Braga Permai
Braga Permai | |
Braga Permai baheula (Maison Bogerijen).
| |
Letak: | Jalan Braga, Kota Bandung |
Koordinat: | 6°55′3″S 107°36′34″E / 6.91750°S 107.60944°EKoordinat: 6°55′3″S 107°36′34″E / 6.91750°S 107.60944°E |
Sejak: | Nopémber 1923 |
Dipugar: | 1960-an |
Braga Permai nyaéta salah sahiji kafé-réstoran titinggal jaman Walanda anu ngaran baheulana nyaéta Maison Bogerijen, sarta wangunanana mirip imah tradisional Éropa.[1] Dina basa Prancis, maison téh hartina imah, jeung bogerijen téh ngaran nu miboga imah.[2] Lokasi mimiti Maison Bogerijen aya di simpang belah Wétan di antara Bragawég (Jalan Braga) jeung Oude Hospitalwég (ayeuna simpang jalan Braga-jalan Lembong).[3]
Sajarah
[édit | édit sumber]Mimiti nu miboga Kafé Hollandais nyaéta W.A. van Rooy, teras L. van Bogerijen. Perkara ieu diwartakeun dina koran De Preanger Bode ping 19 Agustus 1918. Wali Kota Bandung nu ngarana Bértus Coops ngumumken yén nu miboga kafé Hollandais ayeuna téh L. van Bogerijen, sarta lokasi kaféna aya di Bragawég (Jalan Braga ayeuna) 64. Satuluyna kaféna robah ngaran jadi Maison Bogerijen. Dina ping 6 Séptémber 1918, koran De Préanger Bode ngawartakeun deui yén Maison Bogerijen rék dibuka dina poé Saptu ping 7 Séptémber 1918 jam lima soré. Acarana diramékeun ku orkestra ti Batalyon ka-15.[4]
Harita, wangunanana saperti imah, anu dapur jeung rohangan tuangna nepi ka téras hareupeun imah sarupaning taman.[5]
Maison Bogerijen téh kasohor salaku réstoran nu paling élit di Bandung anu nyadiakeun kadahran has karajaan Walanda saperti Koningin Emma Taart jeung Wilhelmina Taart. Gubernur Jenderal Hindia Belanda mindeng datang ka ieu tempat.[6]
Ti mimiti diadegkeun ogé réstoran ieu téh geus karasa éksklusif ku sabab ngabogaan hak pikeun nyieun menu has karajaan Walanda.[7]
Dina poé raya Natal, sok aya Sinterklaas nu sok ngabagi-bagikeun roti ka barudak. Roti leutik anu dibungkus dina kantong anu dijieun tina kertas minyak. Eusi sakantongna aya 20 roti leutik.
Dina taun 1920, dilaksanakeun pangwangunan nu kahiji di Jalan Braga No. 58 anu ayeuna jadi Braga Permai. Réstoran anu anyar éta mimiti buka dina bulan Nopémber 1923.[2]
Kaayaan réstoran
[édit | édit sumber]Réstoran ieu salian ti nyadiakeun menu utamana, aya ogé sabangsana kuéh-kuéh, coklat, biskuit, éskrim jeung sagala rupa inuman. Réstoran ieu ogé mun isuk-isuk geus siap ngajual rupa-rupa roti anu jadi kadaharan has urang Walanda. Aya hiji jalan husus anu bisa dipaké ku nu meuli roti, nyaéta ngaliwatan jalan tukang. Sedengkeun, pikeun nu imahna jauh, aya layanan anteur. Kagiatan ieu masih kénéh lumangsung nepi ka ahir taun 1980-an.[8]
Parobahan gedong
[édit | édit sumber]Dina taun 1960-an, Maison Bogerijen dipugar total kusabab aya paham antikolonial anu dianut ku Soekarno. Ngaran Maison Bogerijen dirobah janten Braga Permai.[2] Nuansa Walanda di réstoran ieu geus teu karasa deui, ngan sagala pakakas nu dipaké ngajieun roti, upamana oven jeung pakakas ngaduk adonan tetep aya kénéh. Salian ti éta, pipah gas anu nyambung jeung saluran distribusi gas has jaman Walanda masih tetep aya.[9]
Sanajan nuansa wangunan has Walanda geus teu aya deui, menu kadaharan has Walanda masih tetep aya, upamana ompoesjes, ananas gebak, speculaas almond, ontbijkoek, booterstaf.[10]
Sanajan kiwari wujud wangunan Braga Permai tos teu kawas jaman baheula, tapi aya sababaraha bagéan wangunan anu nyirikeun wangunan jaman Walanda. Ku sabab éta, réstoran ieu kaasup Wangunan Cagar Budaya dumasar kana Pérda Kota Bandung No. taun 2018.[3]
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ Hutagalung, Ridwan; Nugraha, Taufanny (2008). Braga Jantung Parijs van Java. Bandung: Ka Bandung. p. 109. ISBN 978-979-18671-1-5.
- ↑ a b c MURI, Tim. "Restoran Tertua yang Masih Beroperasi". muri.org. Diakses tanggal 11 November 2023.
- ↑ a b Anindyadevi, Aurellia. "Mengenang Jejak Rasa Satu Abad di Braga Permai". https://www.detik.com/jabar/kuliner/d-6847808/mengenang-jejak-rasa-satu-abad-di-braga-permai. Diakses pada 11 November 2023
- ↑ Listiandari, Merrina. "NGULIK BANDUNG: Maison Bogerijen, Restoran Kerajaan Belanda di Jalan Braga #1". bandungbergerak.id. Diakses tanggal 11 November 2023.
- ↑ Hutagalung, Ridwan; Nugraha, Taufanny (2008). Braga Jantung Parijs van Java. Bandung: Ka Bandung. p. 111. ISBN 978-979-18671-1-5.
- ↑ Hutagalung, Ridwan; Nugraha, Taufanny (2008). Braga Jantung Parijs van Java. Bandung: Ka Bandung. p. 110. ISBN 978-979-18671-1-5.
- ↑ tim. "Nostalgia Kuliner Belanda Tempoe Doeloe di Bandung". gaya hidup (dalam id-ID). Diakses tanggal 2023-12-02.
- ↑ Hutagalung, Ridwan; Nugraha, Taufanny (2008). Braga Jantung Parijs van Java. Bandung: Ka Bandung. pp. 111–112. ISBN 978-979-18671-1-5.
- ↑ Hutagalung, Ridwan; Nugraha, Taufanny (2008). Braga Jantung Parijs van Java. Bandung: Ka Bandung. pp. 112–113. ISBN 978-979-18671-1-5.
- ↑ Hutagalung, Ridwan; Nugraha, Taufanny (2008). Braga Jantung Parijs van Java. Bandung: Ka Bandung. p. 114. ISBN 978-979-18671-1-5.