Iroha

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi

Iroha (Jp. 伊呂波/いろは) nyaéta sajak Basa Jepang nu loba ditulis dina mangsa periode Heian (AD 7941179). Sajak munggaran ditulis dina taun 1079. Iroha ieu kawentar, sabab mangrupa pangram nu sampurna, numana unggal karakter dina suku kata Basa Jepang persis ngan ditulis sakali. ku sabab kitu, dipaké ogé keur nyieun susunan suku kata.

Teks[édit | édit sumber]

Teks sajak dina hiragana (kaasup ゐ jeung ゑ tapi teu maké tanda sora konsonan) nyaéta:

いろはにほへと
ちりぬるを
わかよたれそ
つねならむ
うゐのおくやま
けふこえて
あさきゆめみし
ゑひもせす

Teks sajak dina kanji jeung kana, sora nu ampir sarua, nyaéta:

色は匂へど
散りぬるを
我が世誰ぞ
常ならむ
有為の奥山
今日越えて
浅き夢見じ
酔ひもせず

Sajak ngabogaan stuktur ulangan 7-5-suku kata.

Terjemahan dina Basa Sunda (bébas):

Saperti kembang nu endah tapi pasti bakal mugurun,
saha nu bisa hirup salawasna di dunya? taya nu bisa
Poe ieu ngantep urang leuwih jangkung ti gunung,
tur di ditu moal aya ngimpi, moal aya kacangcayaan.

Parobahan sora[édit | édit sumber]

Iroha dipaké keur tanda robahna sora dina ucapan Basa Jepang mangsa jaman Heian.

Salinan abjad tina éta sajak:

i       ro      ha      ni      ho      he      to
chi     ri      nu      ru      (w)o
wa      ka      yo      ta      re      so
tsu     ne      na      ra      mu
u       (w)i    no      o       ku      ya      ma
ke      fu      ko      e       te
a       sa      ki      yu      me      mi      shi
(w)e    hi      mo      se      su

Keur ngarti kana harti sajak di luhur, kudu dibaca kalayan anteb. Hartina:

Iro wa nioedo
Chirinuru o
Wa ga yo tare zo
Tsune naran
Ui no okuyama
Kyō koete
Asaki yume miji
Ei mo sezu.

Cara make[édit | édit sumber]

Dina iroha unggal kana dipaké persis sakali, iwal ti ん [-n], nu ditambahkeun dina suku kata saterusna. Dumasar kana alesan ieu, sajak ieu remen dipaké keur nyusun kana nepi ka reformasi era Meiji dina abad ka-19. Ti éra eta, sistim susunan gojūon (五十音, hartina "lima puluh sora") mangrupa sistim nu ilahar dipaké. Susunan ieu sabagéan dumasar kana Basa Sansakerta. Dimimitian ku "a, i, u, e, o" saterusna "ka, ki, ku..." jeung saterusna keur unggal dina Basa Jepang. Sanajan iroha katempona "gaya heubeul" tinimbang gojūon, generasi anyar apalna maké gojūon keur nyieun iroha.

Iroha masih dipaké dina kahirupan masyarakat Jepang kiwari. Contona, dipaké dina nomer tempat diuk di bioskop, sarta di pangluhurna diagram kaulinan Go (kifu) ti katuhu ka kenca, saperti dina Meijin Yasunari Kawabata. Dina musik, not dina unggal oktaf dingaranan i ro ha ni ho he to, ditulis maké katakana.

Musical Notes
Dina Basa Inggris A B C D E F G
Dina Basa Jepang イ (i) ロ (ro) ハ (ha) ニ (ni) ホ (ho) ヘ (he) ト (to)

Kecap いろは (iroha) bisa dipaké ogé keur ngartikeun "ABC" atawa "dasar" dina Basa Jepang.

Sanajan Jepang maké Heavenly stems keur rengking salian ti angka Cina jeung Arab saperti ogé hurup Latin, iroha dipaké keur nganomeran kapal selam Angkatan Laut Jepang salila Perang Dunia Kadua. Sakabéh kapal selam penjelajah jauh ditandaan ku huruf "I" (e.g., upamana kapal selam panggedéna "I400"), kapal selam jarak deukeut dimitian ku "Ro", sarta kapal selam latih atawa leutik ditandaan ku "Ha".

Asli[édit | édit sumber]

Pangarang tradisional dina jaman Heian sajarah Jepang asalna pendeta Buddha ngaranna scholar Kūkai (空海) (774835). Sanajan kitu, masih aya kacangcayaan sabab manéhna dina waktu harita misahkeun sora e kana kolom a jeung ya dina tabel kana. え (e) diluhur kudu dibaca ye, nyababkeun ieu pangram teu lengkep.

Bisa disebutkeun yén iroha mangrupa versi transformasi tina Nirvana Sutra:

諸行無常
是生滅法
生滅滅已
寂滅為楽

Tarjamahan dina Basa Sunda (bébas)

Kahirupan taya nu langgeng
Aya nu lahir aya nu maot.
Hirup teh darma wawayangan
Keur nuju kabagjaan abadi di sorga.

Tulisan Basa Jepang di luhur dibacana

Shogyōmujō
Zeshōmeppō
Shōmetsumetsui
Jakumetsuiraku .

Tempo oge[édit | édit sumber]

Rujukan[édit | édit sumber]

Tumbu kaluar[édit | édit sumber]