niiskeun’ atawa ‘nyurutkeun’) dieja ちぢめる. Conto keur kecap nu nembongkeun dakuten sora rendaku, dipaké hiragana nu asli. Contona, chi (血 "getih") diucapkeun ち (chi). Lamu 鼻 hana (“irung”) jeung 血 dihijikeun, jadina hanaji 鼻血 "mimisan"), sora 血 robah tina chi jadi ji. Mangka hanaji dieja はなぢ dumasar kana ち: hiragana dasar dipaké keur nuliskeun 血. Ku cara nu sarua, Tsukau (使う; "make") dieja つかう dina hiragana, jadi kanazukai (かな使い; "make kana" .. atawa .. "ortografi kana ") dieja かなづかい dina hiragana.

Tapi, aturan di luhur teu bisa dipaké keur kecap nu teu pakait langsung jeung harti asalna. Kecap basa Jepang‘lightning’, contona, inazuma (稲妻). Bagéan ‘稲’ hartina ’sawah’, ditulisna いな dina hiragana tur dibaca: ina. Bagéan 妻 hartina ’pamajikan’ tur dibacana tsuma (つま) lamun ditulina dipisahkeun atawa leuwih sering ditulis zuma (ずま) lamun ayana sanggeus suku kata séjén. Taya hiji ogé dina kompenen itu nu ‘lightning’, tapi duanana mun ngahiji nyieun kecap ‘lightning’. Dina kasus ieu, ejaan hiragana nu ilahar dipaké nyaéta いなずま tinimbang いなづま.

Hiragana ilaharna dipaké ngeja long vowel nu ditambahkeun kana kana vowel kadua. Kecap chōon (tanda vowel panjang) (ー) leuwih ilahar ditulis dina katakana tinimbang maké hiragana, contona kecap word らーめん, ramen (mie), tapi pamakéan ieu dianggap teu biasa.

Kecap teu biasa dimimitian ku kana ん (n). Ieu mangrupa kecap dasar shiritori. Sanajan kitu, n is kadangkala langsung dituturkeun ku vowel. Contona, ren'ai 恋愛 ("cinta romantis, emosi") ditulis dina hiragana れんあい tinimbang れない renai (kecap nu teu angger).

Sajarah

[édit | édit sumber]
Bentuk karakter Hiragana nu asalna tina (sōsho) Basa Cina. Conto ieu dijieun ku Sun Guoting, ca. 650 CE. dina Dinasti Tang

Hiragana diwangun tina man'yōgana, karakter Basa Cina nu dipaké keur ngucapkeun dina kalimah Basa Jepang sarta mimiti dipaké dina abad kalima. Bentuk hiragana asalna tina sōsho nyaéta kaligrafi Cina. Gambar di handap nembongkeun asal hiragana tina manyōgana ngaliwatan sōsho. Bagian luhur nyaéta karakter hurup dina bentuk kaisho, karakter tengah nu warna beureum nembongkeun bentuk karakter sōsho, sarta panghandapna nyaéta hiragana.

Munggaran hiragana dijieun, teu bisa ditarima ku sakabéh kalangan. Loba nu ngarasa yén Basa Cina leuwih nunjukkeun jalma nu boga pendidikan. Dina sajarah Jepang, bentuk kaisho nyaéta karaktek nu ilahar dipaké ku lalaki, mangka disebutna onode (男手?), "tulisan lalaki", sedengkeun bentuk sōsho kanji nu biasa dipaké ku awewe. Saterusna hiragana mimiti ilahar dipaké di kalangan awewe, nu teu diijinan keur sakola nu luhur saperti lalaki. Bentuk tulisan ieu ilahar dipaké tur disebutna onnade (女手?) "tulisan awewe". Contona, The Tale of Genji jeung novel awal-awal nu ditulis ku awewe lolobana ngagunakeun hiragana.

Pangarang lalaki mimiti nulis litelatur maké hiragana. Hiragana, maké gaya tulisan nu saayana, geus dipaké dina surat-surat teu resmi saperti surat pribadi, sedengkeun katakana jeung kanji dipaké keur dokumen resmi. kabéhdieunakeun, hiragana jadi remen dipaké tinimbang katakana, hususna keur keca-kecap injeuman ti basa séjén (contona, ti mimiti abad ka-19), dina ngaran transliteration, sasatoan, telegram, sarta hal-hal nu dianggap perlu.

Aslina, sakabéh soran leuwih ti hiji hiragana. Dina taun 1900, sistimna disederhanakeun nu mana unggal sora ngan hiji hiragana. Hiragana séjénna disebut hentaigana (変体仮名?)

Sajak atawa lagu Iroha ("lagu/sajak warna-warni"), dina abad ka-10, ngagunakeun sakali hiragana (iwal ti n ん). Di handap nembongkeun romanisasi hiragana; dibaca dina cara maca Basa Jepang modérn.

Catetan dina baris panungtung dimimitian ku kana nu jarang dipaké nyaéta (we ゑ).

いろはにほへと I ro ha ni ho he to (Iro wa nioedo) Lamun warna saseungit parfum
ちりぬるを chi ri nu ru wo (chirinuru wo) lalaunan bakal leungit
わかよたれそ wa ka yo ta re so (waga yo tare zo) Naon nu aya di dunya
つねならむ tsu ne na ra mu (tsune naran) bakal langgeng?
うゐのおくやま u wi no o ku ya ma (ui no okuyama) Gunung nu pinuh ku kasombongan
けふこえて ke fu ko e te (kyō koete) Kuring rek norobos poé ieu
あさきゆめみし a sa ki yu me mi shi (asaki yume mishi) ninggalkeun impian nu teu lana
ゑひもせす we hi mo se su (yoi mo sezu) teu taluk kana kaayaan nu hésé

Hiragana dina Unicode

[édit | édit sumber]

Dina Unicode, Hiragana maké titik kode U+3040 nepi ka U+309F:

Hiragana
Unicode.org chart (PDF)
0 1 2 3 4 5 6 7 8 9 A B C D E F
U+304x
U+305x
U+306x
U+307x
U+308x
U+309x

Dina Unicode blok hiragana kasusun ku sakabéh karakter hiragana dina runtuyan modérn, kaasup vowels leutik jeung kana yōon kana keur unggal suku kata, kaasup wi jeung we nu kuno tur vu nu jarang dipaké. Sakabéh kombinasi hiragana boh dakuten jeung handakuten nu dipaké dina Basa Jepang modérn kawengku, sarta bisa dipaké ku maké hiragana dasar dituturkeun ku karakter dakuten jeung handakuten (U+3099 jeung U+309A). métodeu ieu dipaké ku nambahkeun diacritics kana kana nu teu ilahar dipaké, contona maké dakuten keur vowel murni atawa handakuten kana kana nu teu kaasup grup-h.

Karakter U+3095 jeung U+3096 nyaéta か (ka) leutik jeung け (ke) leutik. U+309F nyaéta digraph より (yori) biasana dipaké dina teks nu nangtung. U+309B jeung U+309C nyaéta spase(taya kombinasi) sarua jeung karakter dakuten jeung handakuten.

Taya karakter dina kode U+3040, U+3097, atawa U+3098.

Tempo oge

[édit | édit sumber]

Rujukan

[édit | édit sumber]

Tumbu kaluar

[édit | édit sumber]
Wiktionary logo
Wiktionary logo
Baca ogé pedaran Wikikamus ngeunaan kecap

Galat Lua: bad argument #2 to 'title.new' (unrecognized namespace name 'Templat').