Cépot

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, paluruh
Cépot atawa Astrajingga, anak cikal Semar Badranaya ti lembur Tumaritis.

Si Cépot mangrupa hiji tangtungan wayang nu pinuh ku 'seléra humor' jeung kiwari geus jadi 'ikon / icon' dina pagelaran wayang golék. Malah nepi ka aya nu nyebut, "Lain urang Sunda kasebutna ari teu apal ka Si Cépot mah". Sanyongcolang kumaha si Cépot téh nepi ka jadi 'icon' pawayangan di tatar Sunda?

Si Cépot, atawa nu dina pawayangan mah dibéré ngaran Astrajingga, mangrupa salah sahiji inohong nu aya dina pawayangan, khususna mah dina seni wayang golék. Manéhna mibanda beungeut nu warnana beureum jeung huntu handapna nu gedé tur nonjol ka luhur. Warna beungeut nu beureum téh di'tafsir'keun ku kitab pawayangan mangrupa gambaran tina pasipatan nu goréng. Si Cépot ieu boga ciri ku sok resep ngabodor, mangrupa anak ka hiji tina tilu sadudulur ti pasangan Semar Badranaya jeung Sutiragén. Tapi nu saenyana mah Si Cépot téh mangrupa anak angkatna Sanghyang Ismaya (semar) nu diciptakeun tina bayangannana sorangan pikeun maturan Semar nalika dipiwarangan ku Sanghyang Tunggal pikeun ngabdi ka Trah Witaradya (Ksatria). Ari adi adina nyaéta Dawala nu irungna panjang jeung Garéng nu irungna buleud.

Ngaran Astrajingga sorangan asalna tina dua kecap, nyaéta sastra nu artina tulisan jeung jingga nu artina beureum nu ngalambangkeun kalakuan goréng téa. Jadi Astrajingga mangrupa kalangkang tina pasipatan kalakuan nu goréng, samisal rapotna boga angka beureum. Ngan mahiwalna, sanajan Si Cépot pikakeuheuleun jeung loba pamolah, ayana diri manéhna dina unggal pagelaran pawayangan teu weléh diarep arep. ku sabab lucu pamolahna Si Cépot dumasar kana pikukuh, norma, jeung papagon hirup, nu matak ngabodorna téh bisa katarima ku kabéh golongan. Heureuhna gé sok ngeunaan hirup sapopoé. Manéhna boga watek satia satuhu, ka mana waé bapana indit teu weléh nunutur. Leuwih ti éta manéhna satia satuhu ka nagarana, nu dibuktikeun / ditémbongkeun ku kawani ngalawan buta héjo, wadia balad Kurawa, nalika mélaan nagarana.

ku sabab watekna nu resep heureuy, loba nu mikaresep ka inohong nu hiji ieu, nu ngajadikeun Si Cépot jadi kakoncara ka mana mana. Mun geus datang heureuyna manéhna mah tara tumpa tumpa. Nyanghareupan sasaha gé sok kaluar heureuyna, boh nyanghareupan Sinatria nu Maha Sakti, boh nyanghareupan Raja, malah nepi ka nyanghareupan Déwa ti langit waé gé ngan heureuy wé pamolahna téh. Ngan di satukangeun heureuyna téh sok diselapan ku piwuruk, papatah, jeung pituahna. Teu jarang manéhna méré kritikan ka pamaréntah. Paripolah tur ucapannana téh sok pirajeunan umajak pikeun urang paheuyeuk heuyek leungeun paantay antay tangan, umajak satia satuhu, umajak cangéhgar, jeung umajak béla kana bebeneran. Kumatak kitu, Dalang biasa maénkeun Si Cépot pikeun nepikeun peupeujeuh, samisal kiritik ka pamaréntah, atawa nepikeun pituah ku cara sindir sampir nu nyamuni dina sajeroning heureuyna, améh bisa katarima ku sararéa.

Si Cépot, Bapana, reujeung adi adina dina pawayangan kaasup golongan Panakawan, nyaéta golongan nu ngabdi jeung boga tugas méré piwejang atawa méré pituah wijak ka para Pandawa. Dina hiji pagelaran Wayang Golék, Panakawan ieu biasana sok dipintonkeun di tengah tengah carita pawayangan nu keur diguar, nya maksudna mah méh nu nongton tiasa rinéh jeung bisa gumujeng, teu anteb teuing.

Kadang Si Cépot sok kabandungan maturan para sinatria, utamana mah Arjuna jeung Madukara. Milu makalangan lir sinatria, gagamannana di paling diandelkeun ku manéhna mangrupa pakarang Bedog. Memang mahiwal inohong wayang nu hiji ieu, loba perkawis nu hadé dipikaconto ti manéhna. Aya peupeujeuh di satukangeun tangtungan manéhna, yén Si Cépot mangrupa gambaran ti rakyat jalata nu lantip, satia satuhu, beuki heureuy, ogé wani dina lebah mélaan bebeneran.