Basa Jepang

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Basa Jepang (日本語 Nihongo')
Dipaké di: Jepang, Brazil, Amérika Serikat (utamana Hawaii), Guam, Kapuloan Marshall, Palau, Taiwan, Australia
Wewengkon: Asia Wétan, Oséania
Jumlah pamaké: 127 yuta [1]
Urutan ka: 9
Klasifikasi rungkun basa: Henteu diklasifikasikeun
Status resmi
Basa resmi di: Angaur (Palau)
De facto di Jepang
Diatur ku: Pamaréntah Jepang
Sandi basa
ISO 639-1 ja
ISO 639-2 jpn
ISO 639-3 jpn
SIL JPN
Tempo ogé: Basa - Daptar basa

Basa Jepang (日本語, Nihongo ) digunakeun ku leuwih ti 127 milyar jalma, mangrupa basa utama di Jepang, salian ti éta dipaké ogé ku komunitas imigrant Jepang di sakuliah dunya. Basa Jepang dianggap salaku basa persatuan sarta kawentar ku sistem honorifik kompleks nu ngagambarkeun hirarki alami kahirupan Jepang, kecap gawe sarta susunan kalimahna nembongkeun hubungan antara nu ngobrol jeung nu diajak ngobrol. Intonasi dina ngobrol relatif leutik, sarta mibanda sistem béda-leksikal dina pitch accent. Hal ieu dumasar kana rekaman kajadian ti mimiti abad kadalapan, nu mana aya tilu pola Basa Jepang heubeul nu digabungkeun.

Basa Jepang ditulis ku tilu jenis huruf anu béda nyaéta: tulisan Cina (disebut kanji), sarta dua skrip syllabic, hiragana jeung katakana. Hurup Latin (disebut rōmaji) ogé dipaké dina Basa Jepang modern, hususna keur ngaran parusahaan, iklan, sarta lamun ngasupkeun data Basa Jepang dina komputer. Angka Arab ilahar dipaké keur nulis nomer, sanajan kitu angka tradisional China/Jepang ogé ilahar dipaké.

Kosa kata Basa Jepang meunang pangaruh nu kuat ku injeuman tina basa séjén. The Japanese vocabulary has been héavily influenced by loans from other languages. Loba kecap dina Basa Jepang mangrupa kecap injeuman tina Basa Cina, atawa dijieun tina molde Basa Cina, leuwih ti 1,500 taun kaliwat. Mimiti ahir abad kasalapanbelas, Basa Jepang maké kecap injeuman ti basa daerah kulon, utamana Basa Inggris.

Klasifikasi[édit | édit sumber]

Ahli sajarah bahasa nu nalungtik Basa Jepang sacara husus percaya yén aya dua kulawarga di Basa Jepang nyaéta kulawarga basa Japonic jeung kulawarga basa Ryukyuan. (Pamanggih séjénna, utamana nu teu nalungtik Basa Jepang sacara umum, dina Basa Jepang aya basa nu misah, salah sahijina nyaéta dialek basa Ryukyuan).

Sacara rundayan kulawarga Basa Japonic teu dipikanyaho pasti. Sababaraha téori nu diusulkeun, pakait kaditu kadieu jeung kulawarga basa séjén, kaasup basa lastari nu dipaké dina sajarah budaya di semenanjung Korea; basa Korea; basa Altaic; sarta basa Austonesia, sarta nu séjénna. ogé aya nu ngusulkeun yén Basa Jepang mangrupa basa creole nyaéta gabungan tina sababaraha basa. Sababara téori dijelaskeun leuwih jéntré dina artikel utama. Hal nu penting, taya téori nu bisa ditarima sakabéhna bener tur masih didiskusikeun.

Distribusi geografis[édit | édit sumber]

Sanajan basa Jepang sacara eksklusif dipaké di Jepang, Basa Jepang kadangkala dipaké di tempat séjén. Basa Jepang ngajajah Korea, Taiwan, sarta sabagéan Chinese darata, jueng sababaraha pulo di Pasipik, di sababaraha tempat eta nagara dipaksa kudu diajar Basa Jepang dina raraga ngalegaan pangaruh kaisar. Hasila, nepi ka kiwari loba nu masih keneh bisa Basa Jepang di éta nagara salian ti basa indungna. Komunitas imigran Jepang (sabagéan gede netep di Brazil) ilahar maké Basa Jepang salaku basa utamana. Salian ti di Brasil, imigran Jepang ogé kapanggih dina populasi nu loba di Peru, Australia (hususna Sydney, Brisbane, jeung Melbourne), jeung di Amerika (utamana di California jeung Hawaii). Aya ogé sakumpulan leutik imigran Jepang di Davao, Philippines. Katurunanna (disebut nikkei 日系, sacara Basa Jepang hartina katurunan), jarang migunakeun Basa Jepang. Kira-kira aya sababaraha juta salian ti urang Jepang nu diajar basa Jepang, saperti di sakola, boh utama atawa sekunder.

Status resmi[édit | édit sumber]

Basa Jepang nyaéta basa resmi Jepang sarta ngan Jepang nu maké Basa Jepang salaku basa resmi pagawéan. Aya dua bentuk basa standar: hyōjungo (標準語?) atawa basa Jepang standar, jeung kyōtsūgo (共通語?) atawa Basa Jepang ilahar. Kawijakan pamarenta ngamodernisasi Basa Jepang, ngajadikeun lobana nu teu jelas basa di antara kaduana. Hyōjungo diajarkeun di sakola tur dipaké dina acara tipi sarta resmi dina komunakasi sarta versi Basa Jepang itu nu dijelaskeun dina ieu artikel.

Basa Jepang standar dibagi oke kana bungo (文語?) atawa "basa literatur," jeung kōgo (口語?) atawa "basa paguneman", numana ngabogaan béda aturan grammar jeung sababara variasi dina kosa kata. Bungo nyaéta metoda utama nulis Basa Jepang nepi ka ahir taun 1940-an tur masih keneh dipaké ku sajarawan, sastrawan jeung ahli hukum (loba hukum Jepang nu masih dipaké sanggeus Perang Dunya Kadua masih keneh ditulis dina bungo, sanajan aya sababaraha usaha keur ngamodernisasi). Kōgo nyaéta metoda nu dominan dipaké dina ngobrol jeung nulis Basa Jepang kiwati, sanajan grammar jeung kosakata bungo kadangkala dipaké dina Basa Jepang modern.

Dialek[édit | édit sumber]

Crystal Clear app xmag.svg
 Artikel utama: dialék Basa Jepang.

Puluhan dialek paguneman di Jepang. Kaayaan ieu ku sabab sababaraha alesan nyaetéa lilana pulo dicicingan, pulo nu daerah pagunungan sarta panjangna sajarah Jepang nu kapisah boh kaluar atawa ka jero. Tipe dialek dibédakan ku aksen, infleksi morfologi, kosakecap, jeung partikel nu dipaké. Sanajan teu ilahar, aya béda ogé dina vokal jeung konsonan.

Dialek utama nu béda dina Basa Jepang nyaéta antara tipe Tokyo (東京式, Tōkyō-shiki) sarta tipe beulah kulon (京阪式, Keihan-shiki), sanajan tipe dialek Kyushu rada béda saeutik jadi tipe katilu. Tiap tipe dialek dibagi duei kana sub bagéan. Dialek tipe-kulon sabenerna aya di wewengkon tengah, watesan kasarna nyaéta Préféktur Toyama, Kyōto, Hyōgo, jeung Mie; sabagian dialek Shikoku kaasup ogé dialek tipe Kulon. Dialek beuki ka kulon sabenerna tipe Tokyo. Kategorei panungtung dialek nyaéta turunan tina dialek Jepang Kuno beulah Wetan; dialek ieu dipaké di Hachijojima, Tosa, sarta sababaraha tempat séjén.

Dialek ti sababaraha wewengkon, saperti Tōhoku atawa Tsushima, bisa ogé kaharti ku bagéan séjén di Jepang. Sababaraha dialek nu dipaké di Kagoshima di kalereun Kyūshū salah sahiji nu kawentar teu dipikaharti lain ngan ku pamake Basa Jepang standar tapi dialek séjén nu di Kyūshū, kamungkinnan bagéan dialek Kagoshima dina cara ngucapkeunna, kaasup ayana suku kata nu nutup (contona suku kata dina ahir konsonan, saperti /kob/ atawa /koʔ/ keur Standard Japanese /kumo/ "spider"). Kosakata dialek Kagoshima 84% sarua jeung dialek standar Tokyo. Kansai-ben, salah sahiji grup dialek di tengah-kulon Jepang, loba dipaké ku urang Jepang; dialek Osaka salah sahiji bagéanna nu loba dipaké dina acara bodor.

Basa Ryukyu, pakait raket jeung urang Jepang, aya béda nu cukup keur nganggap béda jeung cabang kulawarga Basa Japonik, sarta tanya dialekna dina Basa Jepang. dipaké di Kapuloan Ryukyu sarta sababarha pulo nu sacara politik kaasup kana Prefektur Kagoshima. Basa ieu teu ngan sakadar teu dipikaharti ku urang Jepang, tapi ku nu migunakeun basa Ryukyu séjénna.

Ayeuna, Basa Jepang Standar dipaké di sakabéh wewengkon Jepang, teu ngan ukur dina tipi jeung radio, tapi ogé dipaké dina tanda-tana lalu lintas di sakuliah Jepang saperti dina sistim jalan raya, kareta api jeung bandar udara. Para pamuda ilahar maké dialek lokal tur basa standar, sanajan dina sababaraha kasus, basa lokal dipangaruhan ku basa standar, jeung versi "standar" Basa Jepang wewengkon ogé dipangaruhan ku dialek-lokal.

Sora[édit | édit sumber]

Crystal Clear app xmag.svg
 Artikel utama: Fonologi Basa Jepang.

Hurup hirup dina Basa Jepang mangrupa sora "murni", sarimbag jeung Basa Spanyol, Yunani jeung Itali. Ngan hurup hirup nu teu ilahar nyaéta hurup hirup luhur /ɯ/, nu saperti /u/, tapi dipadetkeun ngaganti nu buleud. Basa Jepang mibanda lima hurup hirup, sarta hurup hirup panjang nyaéta ponetik, mangka mibanda versi pondok jeung versi panjang.

Grammar[édit | édit sumber]

Crystal Clear app xmag.svg
 Artikel utama: Japanese grammar.

Struktur Kalimah[édit | édit sumber]

Susunan dasar kecap Basa Jepang nyaéta Subyek Obyek Kecap Gawe. Subyek, Obyek, jeung hubungan grammatikal ilaharana ditandaan ku partikel, numana ahiran dina kecap dimodifikasi, sarta saterusna disebut postposition.

Infleksi jeung konjugasi[édit | édit sumber]

Kecap barang dina Basa Jepang henteu dumasar boh kana jumlah atawa jenis. Upamana hon hartina "buku" atawa "buku-buku". Hal ini sacara eksplisit bisa nembongkeun leuwih ti hiji, bisa ku cara nambahkeun jumlahna (biasana maké kecap itungan) atawa ku nambahkeun ahiran (jarang dipaké). Kecap keur jalma umumna dina harti tunggal. Upamana Tanaka-san hartina Bapa/Ibu Tanaka. Kecap anu nembongkeun jalma atawa sato nu loba dijieun ku nambahan ahiran kolektip (kecap benda nu nembongkeun loba), saperti -tachi. Kecap saperti hitobito "jalma", salawasna leuwih ti saurang, kecap benda dina Basa Jepang tanpa awalan boh keur tunggal atawa jamak. Hito (人) hartina "saurang" atawa "jalma", ki (木) hartina "satangkal" atawa "tatangkalan" boh keur tunggal atawa jamak.

Kecap gawe nyaéta gabungan nu nembongkeun "tenses", nu aya dua, nyaéta: baheula jeung kiwari, atawa lain-baheula, nu dpake keur kiwari jeung nu bakal datang. Kecap gawe ngagambarkeun nu dipilampah, bentuk-te iru nembongkeun terus lumangsung (atawa tacan rengse). Conto séjén parabohan kaayaan, bentuk -te iru nembongkeun pagawéan nu sampuran dipigawe. Contone, kite iru hartina "Manehna geus datang (tur masih di dieu)", tapi tabete iru hartina "Manehna keur dahar".

Basa lemes[édit | édit sumber]

Crystal Clear app xmag.svg
 Artikel utama: Japanese honorifics.
Crystal Clear app xmag.svg
 Artikel utama: Japanese titles.

Teu saperti siga basa kulon, Basa Jepang mibanda sistim gramatikal keur nembongkeun kasopanan jeung resmi.

Nu ilahar dipaké dina Basa Jepang aya tilu tingkatan kasopanan nyaéta: ka sasama (kudaketa 砕けた atawa futsuu 普通), ka saluhureun (teineigo 丁寧語) sarta kanu dipihormat (keigo 敬語).

Kosa kata[édit | édit sumber]

Basa Jepang asli atawa basa Jepang nu dianggap asli ti masarakat Jepanga raket pakait jeung bagéan sajarah jeung Jepang kiwari, disebutna yamato kotoba (大和言葉 atawa 大和詞, contona "kecap-kecap Yamato"), nu ku sababaraha konteks kadangkala disebut salaku wa-go (倭語 atawa 和語, contona "basa Wa"). Kecap tambahan tina basa asli ieu, kaasup dina Basa Jepang kiwari nu ngawengku sajumlah kecap injeuman tina basa Cina atawa dijieun tina akar basa Cina ku nuturkeun pola Basa Cina. Kecap-kecap ieu disebutna kango, nu asup kana basa asli dina abad ka lima belas salila pakait jeung budaya Cina, boh langsung atawa ngaliwatan Koréa. Dumasar kana sababaraha kira-kira, kecap Basa Cina kurang leuwih aya 70 persen dina kosa kata Basa Jepang modern tur kecap-kecap ieu dipaké dina paguneman.

Sistim Nulis[édit | édit sumber]

Crystal Clear app xmag.svg
 Artikel utama: Sistim tulis Jepang.

saméméh abad kalima, Basa Jepang teu ngobagaan sistim tulisan sorangan. Basa Jepang mimiti ngasupkeun tina tulisan Cina kaasup ogé sababaraha aspek budaya Cina sanggeus diwanohkeun ku pandita jeung pangajar Korea dina abad kalima jeung kagenep masehi.

Mimitina, tulisan Basa Jepang ngagunakeun Basa Cina klasik, numana ngaran Jepang digambarkeun ku karakter nu dipaké dumasar kana sora ucap lain kana harti kecapna. Saterusna, ieu prinsip dipaké dina nuliskeun sajak jeung karya sastra Jepang asli, sababaraha kecap ditulis maké karakter nu dumasar kana hartina lain kana sora ucap baca Cina. Conto tina campuran ieu nyaéta Kojiki, nu ditulis dina taun 712 SM. Hal ieu mangrupa munggaran tina maké karakter Cina dina nuliskeun Basa Jepang, disebutna man'yōgana, hiji tulisan nu maké karakter CIna keur sora ucap dina ngaruntuykeun kecap Basa Jepang keur diucapkeun unggal kecapna.

Diajar Basa Jepang[édit | édit sumber]

Pamaréntah Jepang ngayakeun tes standar keur ngukur kamampu maca jeung nulis Basa Jepang keur pamake basa kadua: nu pangilaharna nyaéta Japanese Language Proficiency Test (JLPT). Japanese External Trade Organization JETRO ngayakeun Business Japanese Proficiency Test, keur nguji kamampu pangaweruh Basa Jepang keur kaperluan bisnis.

Tempo oge[édit | édit sumber]

Wikibook logo
Wikipustaka mibanda tulisan nu leuwih lengkep ngeunaan ieu dina kaca

Tumbu kaluar[édit | édit sumber]

Wiktionary logo
Baca ogé pedaran Wikikamus ngeunaan kecap

Bibliografi[édit | édit sumber]

  • Bloch, Bernard. (1946). Studies in colloquial Japanese I: Inflection. Journal of the American Oriental Society, 66, 97-109.
  • Bloch, Bernard. (1946). Studies in colloquial Japanese II: Syntax. Language, 22, 200-248.
  • Chafe, William L. (1976). Giveness, contrastiveness, definiteness, subjects, topics, and point of view. In C. Li (Ed.), Subject and topic (pp. 25–56). New York: Academic Press. ISBN 0-12-447350-4.
  • Kuno, Susumu. (1973). The structure of the Japanese language. Cambridge, MA: MIT Press. ISBN 0-262-11049-0.
  • Kuno, Susumu. (1976). Subject, theme, and the spéaker's empathy: A re-examination of relativization phenomena. In Charles N. Li (Ed.), Subject and topic (pp. 417–444). New York: Academic Press. ISBN 0-12-447350-4.
  • Martin, Samuel E. (1975). A reference grammar of Japanese. New Haven: Yale University Press. ISBN 0-300-01813-4.
  • McClain, Yoko Matsuoka. (1981). Handbook of modern Japanese grammar: 口語日本文法便覧 [Kōgo Nihon bumpō]. Tokyo: Hokuseido Press. ISBN 4-590-00570-0; ISBN 0-89346-149-0.
  • Miller, Roy. (1967). The Japanese language. Chicago: University of Chicago Press.
  • Miller, Roy. (1980). Origins of the Japanese language: Lectures in Japan during the academic year, 1977-78. Séattle: University of Washington Press. ISBN 0-295-95766-2.
  • Mizutani, Osamu; & Mizutani, Nobuko. (1987). How to be polite in Japanese: 日本語の敬語 [Nihongo no keigo]. Tokyo: Japan Times. ISBN 4-7890-0338-8; ISBN 4-7890-0338-9.
  • Shibatani, Masayoshi. (1990). Japanese. In B. Comrie (Ed.), The major languages of east and south-east Asia. London: Routledge. ISBN 0-415-04739-0.
  • Shibatani, Masayoshi. (1990). The languages of Japan. Cambridge: Cambridge University Press. ISBN 0-521-36070-6 (hbk); ISBN 0-521-36918-5 (pbk).
  • Shibamoto, Janet S. (1985). Japanese women's language. New York: Academic Press. ISBN 0-12-640030-X. Graduate Level
  • Tsujimura, Natsuko. (1996). An introduction to Japanese linguistics. Cambridge, MA: Blackwell Publishers. ISBN 0-631-19855-5 (hbk); ISBN 0-631-19856-3 (pbk). Upper Level Textbooks
  • Tsujimura, Natsuko. (Ed.) (1999). The handbook of Japanese linguistics. Malden, MA: Blackwell Publishers. ISBN 0-631-20504-7. réadings/Anthologies