Lompat ke isi

Istana Merdéka

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Istana Merdéka, Jakarta

Istana Merdéka nyaéta istana nagara nu bisa jadi tempat kediaman resmi Présiden Républik Indonésia.[1]

Sajarah

[édit | édit sumber]

Istana Merdéka mimiti diadegkeun taun 1873 nalika pameréntahan Gubernur Jendral Louden jeung rengsé taun 1879 nalika pamaréntahan Gubernur Jendral Johan Willem van Landsbarge.[2] Luas wangunan ieu kira-kira 2.400 méter persegi, ku arsiték Drossares.[2] Mimiti pameréntahan Républik Indonésia, istana ieu jadi saksi sajarah penandatanganan naskah pangakuan kadaulatan Républik Indonésia Serikat ku Pamaréntah Belanda tanggal 27 Desember 1949.[2] Républik Indonésia Serikat diwakilan ku Sri Sultan Hamengkubuwono IX, sedengkeun Karajaan Belanda diwakilan ku A.H.J Lovink, Wakil Tinggi Mahkota di Indonésia.[2] Sanggeus panandatanganan naskah kadaulatan Républik Indonésia Serikat, bendera merah putih dikibarkeun ngagantikeun bendera Belanda, dibarengan ku dinyanyikeunna lagu Indonésia Raya jeung sora Merdeka ku bangsa Indonésia.[2] Saprak harita ngaran Istana Gambir diganti jadi Istana Merdéka.[2]


Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. Istana Archived 2011-11-22 di Wayback Machine (Diakses tanggal 4 Desember 2011)
  2. 1 2 3 4 5 6 Sajarah Archived 2011-11-27 di Wayback Machine (Diakses tanggal 4 Desember 2011)