Lompat ke isi

Cécé Somantri

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Radén Tjétjé Somantri. Ngarana basa gumelar nyaéta R.[1] Rusdi Somantridiputra (Roesdi Somantridiputra), ngan sabab emangna anu ngagedékeunna miboga ngaran kanyaah atawa landian Cécé, nu ngajadikeun ngaran Cécé nu sok dipakéna.[1] (Subang, 1891- Bandung, 30 April 1963)[1]. Penari, guru jeung pencipta tari sarta nu mawa parobahan tari sunda.[1] Ramana, R.Somantri Kusumah (Koesoemah),patih Purwakarta, ngantunkeun anjeunna basa Cécé dina jero kakandungan kénéh.[1] Matak ti oorok geus di gedékeun ku emangna, R. Karta Kusumah (Koesoemah), wedana Subang.[1] Sanggeus tamat HIS jeung MULO dilajeng ka MOSVIA, tapi teu nepi tamat sabab kaburu resep kanu nari.[1]

Lalampahan Karir

[édit | édit sumber]

Anu mimiti ngajarkeun anjeunna nari nyaéta R.Gandakusumah (Gandakoesoemah) nu kasohor ku landian Aom Doyot nu sok dianggap tokoh di tukangeun layar lahirna Ibing Keurseus.[1] Cécé diajar nari ka anjeuna di kabupaten (tempat cicing bupati) Purwakarta 1911.[1] Cécé ogé diajar penca ka R. Kartaatmaja (Kartaatmadja), tokoh aliran Timbangan.[1] Cécé diajar tari wayang di Bandung nu matak anjeunna kasohor penri wayang wong priyayi.[1] Guruna Aom Menim. Anjeunna ogé diajar tari topéng ka dua dalang topéng Palimanan, nyaéta Wentar jeung Koncar nu dina sakitaran tahun 1918 didatagkeun ku pangusaha nu resep kana tari nagarana Asép Berlian jang ngajar salila sabulan.[1] Cécé neuleuman tari topéng Cirebon ti dalang lain nu ngarana Kamsi jeung Resna, ogé ti É lang Oto Dendakusumah (Dendakoesoemah)-anjeunna baraya Keraton Kanoman, Cirebon. Dina taun 1926, Cécé maén jadi Baladéwa dina paméntasan wayang wong priyayi pimpinan R. Ardiputra (Ardipoetra) nu diayakeun ku bupati Bandung R.A.A Wiranatakusumah.[1]

DIna taun 1935, Cécé jadi anggota "Sekar Pakuan" jeung iwal aktip nari, ogé ngajar ka wanoja-wanoja budak pajabat (Ménak).[1] Salian ti Cta écé ogé ngajar tari ka murid-murid HIK jeung MOSVIA. [1]Dina waktu "Sekar Pakuan" meunang ondangan jang ngeusian acara ngareuah-reuah ulang taun Keraton Surakarta Adiningrat nu ka-200 (1939), Cécé tampil nari, salianti acara séjénna.[1]

Taun 1942, sanggeus "Sekar Pakuan", dibubarkeun ku Balatentara Jepang, Cécé diajak ku TB. O. Martakusuma jang ngajar tari di Keimin Bunka Shidosho.[1] Gawé bareng duanana nepi tauhn 1958, teu saukur nyieun tarian anyar, tapi ogé neundeun dasar-dasar jang kamekaran seni tari sunda moderen.[1] Tb. O.Martakusuma mineng jadi nu nyiptakeun raksukan tari jieunan Cécé.[1] Mangsa Keimin Bunka Shidoso bubar jeung revolusi ngagolak, Cécé ngungsi ka Garut.[1] Di ditu anjeunna gabung jeung Tb. O. Martakusuma, R. Barnas Prawiradiningrat, dkk.[1] Nu ngajieun Badan Kebudayaan Jawa Barat (BKDB).[1] Di DItu ogé, Cécé ngajar tari sunda (1946-1948).[1] Anjeunna jeung murid-muridna méntaskeun tatarian dina resépsi Konférénsi Pamongpraja sa-Indonésia nu dihadiran ogé ku Presiden Sukarno (1947).[1]

Dina waktu éta anjeunna nyiptakeun a.l. tari "Dewi" (1946), "Anjasmara" I jeung II (1946), "Puragabaya" (1947), "Kendit Birayung" (1947), "Dewi Sérang" (1948) jeung "Sulintang" (1948). Sanggeus balik deui ka Bandung dina pangungsian, (1948), Cécé nuluykeun gawé barengna jeung Tb. O. Martakusuma jeung R. Barnas nu ngabentuk Badan Kasenian Indonésia (BKI). Ogé ngajar nari bari ngajieun tatarian anu anyar, nu utamana jang di pentaskeun ku wanoja., a.I. "Komala Gilang Kusumah" (1949),"Ratu Graéni" (1949), "Topéng Koncaran" (1950), "Srigati" (1950), "Golék Purwokertoan" (1952), "Sekar Putri" (1952-1954), "Merak" (1955), "Golék Rinéka" (1957), "Nusantara" (1958), "Anjasmara" III (1958), "Sekar Arum" (1958), jeung "Renggarini" (1958).[1]

Dina nyiptakeun tari, Cécé salianti gawé bareng jeung Martakusuma nu méré saran ngeunaan raksukan tarina, ogé meunang gawé bareng ti Kayat salaku panata gending jeung R. Barnas Prawiradiningrat nu mantuan mikirkeun pola léngkah dina tarian rampak.[1] Sanggeus BKI bubar, Cécé ngadegkeun paguyuban "Rinenggasari" (1958-1965). Tari "Renggarini" disampurnakeun jeung ngaranna jadi "Kandagan" (1960). Salianti éta, anjeunna nyiptakeun tari "Pancasari (1961), "Srenggana" (1961), "Panji Nayadirana" (1962). Ciptaana nu terakhir nyaéta "Patih Ronggana" (1963), Kabehannana aya 44 tari nu diciptakeun ku Cécé.[1] Penari Sunda nu kakoncara lolobana pernah diajar ka Cécé, a.I. Enoh Atmadibrata, Irawati Durban, Indrawati Lukman, R. Ahmad Basah (Achmad Basah), R, Nani Suwarni (Soewarni), Ani Satriyah, Tb. Atét, R. Sulimah, R. Maktal, R. Déddi Jamhur Tanuatmaja (Djamhur Tanuatmadja), R.Dida Hasanuddin, R. Tien Sri Kartini, Kustilah (Koestilah), Hérlina, jeung Imas Sonianingsih.[1] Kusabab pangaresepna kana tari, Cécé teu betah gawé di kantor.[1] Anjeuna pernah gawé di kantor Kacamatan Purwakarta, Kantor Kehutanan Purwakarta, jadi Mantri Polisi jeung gawé di perusahaan swasta.[1] Ngan di kantor Jawatan Kebudayaan Jawa Barat manéhna betah digawé (1950-1963), kusabab anjeunna kapapancénan jang neuleuman widang nu dipikaresepna : seni tari. Pangajén kanggo jasa-jasana dina widang seni tari, Cécé meunang Piagam Wijayakusumah ti Presiden Sukarno (1961).[1]

Daftar Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa ab ac ad ae Rosidi, Ajip, 1938-; Pustaka Jaya (Firm) (2000). Ensiklopedi Sunda : alam, manusia, dan budaya, termasuk budaya Cirebon dan Betawi (Cet. 1 ed.). [Jakarta]: Pustaka Jaya. ISBN 979-419-259-7. OCLC 45463431.