Manyogana

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi

Man'yōgana (万葉仮名) nyaéta bentuk kana heubeul dina Basa Jepang nu maké karakter Basa Cina jeung ngagambarkeun tulisan Basa Jepang. Teu pati kapuluruh sacara jentre ti mimiti iraha dipakena, diperkirakeun mimiti dipaké dina awal abad kagenep. Ngaran man'yōgana asalna tina Man'yōshū (万葉集, Antologi Myriad Léaves), hiji antologi sajak Basa Jepang waktu periode Nara ditulis dina man'yōgana.

Man'yōgana leuwih loba maké kanji keur nilai fonetikna tinimbang hartina. Sababaraha kanji dipaké keur nembongkeun sora nu sarua, sarta dina praktekna nu nulis bakal ngahijikeun kanji nu ampir sarua. Kanji nu remen dipaké dina man'yōgana ahirna robah jadi hiragana jeung katakana. Hiragana diwangun tina parobahan man'yōgana nu ditulis bagéan luhur cursive, dina gaya sōsho; katakana dumasar kana bagéan-bagéan man'yōgana, sarta mimiti dirobah ku pendeta Buddha dina bentuk steno. Dina sababaraha hurup, hiji karakter man'yōgana keur hiji suku kata nu ilahar dina hiragana, sarta beda jeung dina katakana; contona, hiragana る asalna tina man'yōgana 留, katakana ル asalna tina man'yōgana 流. Panalutingtikan man'yōgana nembongkeun yén sora teu ditembongkeung ku hiragana jeung katakana, kaasup dalapan sora vokal, saperti nu dipaké ayeuna nyaéta ngan lima hurup vokal.

Gabungan tina sababaraha kanji keur hiji suku kata dipaké dina hentaigana (変体仮名), susunan kana sejen tina hiragana. Hentaigana resmi teu dipaké dina taun 1900.

Man'yōgana masih dipaké keur sababaraha tempat di Jepang kiwari, utama di Kyushu. Fenomena nu ampir sarua jeung man'yōgana, disebut ateji (当て字), masih aya, numana kecap (kaasup injeuman) dieja maké kanji: contona, 倶楽部 (kurabu, kleub).

Kasaruaan Katakana jeung man'yōgana (bagean man'yōgana nu jadi katakana diwarnaan beureum)
Parobahan hiragana tina man'yōgana


Tipe Manyogana[édit | édit sumber]

Dina man'yōgana, kanji dipetakeun kana sora ku sababaraha cara, kadangkala langsung, kadangkala teu langsung.

  • Dumasar kana cara maca/onyomi (Shakuon kana 借音仮名)
    • Hiji karakter keur hiji mora
      • dipaké kabeh: 以 (い), 呂 (ろ), 波 (は)
      • dipaké sabagéan: 安 (あ), 楽 (ら), 天 (て)
    • Hiji karakter keur dua mora: 信 (しな), 覧 (らむ), 相 (さが)
  • Dumasar kana harti/kunyomi (Shakkun kana 借訓仮名)
    • Hiji karakter keur hiji mora
      • dipaké kabeh: 女 (め), 毛 (け), 蚊 (か)
      • dipaké sabagéan: 石 (し), 跡 (と), 市 (ち)
    • Hiji karakter keur dua mora: 蟻 (あり), 巻 (まく), 鴨 (かも)
    • Dua karakter keur hiji mora: 嗚呼 (あ), 五十 (い), 可愛 (え)

Tumbu kaluar[édit | édit sumber]