Komara

Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Loncat ke navigasi Loncat ke pencarian
Ambox warning pn.svg Artikel ieu perlu dirapihkeun sangkan luyu jeung baku artikel Wikipédia.
Ngarapihkeun artikel bisa mangrupa ngabagi artikel kana paragraf atawa ngawikifikasi artikel.
Sanggeus dirapihkeun, Anjeun bisa ngahapus ieu talatah.

Komara téh nyaéta pangaruh hadé anu sawadina ngancik dina diri unggal jalma anu mibanda kalungguhan salaku pamingpin hiji organisasi. Ti mimiti pamingpin dina rohang lingkup leutiksaperti kepala kulawarga, tuluy pamingpin nagara, tepi ka pamingpin umat anu ilaharna sok disebut imam dina prakna ngajalankeun pungsina perlu mibanda wibawa atawa komara téa. Tapi dina kanyataanana tetela hayang ngamilik éta komara téh henteu sagampang ngucapkeunana, lantaran geuning wibawa mah lain hal anu bisa dibeuli, jeung lain hal anu bisa dipaluruh ditéangan di tempat nu tangtu. Ku lantaran bangga dina meunangkeunana, loba jalma pangpangna anu gilahormat satekah polah ihtiar ngagunakeun rupa-rupa cara sangkan komara ngancik dina dirina. Aya nu ngandelkeun harta bandana, da ceuk pangrasana komara bakal napel dina pribadi anu buncir leuit loba duit, atawa anu bur beureum bur hideung, hurung nangtung siang leunpang. Aya anu ngahaja ngukut sipat langsung saur bahe carek, da ceuk pikirna wibawa bakal kacekel ku jalma anu gede ambek. Aya ogé jalma anu boga anggapan yén komara teh geus ngancik dina dirina ti baheula mula sacara turun tumurun, da angkeuhanana komara mah milik kulawarga menak, anu geus puguh turunan indung lembu bapa banteng téa. Atuh versi pupuhu partey pulitik jeung juru kampanyeu ngeunaan wibawa téh séjén deui. Ceuk maranehna mah hiji jalma bakal komaraan lamun éta jalma teh ahli dina pidato, orator ulung, capetang medar visi jeung misi parteyna, sarta pertentang nepikeun jangji-jangji mulukna. Cindekna pinter mikat massa. Leuwih jauhna, boa bisa disebutkeun leuwih bahayana, komara téh sok ditaréangan ngaliwatan hal-hal anu bau-bau mistik. Hal éta kabuktian ku ayana rupa-rupa elmu dina widang permistikan anu di antaran aya nu disebut elmu Mahabah jeung elmu Panakluk. Ku jalan méré “infak” ratusan rebu rupia ka nu mibanda eta elmu, cenah pribadi anu “meulina” bakal robah, nu teu boga pamor naon-naon robah jadi pribadi anu kharismatik. Aya deui elmu anu disebut Sinar Langit. Ieu mah hasiatna cenah ningkatkeun kawani jeung daya kharisma, sarta nu muhitna matak dipikaresep dina pergaulan. Ari ma’na wibawa versi rahayat leutik nu kumaha? Nu jelas, nurutkeun kaum somah mah timbulna komara téh asana teu kudu ti jalma anu jegud, teu kudu ti jalma turunan menak, lain ti jalma anu galak deuih, oge lain ti jalma-jalma anu mibanda rupa-rupa jimat. Pamingpin anu komaraan ceuk rahayat leutik mah nyaéta pamingpin anu jujur jeung masagi, anu boga sipat leuleus jeujeur liat tali, jalma anu budi parangina soméah jeung handap asor, sarta hadé gogog hadé tagog, ogé landung kandungan lar aisan, tur upama boga pamadegan téh henteu unggut kalinduan gedag kaanginan. Paingan kiwari hese néangan figur anu picontoeun atuh da geuning saratna ogé mani ngabéréndel kitu. Ana kitu mah geus jelas yen wibawa téh teu bisa dijieun- jieun, teu bisa direkayasa, jeung teu kudu ditaréangan. Asal ahlak hiji pamingpin pikayungyuneun, tangtu nu ngaranna komara ka dirina bakal nuturkeun. Horeng hormatna rahayat ka pamaréntah, anak buah ka dunungan, murid ka guru, anak ka nu jadi kolotna téh teu kudu dipenta teu kudu diparentah, bakal harideng sorangan sabada maranehna nyaraksian figur- figur nu payus dijadikeun tuladan. nyaéta mandegna téh dina lebah saratna. Sagala gé sok leuwih gampang tiorina batan praktékna. Da hese atuh hayang jadi jalma jujur teh. Lain pagawéan memeh mumuluk deuih hayang jadi jalma masagi teh. Tungtungna mah asa mending kénéh jadi rayat we nya, ceuk nu seunggah memeh prak, samaruk manéhna mah teu kagolongkeun jalma nu boga jabatan, marukan lain pamingpin. Padahal kapan kangaranan manusa mah kabéh gé moal leupas tina tanggung jawab salaku pamingpin, copelna pamingpin keur dirina sorangan, teu jadi pamingpin hiji organisasi ge. Jadi, pikeun nanjeurkeun komarana kira-kira wibawa versi nu mana anu baris dipilih tur dilaksanakeun ku parapamingpin urang teh? Dina hal éta mah urang salaku rahayat teu bisa maksa, kumaha aranjeunna bade milih versi nu mana, da di nagara urang mah geus jadi tradisi rahayat kudu bisa ngayunkeun kapalay pamingpin teh, lain sabalikna. euweuh dina kamusna pamingpin urang kedah kersa ngayunkeun kahayang rayat mah.

Sumber Rujukan[édit | édit sumber]

http://pustakapakujajar.com/