Konférénsi Meja Bundar
Konférénsi Meja Bundar (KMB) nyaéta konférénsi nu jadi tonggak diplomasi Indonesia leupas ti jajahan Walanda. Konférénsi ieu digelar di Den Haag, Walanda, kaping 23 Agustus - 2 Nopémber 1949.
Tujuan diayakeun KMB nyaéta ngajelentréhkeun masalah antara Indonesia jeung Walanda utamana nu nyangkut panyerahan kakawasaan jeung pangakuan kadaulatan politik pamaréntah Walanda ka Indonesia. Kusabab, dina mangsa 1942, Walanda nyerahkeun diri ka Jepang, nu matak Indonesia pindah kana kakawasaan Jepang. Saatos Jepang éléh ku Sekutu di Perang Dunya II di tahun 1945 teras Indonesia ngumandangkeun Proklamasi, Walanda ngaraos manéhna tiasa nyerang jeug ngawasaan Indonesia deui. Kajadian ieu nu dingaranan Agrési Militér Walanda I jeung Agrési Militér Walanda II.
Kasang Tukang
[édit | édit sumber]Sateuacan KMB, Indonesia jeung Walanda atos ngusahakeun kamerdékaan liwat sajumlah konpérénsi saliana. Misalna Pajangjian Roem-Royen (1949), Pajangjian Linggarjati (1948)[1] nu dilanggar ku Walanda liwat Agrési Militér II, sareng Panjangjian Renville (1946)[2] nu dilanggar ku Walanda liwat Agrési Militér I. Agresi Walanda ahirna beunang kecaman ti dunya internasional jeung Pasarikatan Bangsa-Bangsa.[3]
Konférénsi Meja Bundar nu diayakeun di Den Haag nyaéta salah sahiji tindak lanjut tina hasil Pangjanjian Roem-Royen.
Saacan Konférénsi Meja Bundar dimulé, Indonesia rundingan heula sareng BFO (Bijeenkomst voor Federaal Overleg) kaping 19-22 Juli 1949 di Yogyakarta, jeung 31 Juli-3 Agustus di Jakarta. Pertemuan Inter-Indonesia ieu ngahasilkeun bentuk nagara nu anyar, nyaéta Republik Indonesia Serikat (RIS)
Aya tilu perwakilan nu ngahadiran KMB:
1. Delegasi nu dipingpin ku Moh.Hatta, di mana anggotana nyaéta:
- Moh Roem
- Soepomo
- Leimena
- Ali Sastroamidjojo
- Juanda
- Sukiman
- Suyono Hadinoto
- Sumitro Djojohadikusumo
- Abdul Karim Pringgodigdo
- TB Simatupang
- Sumardi
2. BFO (Bijeenkomst voor Federaal Overleg)[4]
Nu diwakilan ku Sultan Hamid II ti Pontianak (bentukan Walanda)
3. Pihak Walanda
Diwakilan ku Van Maarseven, Willem Dress, J.A Sassen.
Eusi Konférénsi Meja Bundar
[édit | édit sumber]2 Nopémber 1949, Konférénsi Meja Bundar ngahasilkeun sajumlah kasapukan, nyaéta:
- Kerajaan Walanda nyerahkeun sapinuhna kadaulatan Indonesia tanpa sarat jeung teu bisa dicabut. Lantaran kitu, Walanda ngaaku Republik Indonesia Serikat minangka nagara nu merdéka jeung berdaulat.
- Republik Indonesia Serikat narimakeun kadaulatan tina dasar katangtuan-katangtuan dina konstitusi. Rancangan konstitusi tos réngsé dimaklumkeun ka Kerajaan Walanda.
- Kadaulatan bakal diserahkeun paling lambat kaping 30 Desember 1949.
Hasil jeung Dampak Konférénsi Meja Bundar
[édit | édit sumber]Kusabab nu dihasilkeun dina Konférénsi Meja Bundar, Indonesia jadi gaduh kakawasaan atawa wewengkon nu luhur nagara sorangan.
Dibentuk pamaréntahan sementara di mana Ir.Soekarno jadi presiden Republik Indonesia Serikat (RIS), sedangkeun Drs. M.Hatta jadi perdana menteri di kabinet Republik Indonesia Serikat. Nu dimaksud Republik Indonesia Serikat nyaéta bentuk pamaréntahan federal nu diwangun ku sajumlah nagara bagian jeung persekutuan sareng Karajaan Walanda.
Pamaréntah Hindia Belanda ménta sarat Republik Indonesia Serikat mayar hutang pamaréntah Walanda sajumlah 4.3 miliar gulden. Pamaréntah Indonesia mayarkeun 4 miliar gulden salila taun 1950-1956 tapi sésana diputuskeun teu dibayar deui.
Samentara eta, masalah Papua Barat nembé dibahas deui di taun 1963 liwat bantuan United Nations Temporary Executive Authority nu diwangun ku Pasarikatan Bangsa-Bangsa (PBB). Tina bantuan ieu ahirna kabentuk Penentuan Pendapat Rakyat atawa PEPERA, nu ngahasilkeun kaputusan Papua Barat asup kana wilayah kadaulatan Republik Indonesia.
Répérénsi
[édit | édit sumber]- ↑ Tim. "Sejarah Perjanjian Linggarjati: Isi dan Hasil Perundingan". nasional (dalam id-ID). Diakses tanggal 2021-08-29.
- ↑ Tim. "Latar Belakang dan Isi Perjanjian Renville". nasional (dalam id-ID). Diakses tanggal 2021-08-29.
- ↑ Prinada, Yuda. "Sejarah Konferensi Meja Bundar (KMB): Latar Belakang, Tokoh, Hasil". tirto.id (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2021-08-29.
- ↑ Media, Kompas Cyber. "BFO: Latar Belakang, Fungsi, Anggota, dan Persidangan Halaman all". KOMPAS.com (dalam Indonesian). Diakses tanggal 2021-08-29.