Ki beling
| Ki beling | |
|---|---|
| Klasifikasi ilmiah | |
| Karajaan: | |
| (unranked): | |
| (unranked): | |
| (unranked): | |
| Ordo: | |
| Kulawarga: | |
| Génus: | |
| Spésiés: | S. crispa |
| Ngaran binomial | |
| Strobilanthes crispa Blume | |
Ki beling (Strobilanthes crispus BL; basa Indonésia: Kecibeling) nyaéta salah sahiji tutuwuhan tina kulawarga Acanthacéae.[1] Dina basa Indonésia, tutuwuhan ieu disebut keji beling, sedengkeun dina basa melayu dipikawanoh salaku pecah batu atawa batu jin.[1]
Morfologi
[édit | édit sumber]Tutuwuhan semak ieu miboga jangkung 0,5 nepi ka 1 m. Batang bubukuan, wangun buleud, nyabang, miboga rambut nu kasar, jeung warna héjo.[2] Cabang nu keuna kana taneuh bakal kaluar akar antukna bisa dipisahkeun tina indungna.[2] Daun tunggal, miboga tangkai pendék, jeung pahareup-hareup.[2] Lambaran daun lansét panjang atawa hampir jorong, sisina rérégéan, tungtungna nyungcung, pangkalna nyungcung, kaduan luar daun kasar, wangun daun nyirip, panjang 9–18 cm, lébar 3–8 cm jeung warna héjo.[2] Kembang majemuk, ngumpul dina bulir nu padet.[2]
Tumuwuh
[édit | édit sumber]Kibeling tumuwuh liar di leuweung, sisi wahangan, gawir-gawir, jeung sok dipelak salaku tutuwuhan pager di buruan atawa taman.[2] Tutuwuhan ieu aya di madagaskar nepi ka Indonésia, nu tumuwuh di 50 m nepi ka 1.200 m dpl.[2]
Referensi
[édit | édit sumber]| Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |