Ki (kana)
Pidangan
(dialihkeun ti き)
kana - gojūon | |||||||||||
---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|---|
ん | わ | ら | や | ま | は | な | た | さ | か | あ | |
っ | (ゐ) | り | み | ひ | に | ち | し | き | い | ||
ヴ | る | ゆ | む | ふ | ぬ | つ | す | く | う | ||
ヶ | (ゑ) | れ | め | へ | ね | て | せ | け | え | ||
ー | を | ろ | よ | も | ほ | の | と | そ | こ | お |
き, dina hiragana, キ dina katakana, ki dina Romaji maké romanisasi Hepburn (IPA: /ki/), salah sahiji kana Basa Jepang, nu ngagambarkeun hiji mora.
Boh hiragana き jeung katakana キ asalna tina ngabasajankeun kanji 幾. Karakter hiragana き, saperti さ, bisa digambarkeun ku garis handap nu misah (saperti dina gambar beulah katuhu) atawa ngahiji.
Dakuten bisa ditambahkeun kana karakter; transformasi ieu kana ぎ dina hiragana, ギ dina katakana, tur gi dina Romaji. Ajén fonétikna ogé robah, kana /ɡi/. Handakuten (゜) teu ilahar aya dina ki dina téks Basa Jepang, tapi bisa dipaké ku ahli basa keur nunjukkeun cara ngucapkeun nasal (IPA: [ŋi]) nu kapanggih dina sababaraha dialék.