DENIS
DENIS nyaéta bank anu diwangun di zaman Walanda anu mimiti ngagunakeun sistem hipotek di kota Bandung.[1] DENIS ogé baheula nyayogikeun sagala rupi jasa asuransi salian ti jasa perbankan.[2] DENIS nyaéta singkatan ti N.V (Naamloze Venootshap) De Eerste Nederlandsch-Indische Spaarkas, mun diterjemahkeun nyaeta PT. Bank Tabungan Hindia Belanda Kahiji. Salah sahiji anu ngadirikeun bank DENIS nyaéta Ru Bosscha, pengusaha kebon teh anu dipihormat ku wargi kota Bandung.[3]
Rancangan gedong
[édit | édit sumber]Arsiték wangunan ieu nyaéta A.F. Aalbers jeung Rijk de Wall. Aalbers ngadamel rancangan jeung ngawangun gedong dina taun 1935. Nu matak jantén ciri khas wangunan rancanganana nyaéta aya pola garis-garis panjang anu ngalingker dina gedongnya, istilahna nyaéta steamline art-deco.[4] Anu nempatkeun batu pertamana nyaéta MEJ WBAN Googland dina kaping 26 Juni 1936.[5]
Aya menara di gedong DENIS pikeun ngibarkeun bandéra 'Beureum-Bodas-Biru' atanapi bandéra Walanda. Nepi ka mimiti Oktober taun 1945, bandéra masih aya keneh nu matak jantén insiden kusabab masih aya keneh pangaruh ti Walanda.[5]
Karuksakan Bandéra Walanda
[édit | édit sumber]Tilu sasih saangeus kamerdekaan Indonésia, aya insiden pengibaran bandéra, aktor utamana nyaéta tentara Walanda jeung sekutuna Inggris.[6] Perkawis éta téh jantén mimiti ti runtuyan perjuangan révolusioér pemuda pribumi saméméh kajadian Bandung Lautan Api dina 24 Maret 1946. Bandéra Walanda disobek ku Endang Karmas jeung Mulyono anu bagian biruna jantén sarupa jeung bandéra nagara urang.[7] Kawasan Jalan Asia Afrika dijadikeun markas utama Inggris dina wilayah Jawa Barat, kaasup serdadu di Nepal, Gurkha. Hotel Savoy Homann anu jarakna puluhan meter ti gedung DENIS dijadikeun markas nu Pasukan Gurkha. Pasukan éta mawa senjata nu hadé, Aya dua pemuda nu ngaranna Endang Karmas jeung Mulyono. Aranjeunna téh wani pisan nyanghareupan pasukan Gurkha.[6] Untungna, Karmas jeung Mulyono salamet.[5]
Sajarah
[édit | édit sumber]Dina taun 1930-an, Pamaréntah Kolonial Walanda dilanda masalah kauangan kusabab basa éta keur Perang Dunia kadua. Ku kituna, DENIS janten piandel keur biaya ngawangun kota Bandung.[2]
Dina taun 1950-an, ada sababaraha bagian ti gedong ieu nu dipaké ku perusahaan-perusahaan sapertos rumah bola Vogelpool, toko kamera Braga-Fotohuis, kantor agénsi perjalanan Eastern Travel Bureau (ETB) anu ngurus wisata nepi ka Pulau Sumatera jeung Maluku.[7]
Dina taun 1960-an, Pamaréntah Indonesia ngambil alih gedong ieu. Teras gedong DENIS difungsikeun pikeun kantor Bank Pembangunan Daerah Jawa Barat. Ayeuna dirobah ngaran gedongna janten Bank Jabar Banten anu diresmikeun kaping 20 Mei 1961.[8] Saméméh ieu, ngaran gedongnya nyaéta Bank Jabar.[1]
Dina taun 1997, pakumpulan Bandung Heritage ngadirikeun hiji monumen dina hareupeun gedong. Monumen ieu kaasup salah sahiji ti sapuluh monumen anu sarupa salaku pangéling pikeun wargi Bandung dumasar kana runtuyan kajadian Bandung Lautan Api.[9]
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ a b Hutagalung, Ridwan; Nugraha, Taufanny (2008). Braga Jantung Parijs van Java. Bandung: Ka Bandung. p. 79. ISBN 978-979-18671-1-5.
- ↑ a b Kunto, Haryoto (1984). Wajah Bandoeng Tempo Doeloe. Bandung: PT Granesia. p. 380.
- ↑ Maulana, Adi Ginanjar. "Mengenal Gedung Denis yang Mirip Savoy Homman". https://www.ayobandung.com/baheula/pr-79646297/mengenal-gedung-denis-yang-mirip-savoy-homman. Diakses pada 11 November 2023
- ↑ Hutagalung, Ridwan; Nugraha, Taufanny (2008). Braga Jantung Parijs van Java. Bandung: Ka Bandung. p. 80. ISBN 978-979-18671-1-5.
- ↑ a b c Zuraya, Nidia. "Kisah Heroik dari Gedung NV Denis Bank". https://ekonomi.republika.co.id/berita/oq2yfn383/kisah-heroik-dari-gedung-nv-denis-bank. Diakses pada 11 November 2023
- ↑ a b Liputan6.com. "Mengenal Sejarah Perjuangan Kemerdekaan di Gedung bank bjb". liputan6.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2023-12-02.
- ↑ a b Hutagalung, Ridwan; Nugraha, Taufanny (2008). Bandung Parijs van Java. Bandung: Ka Bandung. p. 81. ISBN 978-979-18671-1-5.
- ↑ ZB, Ramdan. "Gedung DENIS, Sejarah Besar Warga Kota Bandung Masa Penjajahan". https://www.zonabandung.com/ragam/pr-1204119322/gedung-denis-sejarah-besar-warga-kota-bandung-masa-penjajahan. Diakses pada 11 November 2023
- ↑ Hutagalung, Ridwan; Nugraha, Taufanny (2008). Braga Parijs van Java. Bandung: Ka Bandung. p. 81. ISBN 978-979-18671-1-5.