Lompat ke isi

Galaksi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
NGC 4414, galaksi spiral tipikal dina konstélasi Coma Berenices, diaméterna kurang leuwih 56,000 taun cahaya sarta jarakna kurang leuwih 60 yuta taun cahaya.

Galaksi nyaéta hiji sistem nu kabeungkeut ku gravitasi nu kacida gedéna, diwangun ku perbéntangan, gas jeung kekebul antarbéntang, plasma, sarta (meureun) bahan poék anu teu katingali (unseen dark matter).[1] Galaksi umumna ngandung sapuluh juta nepi ka samiliar ($10^7$ nepi ka $10^{12}$) béntang, anu sakabéhna ngorbit kana hiji puseur gravitasi anu sarua. Salian ti béntang tunggal jeung média antarbéntang anu ipis, sabagian badag galaksi ogé ngandung réa sistem béntang ganda sarta gugus béntang (star clusters), kitu ogé rupa-rupa jenis nebula. Lolobana galaksi miboga diaméter ti sababaraha rébu nepi ka ratusan rébu taun cahaya, sarta biasana papisah antara hiji jeung nu lianna ku jarak anu jauhna nepi ka jutaan taun cahaya.[2]

Étimologi

[édit | édit sumber]

Kecap galaxy asalna tina istilah basa Yunani pikeun galaksi urang sorangan, nyaéta galaxias (γαλαξίας) atawa kyklos galaktikos anu hartina "lingkaran susu", dumasar kana rupa éta sistem dina langit peuting. Dina Mitologi Yunani, Déwa Zeus neundeun anakna ti saurang awéwé manusa biasa, nyaéta orok Hércules, dina dada Déwi Hera nalika anjeunna nuju kulem, supados éta orok tiasa ngaleueut cisusu déwa sarta janten mahluk abadi. Nalika keur nyusuan, Hera nyaring sarta sadar yén anjeunna nuju nyusuan orok anu teu dipikawanoh: anjeunna tuluy nyuntrungkeun éta orok, nepi ka ciritan cisusuna nyemprot sarta ngabentuk gugusan cahaya di langit peuting.[3]

Nalika para astronom boga spekulasi yén sawatara objék anu saméméhna digolongkeun salaku nebula spiral téh sabenerna mangrupa kumpulan béntang anu kacida legana, hal ieu disebut "téori alam semesta pulo" (island universe theory). Nanging, istilah ieu téh tétéla kurang merenah (misnomer), jalaran istilah alam semesta mah hartina téh ngawengku sagala rupa anu aya. Ku kituna, istilah ieu lila-lila ditinggalkeun, sarta diganti ku istilah galaksi anu dilarapkeun sacara umum pikeun sakabéh éta kumpulan béntang.[4]

Sajarah observasi

[édit | édit sumber]

Ieu pedaran ngeunaan sajarah panalungtikan galaksi urang sorangan sarta galaksi séjénna téh sawaréh badag dicutat tina buku karya James Binney jeung Michael Merrifield anu judulna: Galactic astronomy.[5]

Dina taun 1610, Galileo Galilei ngagunakeun teleskop pikeun nalungtik jalur caang di langit peuting anu katelah Bima Sakti (Milky Way), sarta manggihan yén éta téh tétéla diwangun ku sajumlah badag béntang anu remeng-remeng.[6] Dina hiji risalah taun 1755, Immanuel Kant, dumasar kana karya saméméhna ti Thomas Wright, miboga spékulasi (anu tétéla bener) yén Galaksi téh mangrupa hiji sistem anu muter sarta diwangun ku sajumlah badag béntang, anu kabeungkeut ku gaya gravitasi sarupa jeung tata surya tapi dina skala anu jauh leuwih badag.[7] Piringan béntang anu dihasilkeun bakal katémbong salaku jalur caang di langit tina jihat sawangan urang anu aya di jero éta piringan. Kant ogé nyieun duga-duga yén sawatara nebula anu katémbong di langit peuting téh bisa jadi mangrupa galaksi anu kapisah.

Sketch of the Whirlpool Galaxy by Lord Rosse in 1845

Towards Dina ahir abad ka-18, Charles Messier nyusun hiji katalog anu ngandung 109 nebula anu pangcaangna, anu saterusna dituluykeun ku katalog anu leuwih badag ngawengku lima rébu nebula ku William Herschel. Dina taun 1845, Lord Rosse ngawangun hiji teleskop anyar sarta mampuh ngabédakeun antara nebula elips jeung nebula spiral. Anjeunna ogé hasil ngaidentipikasi sumber titik individu (béntang) dina sawatara ieu nebula, anu nguatkeun duga-duga Kant saméméhna.[8]

Nanging, nebula-nebula éta téh can sapinuhna ditarima salaku galaksi anu kapisah nepi ka tuntasna pasualan ieu ku Edwin Hubble dina awal taun 1920-an ngagunakeun teleskop anyar. Anjeunna mampuh nétélakeun yén bagian luar sawatara nebula spiral téh mangrupa kumpulan béntang individu sarta ngaidentipikasi sawatara Variabel Cepheid, anu ngamungkinkeun anjeunna naksir jarakna: tétéla éta nebula téh jauh pisan sarta lain bagian tina Bima Sakti.[9] Dina taun 1936, Hubble nyusun sistem klasifikasi pikeun galaksi anu masih dipaké nepi ka kiwari, nyaéta Urutan Hubble.[10].

Usaha munggaran pikeun ngajelaskeun rupa Bima Sakti sarta posisi Sol di jerona dilakukeun ku William Herschel dina taun 1785 ku cara ngetang kalayan taliti jumlah béntang di rupa-rupa wewengkon langit. Ngagunakeun pamarekan anu leuwih rapih, Kapteyn dina taun 1920 ngahasilkeun gambaran galaksi nu mangrupa elipsoid leutik (diaméter ~15 kiloparsec) kalayan Sol aya di deukeut puseurna. Métode séjén anu dilakukeun ku Harlow Shapley dumasar kana katalog gugus bal (globular clusters) ngahasilkeun gambaran anu kacida bédana: piringan datar kalayan diaméter ~70 kiloparsec sarta Sol jauh ti puseur galaksi.[11]

Duanana analisis éta téh gagal margi teu merhatikeun nyerepna cahaya ku kekebul antarbéntang anu aya dina widang galaksi. Sanggeus Robert Julius Trumpler hasil ngukur pangaruh ieu dina taun 1930 ku cara nalungtik gugus muka (open clusters), kakara mecenghul gambaran galaksi urang anu ayeuna sakumaha anu parantos dijelaskeun di luhur.[12]emerged.

Dina taun 1944, Hendrik van de Hulst mangkirakeun ayana radiasi gelombang mikro dina panjang gelombang 21 cm, anu dihasilkeun tina gas hidrogén atomik antarbéntang; ieu radiasi kakara bisa ditalungtik dina taun 1951. Ieu radiasi téh kacida ngabantuna pikeun nalungtik Galaksi urang kalayan leuwih jero, jalaran henteu kapangaruhan ku panyerepan kekebul sarta panyimpangan Doppler-na bisa dipaké pikeun méréta gerak gas dina Galaksi. Ieu observasi ngabalukarkeun mecenghulna duga-duga ngeunaan ayana struktur palang (bar) anu muter di puseur Galaksi. Kalayan bantuan téleskop radio anu leuwih canggih, gas hidrogén ogé bisa dipaluruh di galaksi séjén. Dina taun 1970-an, tina panalungtikan Vera Rubin ngeunaan laju rotasi gas dina galaksi, kapanggih yén sakabéh massa anu kaciri (tina béntang jeung gas) tétéla teu saluyu jeung laju muterna gas. Ieu masalah rotasi galaksi téh dianggap bisa dipedar ku ayana sajumlah badag bahan poék (dark matter) anu teu katingali.[13][14].

Ti mimiti taun 1990-an, Teleskop Luar Angkasa Hubble ngahasilkeun observasi anu jauh leuwih hadé. Di antarana, Hubble hasil mastikeun yén bahan poék anu leungit dina galaksi urang téh tétéla lain ngan saukur diwangun ku béntang-béntang leutik anu remeng-remeng. Hubble Deep Field, hiji paparan cahaya anu kacida lilana dina bagian langit anu kaciri kosong, méré bukti yén aya kira-kira saratus tujuh puluh lima miliar galaksi di alam semesta.[15] Kamajuan téknologi dina néwak spéktrum anu teu kaciri ku mata manusa (téleskop radio, kaméra infra-beureum, téleskop sinar-X), ngamungkinkeun dipaluruhna galaksi-galaksi séjén anu teu kaciri ku Hubble. Utamana, survéy galaksi dina zona pamiceunan (zone of avoidance, nyaéta wewengkon langit anu kahalangan ku Bima Sakti) parantos némbongkeun sajumlah galaksi anyar.[16].

Rupa-rupa galaksi

[édit | édit sumber]
 Artikel utama: Klasifikasi galaksi.
Rupa-rupa galaxi

Galaksi sacara umum kabagi kana tilu jenis utama: elips, spiral, sarta teu miboga aturan (irregular). Pedaran anu leuwih jangkep ngeunaan rupa-rupa galaksi dumasar kana wangunna dijébréngkeun dina Urutan Hubble. Jalaran Urutan Hubble mah sagemblengna dumasar kana rupa fisik (morfologi), ieu klasifikasi téh bisa jadi teu némbongkeun sawatara ciri penting séjénna, sapertos laju pembentukan béntang (dina Galaksi starburst) atanapi aktivitas dina puseur galaksi (dina Galaksi aktif).[17][18].

Galaksi urang sorangan, Bima Sakti, anu sakapeung mah ngan saukur disebut Galaksi (ngagunakeun aksara badag), mangrupa hiji galaksi spiral miboga palang anu bentukna siga piringan badag, diaméterna kira-kira 30 kiloparsec atawa saratus rébu taun cahaya, sarta kandelna tilu rébu taun cahaya. Ieu galaksi ngandung kira-kira $3 \times 10^{11}$ (tilu ratus miliar) béntang sarta miboga total massa kira-kira $6 \times 10^{11}$ (genep ratus miliar) kali lipat tina massa Sol.[19]

Dina galaksi spiral, leungeun-leungeun spiralna miboga wangun anu ampir sarua jeung spiral logaritmik, hiji pola anu sacara téori mangrupa hasil tina ayana gangguan dina massa béntang anu muter sacara sagemblengna. Siga béntang-béntangna, leungeun spiral ogé muter ngurilingan puseur galaksi, nanging muterna téh kalayan laju sudut (angular velocity) anu tetep. Hal ieu hartina béntang-béntang téh bisa asup jeung kaluar tina éta leungeun spiral. Leungeun spiral dianggap salaku wewengkon anu miboga kapadetan luhur atawa disebut gelombang kapadetan (density waves). Nalika béntang-béntang asup ka jero hiji leungeun spiral, gerakna jadi laun, sahingga nyieun kapadetan anu leuwih luhur; hal ieu sarupa jeung "gelombang" kamacétan dina jalan tol anu pinuh ku mobil. Éta leungeun spiral téh katémbong pisan margi kapadetan anu luhur ngagampangkeun pembentukan béntang, sahingga di dinya loba béntang-béntang ngora anu kacida caangna.[20]

Sanajan galaksi elips jeung spiral anu badag téh katémbongna dominan, sabagian badag galaksi di alam semesta tétéla mangrupa galaksi kerdil. Ieu galaksi-galaksi leutik téh ukuranana kira-kira saratus kali leuwih leutik batan Bima Sakti, sarta ngan ngandung sababaraha miliar béntang. Réa galaksi kerdil anu ngorbit ka hiji galaksi anu leuwih badag; Bima Sakti sorangan miboga sahenteuna dua belas galaksi satelit saperti kitu. Galaksi kerdil ogé bisa digolongkeun salaku elips, spiral, atawa teu miboga aturan (irregular). Jalaran galaksi kerdil elips miboga rupa anu rada béda jeung galaksi elips badag, maranéhna mindeng disebut ogé salaku galaksi sferoidal kerdil (dwarf spheroidal galaxies).[21]

Galaksi aktif

[édit | édit sumber]
 Artikel utama: Nukleus galaksi aktif.

Sabagian galaksi anu tiasa ditalungtik ku urang téh digolongkeun salaku galaksi aktif. Hartina, sabagian badag énergi anu dikaluarkeun ku éta galaksi téh asalna tina sumber séjén, lain tina béntang, kekebul, atawa média antarbéntang. Modél standar pikeun nukleus galaksi aktif kawas kieu téh dumasar kana énergi anu dihasilkeun tina ayana matéri anu ragrag kana liang hideung supermasif di wewengkon puseurna.[22]


Galaksi anu ngaluarkeun radiasi énergi luhur dina wangun sinar-X digolongkeun salaku Galaksi Seyfert, kuasar, sarta blazar. Galaksi aktif anu ngaluarkeun frékuénsi radio tina jét rélativistik anu muncrat tina puseurna digolongkeun salaku Galaksi radio. Hiji modél hasil ngahijikeun (unified model) tina rupa-rupa galaksi aktif ieu ngécéskeun yén bédana téh sabenerna mah ngan saukur dumasar kana jihat sawangan (sudut pandang) urang anu niténanana.[23]

Struktur skala gedé

[édit | édit sumber]

Kacida saeutikna galaksi anu hirup nyalira; galaksi kawas kitu téh katelah salaku galaksi lapangan (field galaxies). Kalolobaan galaksi mah kabeungkeut ku gaya gravitasi ka sajumlah galaksi séjénna. Struktur anu ngandung nepi ka 50 galaksi disebut kelompok galaksi (groups of galaxies), sarta struktur anu leuwih badag anu ngandung mangrébu-rébu galaksi dina wewengkon anu legana sababaraha megaparsec disebut gugus galaksi (clusters). Gugus galaksi mindeng didominasi ku hiji galaksi elips raksasa tunggal, anu lila-kalila sacara gravitasi ngancurkeun galaksi-galaksi satelitna sarta nambahan massa éta galaksi kana dirina sorangan. Supergugus (superclusters) mangrupa kumpulan raksasa anu ngandung puluhan rébu galaksi, anu aya dina wangun gugus, kelompok, atawa sakapeung mah nyalira; dina skala supergugus, galaksi-galaksi téh disusun janten lambaran sarta filamén anu ngurilingan lowongan (voids) kosong anu kacida legana. Di luhureun skala ieu, alam semesta téh katémbong isotropik sarta homogén.[24]

Galaksi urang téh mangrupa anggota tina Kelompok Lokal, anu didominasi ku Bima Sakti babarengan jeung Galaksi Andromeda; sacara gembleng, Kelompok Lokal téh ngandung kira-kira tilu puluh galaksi dina rohangan anu legana kira-kira hiji megaparsec. Kelompok Lokal ieu mangrupa bagian tina Supergugus Virgo, anu didominasi ku Gugus Virgo (anu mana galaksi urang mah lain mangrupa anggotana).[25]

Formasi jeung évolusi galaksi

[édit | édit sumber]
 Artikel utama: Formasi jeung évolusi galaksi.

Panalungtikan ngeunaan formasi jeung évolusi galaksi téh mangrupa usaha pikeun ngajawab patarosan ngeunaan kumaha galaksi kawangun sarta kumaha jalanna évolusi éta galaksi sapanjang sajarah alam semesta. Sababaraha tiori dina widang ieu ayeuna parantos ditarima sacara lega ku para ahli, nanging ieu widang téh masih kénéh janten widang panalungtikan anu kacida aktifna dina dunya astrofisika.

Formasi

[édit | édit sumber]

Prosés kawangunna galaksi mangrupa salasahiji patarosan utama dina widang astronomi. Tiori-tiori anu aya bisa dibagi kana dua kategori: top-down (ti luhur ka handap) jeung bottom-up (ti handap ka luhur). Dina tiori top-down, saperti modél Eggen–Lynden-Bell–Sandage (ELS), protogalaksi kawangun tina runtuhna matéri skala badag sacara babarengan anu lilana kira-kira saratus juta taun.[26] Dina tiori bottom-up, saperti modél Searle-Zinn (SZ), gugus bal (globular clusters) kawangun ti heula, saterusna sajumlah objék ieu ngahiji (akresi) pikeun ngawangun galaksi anu leuwih badag. Tiori modéren ayeuna kudu diropéa pikeun ngasupkeun pangaruh tina ayana halo bahan poék anu kacida badagna. Ieu di handap mangrupa gambaran ringkes ngeunaan modél formasi galaksi:

Teu lila sanggeus mangsa rékombinasi, matéri baryon mimiti ngumpul sarta mengket di sabudeureun halo bahan poék anu tiis. Béntang-béntang halo anu miboga laju luhur sarta enol kandungan logam (disebut Béntang Populasi III) mangrupa béntang anu pangheulana kawangun nalika protogalaksi mimiti mengker. Ieu béntang-béntang raksasa téh gancang pisan jadi supernova, anu saterusna ngaleupaskeun unsur-unsur beurat ka média antarbéntang. Dina jero samiliar taun saterusna, gugus bal, liang hideung supermasif di puseur galaksi, sarta puseur galaksi (bulge) anu diwangun ku Béntang Populasi II nu miskin logam mimiti kawangun. Dina waktu dua miliar taun, sésa matéri séjénna mimiti matuh sarta ngabentuk piringan galaksi. Galaksi bakal terus nyerep matéri anu asup tina awan laju luhur sarta galaksi kerdil sapanjang hirupna; siklus lahir jeung paéhna béntang bakal nambahan jumlah unsur beurat, anu tungtungna ngamungkinkeun kawangunna planét.

Gambar:Pr3 400galaxypix.jpg
Galaxy Abell 1835 IR1916 is seen as a tiny dot in this photo of distant galaxies. Image courtesy of ESO.

Galaksi pangkolotna anu kungsi kapanggih nepi ka ayeuna, nyaéta IOK-1, dipaluruh dina Séptémber 2006 ku Masanori Iye ti Observatorium Astronomi Nasional Jepang ngagunakeun Téleskop Subaru di Hawaii. Pancaran radiasi Lyman-alpha ti ieu galaksi miboga géséran beureum (redshift) 6,96, anu hartina umurna geus tilu belas miliar taun. Sanajan sawatara élmuwan kungsi ngaklaim ayana objék séjén (saperti Abell 1835 IR1916) anu dianggap leuwih kolot, umur jeung komposisi IOK-1 mah geus bisa dibuktikeun kalayan leuwih kapercaya.[27]

Ayana protogalaksi anu kacida kolotna kieu méré gambaran yén éta galaksi téh pastina tumuwuh dina mangsa anu disebut "Zaman Kadalapan" (Dark Ages, saméméh generasi béntang munggaran aya) tina kateupapakan anisotropi anu aya dina éra rékombinasi, kira-kira tilu ratus rébu taun sanggeus Big Bang. Kateupapakan dina skala anu merenah kieu hasil ditalungtik ngagunakeun Wilkinson Microwave Anisotropy Probe (WMAP) dina taun 2003.

Bukti séjén pikeun modél formasi galaksi ieu asalna tina kapanggihna Béntang Populasi III anu kacida kunona. Béntang raksasa, HE0107-5240, anu kapanggih dina taun 2002 ku para panalungtik di Universitas Hamburg, dipercaya salaku béntang pangkolotna anu kungsi dipaluruh di Bima Sakti, jalaran béda jeung béntang anu leuwih ngora, ieu béntang téh bener-bener beresih tina kandungan logam (metal-free). Sanggeus éta, béntang-béntang séjén anu sarua kolotna (saperti HE 1327) ogé parantos hasil dipaluruh.

Évolusi

[édit | édit sumber]

Sajumlah panalungtikan némbongkeun yén Galaksi Bima Sakti nuju usik ngadeukeutan Galaksi Andromeda kalayan laju kira-kira 130 km/s, sarta dumasar kana gerak gurat sisi (lateral), duanana bisa waé tabrakan dina jangka waktu lima nepi ka genep miliar taun ka hareup. Tabrakan galaksi saperti kitu téh mangrupa hal anu lumrah lumangsung. Jalaran jarak antar béntang anu kacida jauhna, sabagian badag sistem béntang dina galaksi anu tabrakan moal loba kapangaruhan. Nanging, tarikan gravitasi kana gas antarbéntang sarta kekebul anu ngabentuk leungeun spiral bakal ngahasilkeun untuyan béntang anu panjang, sarupa jeung anu katémbong dina NGC 250 atawa Galaksi Anténa.

Sanajan Bima Sakti tacan kungsi tabrakan jeung galaksi anu sagedé Andromeda, bukti-bukti ngeunaan tabrakan Bima Sakti jeung galaksi kerdil anu leuwih leutik di mangsa katukang téh beuki loba kapanggih.

Galaksi spiral, saperti Bima Sakti, ngan bisa ngahasilkeun generasi béntang anyar salila maranéhna miboga awan molekul hidrogén antarbéntang anu padet dina leungeun spiralna. Galaksi elips mah tétéla geus teu miboga ieu gas, sahingga teu bisa deui ngabentuk béntang anyar. Nanging, pasokan bahan pikeun ngabentuk béntang téh aya watesna; nalika béntang-béntang ngarobah hidrogén jadi unsur anu leuwih beurat, mangka jumlah béntang anu kawangun bakal beuki saeutik.

Saatos lekasanana mangsa pembentukan béntang dina waktu kurang ti saratus miliar taun, "zaman béntang" bakal bérés dina waktu sakitar sapuluh triliun nepi ka saratus triliun taun ($10^{13}$–$10^{14}$ taun), nalika béntang pangleutikna anu umurna pangpanjangna, nyaéta katai beureum, mimiti pareum. Dina tungtung zaman béntang, galaksi-galaksi ngan bakal diwangun ku objék kompak: katai cokelat, katai hideung, katai bodas anu mendingan, béntang neutron, sarta liang hideung. Ahirna, balukar tina rélaksasi gravitasi, sakabéh béntang bakal ragrag kana liang hideung supermasif di puseur galaksi, atawa dialungkeun ka jero rohangan antargalaksi anu kacida jerona balukar tina tabrakan-tabrakan.

Biologi galaktik

[édit | édit sumber]
 Artikel utama: Kahirupan di saluareun bumi.

Biologi sakumaha anu dipikanyaho ku urang ayeuna, dianggap ngan bisa aya di sabudeureun béntang tipe-G generasi katilu anu aya di wewengkon tengah leungeun spiral galaksi spiral, saperti Panonpoé. Galaksi elips, anu dihasilkeun tina loba pisan tabrakan galaksi, gancang pisan kaleungitan awan gas hidrogén antarbéntangna, sahingga teu bisa deui ngabentuk generasi béntang anyar. Galaksi teu miboga aturan miboga saeutik pisan béntang kolot, sahingga katingalna miboga konséntrasi unsur beurat anu saeutik, padahal éta unsur téh kacida diperlukeunana pikeun biologi kawas di Bumi. Malah di jero galaksi spiral ogé, biologi téh sigana diwatesanan ngan di wewengkon tengah leungeun spiral hungkul; jalaran dina sferoid galaksi (halo) atawa bagian luar leungeun spiral mah unsur beurat téh kacida saeutikna. Sabalikna, dina awan gas di sabudeureun puseur galaksi, konséntrasi unsur beuratna luhur teuing, sarta interaksi antarbéntang mindeng teuing kajadian, sahingga hésé pikeun planét sagedé Bumi kawangun dina orbit bunder anu stabil di sabudeureun béntangna.[28]

Tempo ogé

[édit | édit sumber]

Référénsi

[édit | édit sumber]
  1. "Galaxy". Encyclopædia Britannica. 
  2. "Galaxy". Encyclopædia Britannica. 
  3. Waller, W.H. (2013). The Milky Way: An Insider's Guide. Princeton University Press. ISBN 9780691122243.
  4. "The Island Universe Theory". American Institute of Physics. Diaksés tanggal 2026-05-04.
  5. James Binney and Michael Merrifield: Galactic astronomy, Princeton University Press, 1998
  6. Galilei, Galileo (1610). Sidereus Nuncius (The Sidereal Messenger). University of Chicago Press (1989 translation).
  7. Kant, Immanuel (1755). Allgemeine Naturgeschichte und Theorie des Himmels (General Natural History and Theory of the Heavens).
  8. "William Parsons, Lord Rosse". Students for the Exploration and Development of Space. Diaksés tanggal 2026-05-04.[tumbu nonaktif]
  9. Hubble, E. P. (1929). "A relation between distance and radial velocity among extra-galactic nebulae". Proceedings of the National Academy of Sciences. 15 (3): 168–173.
  10. Hubble, E. P. (1936). The Realm of the Nebulae. Yale University Press.
  11. Shapley, H. (1919). "Studies based on the colors and magnitudes in stellar clusters. Twelfth paper: Remarks on the arrangement of the sidereal system". Astrophysical Journal. 49: 311–336.
  12. Trumpler, R. J. (1930). "Absorption of Light in the Galactic System". Publications of the Astronomical Society of the Pacific. 42 (248): 214–227.
  13. Rubin, V. C.; Ford, W. K. J. (1970). "Rotation of the Andromeda Nebula from a Spectroscopic Survey of Emission Regions". Astrophysical Journal. 159: 379.
  14. "Vera Rubin and Dark Matter". American Physical Society. Diaksés tanggal 2026-05-05.
  15. "Hubble's Deepest View of the Universe Unveils Bewildering Galaxies across Billions of Years". Space Telescope Science Institute. Diaksés tanggal 2026-05-05.
  16. Kraan-Korteweg, R. C.; Lahav, O. (1998). "The Universe behind the Milky Way". Scientific American. 279 (4): 50–57.
  17. Hubble, E. P. (1936). The Realm of the Nebulae. Yale University Press.
  18. "Galaxies". NASA Goddard Space Flight Center. Diaksés tanggal 2026-05-05.
  19. "The Milky Way Galaxy". NASA Science. Diaksés tanggal 2026-05-05.[tumbu nonaktif]
  20. "Spiral Structure". Cornell University. Diaksés tanggal 2026-05-05.[tumbu nonaktif]
  21. "Types of Galaxies". NASA Goddard Space Flight Center. Diaksés tanggal 2026-05-05.[tumbu nonaktif]
  22. "Active Galaxies". NASA Goddard Space Flight Center. Diaksés tanggal 2026-05-05.
  23. Urry, C. M.; Padovani, P. (1995). "Unified Schemes for Radio-Loud Active Galactic Nuclei". Publications of the Astronomical Society of the Pacific. 107: 803.
  24. "Galaxy Groups and Clusters". NASA Goddard Space Flight Center. Diaksés tanggal 2026-05-05.[tumbu nonaktif]
  25. "Galaxies". NASA Science. Diaksés tanggal 2026-05-05.
  26. Eggen, O. J.; Lynden-Bell, D.; Sandage, A. R. Evidence from the motions of old stars that the Galaxy collapsed. Astrophysical Journal, vol. 136, p. 748, 1962
  27. McMahon, R. (2006). Journey to the birth of the Universe. NATURE: vol. 443, issue of September 14, 2006.
  28. Lineweaver, C. H.; Fenner, Y.; Gibson, B. K. (2004). "The Galactic Habitable Zone and the Age of Distribution of Complex Life in the Milky Way". Science. 303 (5654): 59–62.
  • Terence Dickinson: The Universe and Beyond (Fourth Edition), Firefly Books Ltd. 2004, 2004

Tumbu luar

[édit | édit sumber]