Rebana

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Luncat ka: pituduh, sungsi
Terebana

Rebana nyaéta waditra tepak, pungsina minangka ritme anu sipatna atonal. Asal kecapna tina kecap Arbana/Arbaa anu hartina opat[1]. Rebana atawa anu biasa disebut terebang ieu téh mangrupa waditra anu asup kana pintonan: genjring, gemyung, rudat, tagoni, qosidah, jsté[2].

Istilah[édit | édit sumber]

Rebana kahiji disebut rebana opat, rebana kadua disebut rebana lima, rebana katilu disebut rebana genep. Sebutan-sebutan ieu ngagabung dina wanda pintonan ketimpring[1]. Rebana opat biasa disebut bawa, sabab ieu rebana miboga pungsi pikeun mawakeun intro lagu. Rebana lima sok disebut nyikut, sabab rebana ieu miboga pungsi pikeun nyikut garapan rebana opat[1]. Rebana genep disebut nyeling sabab pungsina pikeun nyelingan sora antara rebana opat jeung rebana lima[1].

Bahan jeung rancang wangun[édit | édit sumber]

Waditra terebang dijieun tina bahan kai, biasana ngagunakeun kai sawo jeung kananga[1]. Sedengkeun kulit anu digunakeun nyaéta kulit embé jeung kelenci[1]i. Bahan panglengkep séjénna nyaéta cét, rotan, paku jeung ranté. Bentukna buleud, diwangun tina sababaraha bagéan:

  1. Raray, nyaéta bidang hareup anu ditutup kulit;
  2. Taktak, nyaéta widang gigir anu katutup kulit jeung dipaku sakurilingna;
  3. Awak, nyaéta bagian awak waditra;
  4. Lambé atawa lalambé, nyaéta bagian handap waditra[1].

Ajén-ajén[édit | édit sumber]

  1. Rebana opat, mangrupa lambang anu nunjukkeun yén ngan aya opat prinsip dasar dina ajaran agama Islam anu patali jeung tanggung jawab katut kawajiban manusa, nyaéta kawajiban ka Allah S.W.T, lingkungan, ka sasama manusa, jeung diri sorangan;
  2. Rebana lima, mangrupa lambang anu nunjukkeun yén rukun Islam aya lima;
  3. Rebana genep, nyaéta simbul tina rukun iman nu genep[1].

Cara Maén jeung Bentuk pintonan[édit | édit sumber]

Ieu waditra dimaénkeun ku cara ditepak ku dampal leungeun katuhu, sedengkeun leungeun kénca nyekel terebang. Bagian waditra anu ditepak nyaéta bagian rarayna anu dijieun tina kulit pikeun ngahasilkeun sora[1][2]. Waditra terebang biasana digunakeun pikeun mirig lagu-lagu wanda Islami kalayan lirik-lirik anu eusina ngagungkeun kaagungaan Pangéran[1]. Wanda-wanda pintonan terebang diantarana: terebang beluk nu aya di Kadupandak, Kabupatén Cianjur, terebang gedé di Banten[2].

Rujukan[édit | édit sumber]

  1. a b c d e f g h i j Kubarsah. R, Ubun.1994.Waditra : mengenal alat-alat kesenian daerah Jawa Barat.Bandung:Beringin Sakti
  2. a b c Rosidi, Ajip, Spk.2000.Énsiklopédi Sunda: Alam, manusia, dan budaya termasuk Budaya Cirebon dan Betawi.Jakarta:Pustaka Jaya.
Nulis.jpg