Beunteur
| Silver rasbora | |
|---|---|
| Rasbora argyrotaenia juvenile from Bogor, West Java | |
| Status konservasi | |
Not evaluated (IUCN 3.1) | |
| Klasifikasi ilmiah | |
| Karajaan: | |
| Filum: | |
| Kelas: | |
| Ordo: | |
| Kulawarga: | |
| Génus: | |
| Spésiés: | R. argyrotaenia |
| Ngaran binomial | |
| Rasbora argyrotaenia | |
Beunteur; Barbus bonolatus sinonim Puntius binotatus; (wader) nyaéta lauk leutik anu asalna tina kulawarga Cyprinidae.[2] Remen kapanggih hirupna di susukan atawa ditambak.[2] Sababaraha spésiés lauk beunteur anu dikenal ku urang mangrupa beunteur pari (lunjar padi), Beunteur bintik dua, jeung sababaraha jinis laina anu biasa disebut beunteur.[3][4] Ieu lauk loba kapanggih di wewengkon Asia Tenggara, kaasup di kapuloan Indonésia.[5]
Ciri Fisik jeung Habitat
[édit | édit sumber]Beunteur miboga ciri mandiri mangrupa totol hideung dina puhu cécépét tonggongna sarta dina puhu buntutna.[6] Awakna kawilang leutik, biasana panjangna tara leuwih ti 10-15 cm.[7] Habitat utamana nyaéta di walungan anu caina hérang, susukan di pagunungan, sarta sakapeung kapanggih di sawah atawa balong.
Nami Lokal
[édit | édit sumber]Salian ti disebut beunteur dina basa Sunda, ieu lauk ogé miboga rupa-rupa ngaran di antarana: wader cakul (basa Jawa), puyu (basa Malayu), sarta common barb (basa Inggris).[6]
Galeri
[édit | édit sumber]- Visual Beunteur (Puntius binotatus)
- Lauk Beunteur di habitat aslina.
- Beunteur dina akuarium
- Beunteur katingal sacara écés.
Dicutat tina
[édit | édit sumber]- ↑ Citakan:Fishbase
- 1 2 Rigg, Jonathan (1862). Rigg. Universitas Harvard: Lange. hlm. 53. ISBN -. Disungsi28 Januari 2022
- ↑ (id)Ikan Wader diakses 4 Agustus 2015
- ↑ Cuvier, G. & Valenciennes, A. (1842). Histoire naturelle des poissons. Tome seizième. Livre dix-huitième. Cyprinoïdes. Paris.
- ↑ Froese, R. and D. Pauly. (2024). "Puntius binotatus" dina FishBase. Diakses Pebruari 2026.
- 1 2 Kottelat, M., et al. (1993). Freshwater Fishes of Western Indonesia and Sulawesi. Periplus Editions.
- ↑ Whitten, T., et al. (1996). The Ecology of Java and Bali. Oxford University Press.
| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |