Gambyong

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Gambyong Paréanom

Gambyong nyaéta salah sahiji ngaran sarta wangun ibing anu asalna ti Jawa bagéan tengah hususna di Surakarta.[1] Numutkeun tradisi lisan, kecap gambyong asalna tina hiji dukun awéwé anu ngarana Nyi Lurah Gambyong anu ngubaran pasiéna ngaliwatan ngibing.[2]

Sajarah[édit | édit sumber]

Tari Gambyong ngawitan dipaké dina Serat Centhini anu ditulis abad XVVIII.[1] Tapi disawang yén Gambyong mangrupa hasil ngamekarkeun tina ibing tledhek atawa tayub.[1] Ieu anu ngalantarankeun yén Gambyong mangrupa ibing anu gumelar di masarakat awam.[1] Sabab tayub atawa tledhek mangrupa eunteung tina kabudayaan masarakat handap.[1] Ibing tayub sorangan, dina Serat Sastramirada disebutkeun geus dipikawanoh mimiti di karajaan jeung gala (abad ka XII), sedengkeun ibing Tledhek dipikawanoh mangsa Demak (abad XV), anu mangsa harita disebut tledhek mengamen.[1] Dipintonkeun kalawan rebana jeung kendang sastra sarta dimimitian ku vocal.[1] Istilah Gambyong dicokot ti ngaran pangibing tledhek anu ngaranna Gambyong.[1] Gambyong ieu hirup dina mangsa susuhunan Paku Buwana IV di Surakarta (1788-1820).[1]

Prosés Dipikawanoh[édit | édit sumber]

Ibing Gambyong mimiti mekar di mangsa susuhunan Paku Buwana IX (1861-1893) kalawan jasa K.R.M.T. Wreksadiningrat.[1] Ibing ieu diwanohkeun ka masarakat jeung diibingkeun ku hiji Waranggana (pasindén) Nyi Ajeng Gambyong.[1] Sabab geus pindah ka struktur masarakat bangsawan, ibing ieu ngalaman modifikasi anu ngabédakeun jeung wangunna nu mimiti.[1] Gerak ibing ieu anu awalna kasar, leuwih di atur deui. Prosés ieu dilantarankeun munculna Gambyong anyar nyaéta Gambyong Paréanom anu diciptakeun ku Ny. Bei Montoraras taun 1950. Ti dinya, Gambyong ngalaman parobahan anu drastis ti mimiti susunan, pirigan, rias jeung busana.[1] Iwal wangunna nu robah, fungsina ogé robah.[1] Dina mangsa transformasi jadi Paréanom ieu, Gambyong anu mimitina dihususkeun pikeun hiburan, fungsina robah jadi ibing nyambut tamu.[1] Gambyong dipintonkeun di Mangkunegaran mangsa Jepang pikeun nyambut tangtara Jepang anu datang ka Mangkunegara.[1]

Dina kamekaran saterusna, ibing Gambyong mampuh jadi tungtung jamparing pikeun gumelarna ibing Gambyong nu séjéna, anu dikonstruksikeun ku panyarungsum ibing nu béda.[1] Saperti Gambyong Pangkur ku Soemardjo Hardjoprasanto di taun 1962, Gambyong Gambirsawit ku S. Ngaliman taun 1970, jeung Gambyong Pancerana di taun 1981.[1] Iwal gerak jeung fungsina, kamekaran ibing Gambyong ogé aya tina rutinitas masarakat pikeun mintonkeun ibing Gambyong dina kagiatan boh hajat, syukuran, bubuka, peresmian, atawa kagiatan lomba jeung féstival.[1] Kamekaran ieu ditempo tina lobana pangibing anu sakapeung Gambyong dipintonkeun kalawan massal.[1]

Ciri Ibing Gambyong[édit | édit sumber]

Sarua saperti ibing séjén, Gambyong ogé boga ciri-ciri husus anu ngabédakeun jeung ibing anu séjéna saperti anu baris ditataan ieu di handap:[1]

  1. Bagéan awak (dada) dijieun sangkan muka nepi ka sakapeung bobogaana rada ditaékeun sangkan katempo montok ku sebutan glathik mungup (lekuk bobogaana katempo siga manuk gelatik anu nongtot).[1] Kamekaran busana Gambyong nu rupa-rupa mangsa ayeuna leuwih katempo dekoratif sarta teu merhatikeun saluyuna jeung ibing.[1] Tapi bakal leuwih éstétis lamun dibawakeun ku pangibing anu boga dasar kuat.[1]
  2. Ditampilkeun ku jumlah pangibing tunggal atawa leuwih.[2]
  3. Pangibing mangrupa awéwé.[2]
  4. Sinjang anu dipaké kudu dilipet nepi ka katempo lamun leumpang atawa gerak, lipetan éta bakal nutup sarta katempo hirup.[1]
  5. Aksésoris sirah kudu maké sanggul atawa gelung sangkan nembongkeun budaya Jawa.[1]
  6. Gending anu dipaké nyaéta gending ageng boh aya pasindén atawa henteu.[1]

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j k l m n o p q r s t u v w x y z aa Widiastutieningrum, Sri Rochana.2004.Sejarah Tari Gambyong.Surakarta:Citra Etnika Surakarta
  2. a b c BP, P. Sidik Nugraha.2013.Pengetahuan Seni Tari.Yogyakarta:Kemendikbud