Lompat ke isi

Daptar istilah pakarang sato

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
  1. Badak boga pakarang = cula
  2. Bagong boga pakarang = sihung
  3. Bangbara boga pakarang = panyeureud
  4. Banténg boga pakarang = tanduk
  5. Buhaya boga pakarang = buntut (seuseukeutan)
  6. Embé/domba boga pakarang = tanduk
  7. Gajah boga pakarang = gading & tulalé
  8. Hayam jago boga pakarang = siih
  9. Kalajengking boga pakarang = panyeureud
  10. Kamarang boga pakarang = panyeureud
  11. Kapiting boga pakarang = panyapit
  12. Landak boga pakarang = cucuk (bulu)
  13. Lélé boga pakarang = pamatil
  14. Maung boga pakarang = kuku & sihung
  15. Munding boga pakarang = tanduk
  16. Nyiruan boga pakarang = panyeureud
  17. Oray boga pakarang = sihung (peurahan)
  18. Sapi boga pakarang = tanduk
  19. Singa boga pakarang = kuku & sihung
  20. Tawon/tiwuan boga pakarang = panyeureud
  21. Ucing boga pakarang = kuku
  22. Uncal boga pakarang = tanduk

Daptar Pustaka

[édit | édit sumber]

Hadi, Ahmad, spk. 2013. Peperenian: Kandaga, Unak-anik, Tutungkusan jeung Rusiah basa Sunda (Édisi Révisi). Bandung: CV Geger Sunten.