Jumper
Pidangan

Jumper dina hiji komputer sabenerna nyaéta konéktor (panyambung) sirkuit éléktrik anu digunakeun kanggo nyambungkeun atawa misahkeun hubungan dina salah sahiji sirkuit. Jumper ogé digunakeun kanggo migawe setting atawa parobahan dina papan éléktrik saperti motherboard komputer.[1] Waktu dina ayeuna migawe panyettingan ku jumper atos mimiti ngurangan anu ngagunakeunna.[1] Sabab, sakabéh fungsi setting waktu ayeuna atos ngagunaken auto setting, sahingga ngababarikeun pamaké atawa parakit komputer kanggo henteu réa ngagunakeun jumper.[1] Jumper dina komputer biasana digunakeun dina motherboard, harddisk jeung optical disk, ogé dina sababaraha VGA card nu tangtu. [1]