Katem
Katem téh singgetan tina kawih jeung tembang. Kawih nyaéta rakitan basa sabangsa dangding nu teu maké patokan pupuh [1].
Sajarah
[édit | édit sumber]R. Mahjar Angga Koesoemahdinata, nyieun sesebutan séjén, nyaéta sekar irama merdika pikeun tembang jeung sekar tandak keur kawih. Disebut “merdika” duméh lagu-lagu dina tembang teu kauger ku aturan wiletan. Boh dina tembang boh dina kawih, kamekaran basana loba dideudeul ku para sastrawan. Ku kituna, loba rumpaka anu miboga ajén-inajén nu kalintang alus. Upama tembang dideudeulna tos ti béh ditu mula, dina kawih mah kakara karasa nguniangna téh dina tengah taun lima puluhan. Kilang kitu, aya sababaraha juru sanggi anu boh dina nyanggina boh dina nyieun rumpakana ogé alus, saperti Mang Koko, Apung S. Wiratmadja, O.K. Yaman (Barmara), jrrd.[2]
Nurutkeun pamadegan Nano. S, kawih ngagunakeun irama anu tandak (ajeg), sedeng tembang sasarina ngagunakeun irama anu bébas (irama merdika) [3]
Katem mangrupa bagian tina kasenian daérah, anu bisa ngajembaran kabudayaan nasional. Maluruh rumpaka katem beunang Nano S, didadasaran ku éndahna éta rumpaka sarta eusi éta lagu téh euyeub pisan ku rupa-rupa amanat sarta maksud nu nyamuni pikeun kahirupan, kayaning asih, moral, sosial, jeung agama. Ieu kasenian ogé upama teu dipulasara ku masarakat, hususna urang Sunda, pasti lila-lila mah bakal tumpur, sabab kilangbara ngaprésiasi, miboga rasa cinta tur resep ogé henteu.
Katem mangrupa hiji karya nu bisa dirasakeun boh pikeun hiburanana boh pikeun mangpaatna, dina ieu hal nyaéta ajén atikan. Pola pikir jalma ogé salah sahijina bisa diseukeutan ngaliwatan daya aprésiasi hiji hal, nu dimaksud di dieu nyaéta katem. Ku kituna upama hiji jalma miboga daya aprésiasi kana hiji hal, tangtu maluruh eusi atawa maksud hiji karya bakal leuwih gampang tur katingal pamaksudanana.
Nepikeun ka ayeuna aya hal nu mangrupa dikotomi, utamana ti lingkungan tembang Sunda anu ngarasa yén manéhna téh pangalusna, pangheulana, sarta pangbuhunna. Upama urang ningal kana cutatan sajarah, témbong pisan yén tembang kakara datang atawa dipikawanoh ti mimiti abad ka-17, kira-kira taun 19-an. Sedengkeun dina Sanghyang Siksakanda (ng) Karesian anu ditulis dina taun 1518 M, disebutkeun aya rupa-rupa kawih anu jumlahna 14. Ngan nepi ka ayeuna teu apal kumaha kawihna téh tapi ngan apal ngaran kawihna wungkul di antarana Porod Eurih, Bongbong Kaso, Péngpélédan, Kawih Panjang, Kawih Tangtung, Kawih Igel-igelan, Kawih Sisindiran, jrrd. Jadi upama kitu mah, di urang téh heula kénéh kawih batan tembang katambah mekarna tembang Sunda deukeut-deukeut kana ahir abad ka-20.
Nano S salaku nu nyipta katem, boga pamadegan yén seni Sunda kawih mangrupa hal anu sacara idéntitas jauh leuwih ti heula batan tembang. Datangna seni tembang asalna ti Mataram, sanggeus urang diéréh ku Mataram di mana pangagung urang leuwih loba sumujud kana tatapakanana. Anu di antarana nyaéta undak-usuk basa Sunda sarta datangna pupuh, boh dina wangun puisi boh dina wangun lagu. Dina wangun puisi mah langsung ditarima ku urang, ieu hal katingal tina aturan guru lagu jeung guru wilangan anu digunakeun.
Bedana Tembang Sunda jeung Tembang Jawa
[édit | édit sumber]Dina seni tembang mah antara tembang di Jawa jeung tembang di Sunda béda. Tina sababaraha hal di luhur Nano S ngarasa yén sacara data, di Sunda kawih leuwih ti heula batan tembang. Dina kamekaran seni tembang Sunda ayeuna, geuning upama ngukur kana aturan anu “umum” yén kawih nyaéta lagu anu kauger ku wiletan (matra), di jerona aya aturan goong anu dipirig ku catrik sarta patokanana 16 ketukan anu saterusna ragrag goong.
Dina tembang mah henteu kauger, anu matak disebutna ogé irama merdika, tapi lain hartina euweuh ketukan, da dina tembang mah mangrupa rasa, ngan écés henteu kauger. Misalna dina samatra aya 4 ketukan anu dina tembang mah teu bisa diukur saperti kitu. Dina kamekaran tembang ayeuna, naon anu disebut kelompok tembang téh nyaéta antara gaya tembang irama merdika jeung kawih anu kaiket geuningan panambihna mah lagu kawih. Nu matak Nano S hayang ngahijikeun wangun kawih jeung tembang, di antarana supaya ulah aya dikotomi.
Tembang ceuk Raden Mahyar
[édit | édit sumber]Nurutkeun Radén Mahyar Anggakusumahdinata nétélakeun yén tembang téh dibagi dua, nyatana, kahiji, tembang buhun, anu leuwih rancag, contona lagu-lagu pupuh rancag. Kadua, Tembang kaayeunakeun, anu nyokot tina lagu-lagu gamelan sarta nyokot tina kawih-kawih pantun jeung tembang rancag [4]. Miang tina éta pamadegan, bisa jadi hiji pituduh yén tembang Cianjuran aya lolongkrang pikeun dimekarkeun. Jadi, seni cianjuran mémang klasik, tapi dinamis, dina harti bisa dimekarkeun luyu jeung kamekaran jaman. Komo deui lamun ngalenyepan salah sahiji ungkapan Ki Sunda, Ngindung ka waktu, Mibapa ka jaman, tangtu baé hartina nuduhkeun yén umumna seni budaya Sunda téh dinamis [5]. Ku kituna upama dihubungkeun jeung katem anu kaasup tembang kaayeunakeun, ieu hal geus ngaleungitkeun sabangsa papantunan, jejemplangan, rarancagan, jsb. Katem mah teu miheulakeun wanda, hal-hal séjénna Nano S hayang nyiptakeun kréativitas tina ciri tembang anu klasik dinamis, di mana masih kénéh méré lolongkrang sarta garapan anu boga konséptual. Jadi waktu Nano S nyieun sajak bébas (lagu katem), dina éta lagu téh bener-bener diperhatikeun sarta diolah jadi komposisi lagu anu boga wanda anyar dina karawitan Sunda.
Ciri has Katem
[édit | édit sumber]Ngeunaan patalékan naha bet disebut katem anu mangrupa wancahan tina kawih jeung tembang, Nano S hayang leuwih bébas dina nyieun komposisi laguna, boh irama merdika heula boh tandak heula anu saterusna henteu kudu aya salah sahiji ugeran pupuh. Contona dina lagu “Dalem Kaum” anu mangrupa wangun pupuh Kinanti, dina tembang mah cukup lagu Kinanti upamana Jemplang Titi anu dina unggal pada téh kudu sarua. Dina Katem mah hayang leupas, ku sabab jiwa rumpaka mimiti jeung saterusna béda anu geus disanggi deui, teu cara dina tembang. Lian ti éta Nano S boga panginditan hayang béda ti nu séjén, katambah pangarang lagu mah boga kabébasan pikeun nyiptakeun karya naon waé, kaasup ngaranna (judul).
Upama urang ngabandungan tembang, contona Papatet, dina waktu lagu panambihna “Dareuda” di dinya karasa euweuhna kasinambungan, salah sahijina dina wangun eusi sabab ari panambih mah mangrupa lagu kawih anu gunana pikeun ngantebkeun suasana jeung wirahma. Contona: tina lagu tembang anu sasarina mélankolis, upama aya panambihna mah suasana téh bisa jadi hégar gumantung kana lagu anu dibawakeunana. Dina panambih mah upama ditingal sacara rumpaka taya ugeranana, tapi nu écés mah lagu panambih téh parondok. Sedengkeun pikeun wirahmana nyaéta ngantebkeun anu tadina bébas (irama merdika) jadi ajeg (tandak), saterusna upama tembang teu ditungtungan ku panambih sok aya paribasa ”ka Mekah teu ka Madinah”. Keur Nano S mah, nyieun hiji carita dina lagu téh di jerona hayang aya kontékstual atawa hubungan, utamana dina téma.
Jadi dina katem mah antara lagu tembang jeung lagu panambih anu disebutna kawih téh aya hubungan émosionalna, boh dina jiwa lagu boh dina rumpaka sarta nempatkeun laguna bisa tembang heula anu saterusna kawih ogé bisa kawih heula anu saterusna tembang. Béh dituna Nano S nganalisis sababaraha faktor sacara subjéktif salah sahijina nyaéta tempat, ciri tembang nu ayeuna téh umumna klasik dinamis anu hartina bisa mekar, utamana keur garapan kréasi anyar. Nano S ngahartikeun yén ciri tembang di batur (Jawa) anu klasik teu bisa dirobah kudu kitu pandéna, tapi di urang mah (Sunda) henteu. Tina éta ciri, dina tembang anu boga ciri klasik dinamis sabenerna méré lolongkrang pikeun nyieun kréasi anyar, da ti baheula ogé tembang mah loba nu diropéa atawa diraéh deui. Contona tina pupuh Dangdanggula anu diraéh deui jadi lagu séjén.
Alesan Dipilihna Ngaran Katem
[édit | édit sumber]Saméméh Nano S méré ngaran kana katem, aya sababaraha masukan anu méré ilham kana karyana di antarana: Dina méré judul lagu mangrupa hiji hal anu panghéséna, ku sabab aya sababaraha sarat saperti kudu leuwih singget, alus, sarta komunikatif. Waktu méré judul katem, Nano S ku anjeun ngarasa anéh ngadéngéna.
Kungsi rék méré judul kawih panjang, ku alesan dua hal nyaéta dina naskah Sanghyang Siksa Kandang Karesian aya data “Kawih Panjang”, da upama méré ngaran tembang mah ampir rata-rata panjang. “Kawih Panjang” ampir sarua boh istilah boh wangunanana jeung tembang. Upama dingaranan temka (tembang kawih), asa teu ngeunah kadéngéna sarta tembang biasa mah moal disebut temka ku sabab upama geus nembang kakara lagu panambih nu mangrupa kawih.
Ngajujut tina sajarah, béh dituna teu ngaleuleungit ka sepuh nyaéta, Abu Hj. Siti Armilah (suargi), anjeunna nyebutkeun aya pasindén anu banget halimpu sorana ngaranna téh Warnasari, padahal ngaran anu sabenerna mah Nyi Katem. Tina éta hal Nano S ngalenyepan, yén meureun Warnasari téh upama dihubungkeun jeung katem mah, mangrupa warna anu anyar sarta nyari.
Sabenerna ti taun 1974 Nano S geus nyieun sarupa katem di antarana dina nyanggi naskah gending karesmén karya Wahyu Wibisana Deugdeug Pati Jaya Perang. Di dinya lain baé nyieun kawih tapi kaasup tembang sarta dina taun 1978 nyanggi naskah gending karesmén karya RAF anu judulna téh Hiji Syawal di Alam Kubur.***