Lompat ke isi

Kelana Topéng

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Tabél Idéntifikasi Topéng Kelana

Kelana nyaéta salah sahiji karakter ti topéng lima watek di kasenian topéng Cirebon.[1] Sunan Gunung Jati disebut-sebut salaku tungtung jamparing anu ngamekarkeun deui topéng jeung kasenian topéng anu geus aya dimasarakat.[2]

Asal Topéng Kelana

[édit | édit sumber]

Teu bisa dipastikeun iraha titik mimiti ayana pintonan topéng.[3] Tapi lamun dipatalikeun jeung ayana hikayat Panji, bisa disawang yén ayana topéng karakter saméméh 500 M.[3] Ayana kasenian topéng di Cirebon teu leupas tina pangaruh kakawasaan Jawa jeung Islam.[3] Sunan Gunung Jati salaku wali sarta raja di wewengkon Cirebon daék teu daék kudu narima kanyataan yén kasenian topéng geus sumebar di rahayatna.[3] Ku kituna, ku alpukah Sunan Gunung Jati kasenian topéng diréka ulang.[3] Dijieun , diganti, ditambahan kalawan ngasupkeun ajaran Islam dina kasenian topéng.[3] Sanajan masih aya rupa sababaraha agama anu asup dina topéng ieu.[3] Kalawan dasar carita Panji, Sunan Gunung Jati ngawujudkeun sababaraha wanda. salah sahijina topéng Kelana.[3]

Karakteristik Topéng Kelana

[édit | édit sumber]

Tina lima topéng karakter, bisa disebut yén topéng Kelana mangrupa topéng anu kaayaanna deukeut pisan kana kahirupan manusa. Karakteristikna baris di tataan saperti ieu di handap:[2]

Skema arah ruang karakter Topéng Cirebon
  1. Karakterna pinuh ku dinamika jeung hasrat jasmani-duniawi
  2. Nyimbolkeun nafsu nu kapegung dina jero awak manusa
  3. Némbongkeun kagagahan
  4. Sipatna kasar
  5. Pinuh ku rasa angkara murka, sarakah jeung zalim
  6. Ditilik tina aspek posisi, Kelana aya di beulah kidul nu nyimbolkeun negatif, goréng jeung jahat.[2]

Ciri jeung Unsur Rupa Topéng Kelana

[édit | édit sumber]

Ciri sarta unsur dina topéng Kelana bisa dipasing-pasing ku 5 rupa. nyaéta warna, panon, biwir & huntu, irung sarta ornamén di tarang topéng.[2]

  1. Ornamén dina topéng Kelana, wanguna beulah ketupat jeung aya bentuk saperti makuta warna emas.[2]
  2. Warna, mangrupa unsur dékoratif nu ngawakilan sipat jeung watek.[2] Warna anu deukeut ka poék bisa disebut mibanda sipat negatif jeung jahat.[2] Topéng Kelana boga warna beureum dadu/kelang.[2] Lamun diruntuy, warna topéng dina topéng Cirebon nyaéta: Panji-Bodas, Pamindo-Bodas, Rumyang-Beureum Kayas, Patih-Beureum, jeung Kelana-Beureum Dadu/kelang.[2]
  3. Biwir jeung huntu, Topéng Kelana boga ciri huntu anu kabuka sarta huntu anu gedé.[2]
  4. Panon, beuki gedé jeung kabuka panona nembongkeun yén jasmanina geus kakawasaan ku nafsu jasmani-duniawi.[2]
  5. Irung nu mancung rada naek nyimbolkeun yén kasombongan geus ngawasaan haténa.[2]
  6. Lamun ditempo tina ornamén anu dipakéna, Kelana diibaratkeun ku manusa anu loba kahayangna sarta teu éra pikeun nembongkeun harta bandana.[2]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. Soepandi, Atik,; dkk.1994.Ragam Cipta.Bandung: Cv. Sampurna.
  2. a b c d e f g h i j k l m Rosidi, Ajip. 2008. Kujang, Bedog dan Topeng. Pusat Studi Sunda:2008
  3. a b c d e f g h Gaos, Girihardja. Rd. 1978. Tari Topeng. ASTI:Bandung